Sabtu, 19 September 2020

Tarjamah Al-Lahab (Nu Ngentab-ngentab)

 بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ

Kalayan (nyebat) asma-Na Allah Nu Maha Welas, Nu Maha Asih


تَبَّتْ يَدَآ اَبِيْ لَهَبٍ وَّتَبَّۗ

Cilaka leungeun Abu Lahab duanana, kalawan saéstuna cilaka.


مَآ اَغْنٰى عَنْهُ مَالُهٗ وَمَا كَسَبَۗ

Taya mangpaatna pikeun manéhna harta bandana katut naon baé nu diusahakeunna.


سَيَصْلٰى نَارًا ذَاتَ لَهَبٍۙ

Jaga manéhna bakal asup kana seuneu nu ngabebela (nu ngentab-ngentab).


وَّامْرَاَتُهٗ ۗحَمَّالَةَ الْحَطَبِۚ

Pon kitu deui pamajikanana, tukang mawa suluh (tukang nyundut-nyundut kagorengan),


فِيْ جِيْدِهَا حَبْلٌ مِّنْ مَّسَدٍ

anu dina beuheungna meulit tali tina injuk.


Surah Al-Lahab disebat oge Al-Masadd. Al-Lahab hartosna seuneu anu ngabebela atanapi anu ngentab-ngentab. Sedengkeun Al-Masadd hartosna injuk, tali tina tatangkalan anu biasana keur meungkeut. Ieu surah lebet Juz Amma, anu lungsurna di Makkah. Lebet ayat-ayat Makkiyah. Ayat-ayatna pondok jeung gampang diapalkeun. Ieu surah biasana dipake nalika shalat fardhu anu diaos saba'da maca surah Al-Fathihah.

Surah Al-Lahab ngeunaan Abu Lahab jeung pamajikanna. Abu Lahab teh paman Nabi Muhammad Saw. Ngaran asli na Abd Uzza bin Abdul Muthalib. Pamajikanna Ummu Jamil binti Harb binti Umayyah.

Paman jeung bibi ieu anu sok ngahalang-halang Rasulullah Saw nyiarkeun agama Islam di Makkah. Imahna tatangian jeung Nabi. Sanajan asup kulawarga Bani Abdu Manaf jeung Abdul Muthalib, tapi dina urusan agama maranehna henteu iman ka Rasulullah Saw.

Jalaran kalakuan na goreng patut ka Rasulullah Saw, Abu Lahab jeung Ummu Jamil ditangtoskeun asup naraka. Surah Al-Lahab ieu dugi ka maranehna ngaliwatan caritaan urang Islam anu kenging ti Rasulullah Saw. 

Dina kitab Sirah Ibnu Ishaq jeung Sirah Ibnu Hisyam dicarioskeun Ummu Jamil sumping ka tempat Abu Bakar jeung Rasulullah Saw calik. Deureug deug Ummu Jamil nyamperkeun ka Abu Bakar bari mawa batu gede. Manehna nanya, "Abu Bakar, mana sobat maneh? Cenah manehna moyok ka kuring. Mun panggih ditakol eta sungutna ku batu ieu."

Kitu ceuk Ummu Jamil bari teras ngahaleuangkeun syair: Mudzamman, kami moal toat ka maneh//kami mah moal tumut ka parentah maneh//jeung kami ngewa ka agama maneh.

Sanggeus kitu, Ummu Jamil teh indit ti eta tempat. Abu Bakar heran teras nanya ka Rasulullah Saw anu harita aya digigireun, "Naha eta awewe henteu ninggal kitu?" Rasulullah Saw ngawaler, "Heueuh, eta awewe panonna geus ditutup paninggalna ku Allah. Janten henteu ninggal ka kawula."

Dina syairna, Ummu Jamil saking ngewa henteu nyebat nami Muhammad, tapi Mudzamman anu hartosna manusa anu dipika ceuceub. Jalaran laku lampahna goreng patut, paman jeung bibi Nabi Muhammad Saw ieu ditetepkeun ku Allah lebet naraka. 

Kacaritakeun dina kitab Sirah Ibnu Hisyam, Abu Lahab henteu ngiring na perang Badar. Anjeuna ngintun Ashi bin Hisyam bin Mughirah, jalmi anu boga hutang gede jeung henteu tiasa mayar. Bewara eleh perang urang Quraisy di Badar dugi ka Abu Lahab jeung ka Ummu Fadhl (bojona Abbas bin Abdul Muthalib) sareng pembantuna Abu Rafi. Abu Rafi gumbira. Abu Lahab ngambeuk tuluy nyiksa Abu Rafi. Ningali kitu laku, Ummu Fadhl nyampeurkeun ka Abu Lahab bari nakol sirahna make kai dugi ka raheut kaluar getih. Abu Lahab lumpat kusabab era ku lampahna. Tujuh poe ti eta kacaritakeun Abu Lahab paeh jalaran raheut na sirahna tambih gudawang sareng nanahan tur bau.

Ngeunaan maranehna dicatet na Al-Quran surah Al-Lahab. Hayu urang aos surahna kanggo ngelingan urang sadaya supados henteu ka enteupan laku lampah maranehna anu sasar. *** (ahmad sahidin)