Kamis, 24 September 2020

Al-Husain jeung Palagan Karbala dina Hadis Bukhari

 

image

Bulan Muharram taun anu tos kalangkung, dina forum diskusi online aya sawala ngeunaan Islam mazhab Syiah. Aya anggota anu henteu panuju kana mazhab Syiah. Anjeuna mosting sababaraha bagean seratan ngeunaan sasarna Syiah. Diantawis na nyebat Syiah teh ajaran anu dijieun urang Yahudi anu namina Abdullah bin Saba. 

Saatos dipaluruh, carita ngeunaan Abdullah bin Saba ieu sumberna ti Saif bin Umar. Anehna ngan manehna hungkul nyebat Syiah ti Abdullah bin Saba. Ulama (Syiah atanapi Sunni) anu geus kawentar dina hadis sareng tafsir nyebatkeun Saif bin Umar tukang ngawadul. Anu janten patarosan, naha ari jalma anu anti ka Syiah tetep bae nyutat? Jigana teu maca kitab, kitu?

Hese geus dibejaan atawa dijentrekeun oge ari geus poekeun. Anu salah oge pan ari teras-terasan dibewarakeun sarta dicarioskeun turun tumurun mah dianggap na bener bae. Kawas baheula PKI saur Orba mah salah. Terus bae digemborkeun dina Koran sarta talavisi malihan mah dina film ka barubadk sakola. Pan dianggapna bener bae, padahal mah kiwari geus dipaluruh yen eta bagean doktrin Orba. Kitu deui jeung sumber ngenaan Wahabiyah, teras bae ngadoktrin yen anu beda jeung ajaranna sasar. Hese ari hayang bener sorangan mah.

Dina eta grup, hiji anggota ngadugikeun yen sumber Palagan Karbala henteu jelas sareng henteu sohih. Simkuring nyobi naroskeun ka ahlina, nyeta Kang Jalal. Anjeuna midangkeun sumber ti Ahlussunnah dina kitab hadis ngeunaan kajadian Karbala. Ieu kasauranna: 

 
Ieu mah lauk buruk milu mijah we. Estu mung jalmi nu suwung ku panemu suda ku pangabisa. Kumargi kitu bade tumaros wae ka sadayana, kumaha pamadegan salira kana hadis sohih anu diriwayatkeun di antawisna ku Al-Bukhari. Dina Kitab al-Manaqib, Bab Manaqib al-Hasan wa al-Husain, nomer 3465:
 

حدثني ( محمد بن الحسين بن إبراهيم ) قال حدثني ( حسين بن محمد ) حدثنا ( جرير ) عن ( محمد ) عن ( أنس بن مالك ) رضي الله تعالى عنه أتي عبيد الله بن زياد برأس الحسين بن علي عليه السلام فجعل في طست فجعل ينكت وقال في حسنه شيئا فقال أنس كان أشبههم برسول الله وكان مخضوبا بالوسمة
 

Ti Anas bin Malik r.a. “Dicandak ka Ubaidillah bin Ziyad mastakana Al-Husain bin ‘Ali alaihis salam dina waskom.. Ku (Ziyad) eta mastaka teh teu eureun-eureun dicocogan (ku tongkatna) bari pok nyaritakeun kagorengan kasepna (Al-Husain). Saur Anas: “Eta teh pameunteu anu pangmiripna sareng pameunteuna Rasulullah saw, bari dicelep ku wasmah (paragi nyelepna janggot Kanjeng Nabi saw).”

Upami kaleresan nuju damel di internet, cobi geura tingalan hadisna dina http://id.lidwa.com/app/ bari nganuhunkeun ka wargi-wargi urang anu parantos dug hulu pet nyawa kangge narjamahkeun salapan rupi kitab hadis. Supados kauninga anu narjamahkeun sareng ngempelkeun hadis-hadis teh sadayana wargi urang Ahlus Sunnah. Saur aranjeuna, hadis ieu teh diriwayatkeun ku Ahmad dina Musnadna, nomer hadis 13251. Geura talungtik, tarjamahna rada benten, sanaos hadisna sami. 

Upami hoyong maluruh anu langkung jauh, geura uningaan dina Kitab-kitab Syarh al-Bukhari sapertos ‘Umdatul Qari, Fathul Bari, sareng sanes-sanesna; teras talungtik oge dina Jami’ al-Ushul, Kasyf al-Musykil. Kango takhrij hadis ieu mangga cobian klik www.islamport.com (kagungan ulama ahli sunnah, manawi) teras pilari فجعل في طست فجعل ينكت. Aya 2670 kitab anu ngariwayatkeun hadis ieu. Ari sim kuring mah dasar jelema jauh ka bedug, anggang ka dulag, teu tiasa maosna ge. Nyanggakeun wae ka para ahlina. 

Sim kuring mah bade naroskeun wae penjelasan hadis tea. Punten ngawagel: Kumaha asal usulna kajadian eta teh? Ku naon putu Rasulullah saw ditelasan, dugi ka mastakana disimpen dina waskom, dijagragkeun ka Ubaydullan bin Ziyad? Saha manehna teh, bet wawanian naker nyocogan mastaka anu sering diambung ku Kanjeng Nabi saw? Naon agamana? Mun Islam, madhabna naon bet ceuceub ka kulawarga Kangjeng Nabi saw? Upami sim kuring ngagoak nyengceurikan layonna anu mulya, ku naon bet disebut sasar (ah tebih teuing patarosan anu pamungkas mah; teu diwaler oge sawios). Mugi-mugi mastaka juragan henteu panas! Sareng mugi-mugi pangaweruh sim kuring nambihan. Hatur nuhun.

Tah, kitu geuning. Sok ah urang tafakuran. Urang ngaji dina hadis eta, naha beut kitu laku umat anu kapungkur ka putu Rasulullah saw? Keun we atuh sajarah mah kitu. Ngan urang ayeuna kedah na tafakur. Ulah dugi jigan kalakuan Bani Umayyah. Ulah dugi pasea papada urang Islam. Tah eta anu ku simkuring ka pikir mah. Hatur nuhun. Cag!*** (Ahmad Sahidin)