Kamis, 17 September 2020

Tarjamah Al-Falaq (Janari)

 بِِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ

Kalayan (nyebat) asma-Na Allah Nu Maha Welas, Nu Maha Asih.


قُلْ أَعُوذُ بِرَبِّ ٱلْفَلَقِ
Ucapkeun: Kami nyalindung ka Gusti nu ngawasa janari,

مِن شَرِّ مَا خَلَقَ
tina kajahatan mahluk-Na,

وَمِن شَرِّ غَاسِقٍ إِذَا وَقَبَ
jeung tina kajahatan peuting mun geus poék mongkléng,

وَمِن شَرِّ ٱلنَّفَّٰثَٰتِ فِى ٱلْعُقَدِ
jeung tina kajahatan awéwé-awéwé tukang tenung nu niup kana embun-embunan,

وَمِن شَرِّ حَاسِدٍ إِذَا حَسَدَ
sarta tina kajahatan jalma nu cua nalika manéhna cua.

 

Al-Falaq hartosna janari. Sami sareng surah Annas (An-Nas) lebet na Juz Amma jeung disebat ayat-ayat Makiyyah; anu dilungsurkeun ka Nabi Muhammad Saw nalika di Makkah. Ieu surah kalebet pondok jeung biasana diapalkeun keur dianggo na shalat wajib (fardhu).

Numutkeun katerangan mah, ieu surah tiasa diangge doa sateuacan kulem. Mangpaatna janten pangjagi tina sagala rupina kajahatan manusia jeung jin. Di antawis mazhab Islam, nyebatkeun surah Al-Falaq kedah diaos sareng surah Annas sabab duanana ngandung doa keur jaga diri tina kajahatan manusa boh dzahir atanapi batin. *** (ahmad sahidin)