Jumat, 25 September 2020

Saqifah jeung Khulafa Rasyidun

Dina sajarah disebatkeun mimitina kaum Muhajirin jeung Anshar milih Abu Bakar ku cara baiat di Saqifah Bani Saidah. Umar bin Khaththab anu ngawitan baiat ka Abu Bakar waktu harita di Saqifah (poenan pupusna Rasulullah saw); harita teh kulawarga Nabi keur ngurus layon Kangjeng Nabi janten henteu ilubiung dina urusan pulitik. 

Saparantos macaan buku ngeunaan sajarah ba'da pupusna Kangjeng Nabi Muhammad Saw, simkuring janten terang suksesi pamilihan pamingpin umat di Madinah henteu puguh konsep jeung katangtuanna. Henteu aya tiori anu eces ngeunaan pamilihan pamingpin umat Islam. Sareng katinggalna ngan ngiring kana reangna jalma harita. Padahal mah agama Islam kalebet kumplit dina widang kahirupan manusia. Naha henteu ngiring kana ajaran Al-Quran atanapi hadis Kangjeng Nabi dina urusan kapamimpinan umat? Tah perkawis ieu sae mun dipaluruh deui janten riset ilmiah.

Numutkeun aosan dina buku-buku sajarah, saestuna pihak Anshar sapertos Saad bin Ubadah, Hubab bin Munzhir sareng anu sanesna henteu masihan baiat ka Abu Bakar. Aranjeuna ninggalkeun Saqifah Bani Saidah teras dicarioskeun henteu ngiring shalat fardhu barjamaah anu dipimpin ku Abu Bakar atanapi pihak Muhajirin. Katingalna masih seueur urang Islam anu henteu nampi kaputusan baiat di Saqifah Bani Saidah. Diantawisna Malik bin Nuwairah sareng kaumna anu alim masihan zakat ka Abu Bakar kaasup urang Islam anu henteu nampi. Ngan bae dina sajarah diseratna golongan urang Islam anu murtad saterasna diperangan ku Khalid bin Walid dugi ka dipateni teras didurukan bumi-bumina.

Di Saqifah aya golongan anu hoyong milih pamimpin Madinah diwakilan ku urang Anshar nyaeta Saad bin Ubadah. Ngan pihak Muhajirin henteu nampi. Teras bae guntreng antawis Umar bin Khaththab sareng Hubab bin Munzhir. Papada hoyong gaduh wakil, boh ti Muhajirin kitu deui ti Anshar. Saatos guntreng henteu aya putusan, henteu lami Umar langsung ngawitan baiat Abu Bakar. Tangtos kaum Anshar nolak. Ngan pihak ti Muhajirin anu hadir langsung ngiringan baiat ka Abu Bakar. Kaleresan langkung seueur urang Muhajirin batan Anshar anu hadir dina gempungan di Saqifah. Saterasna diumumkeun di masjid Nabawi ngeunaan kapamimpinan Abu Bakar salaku anu gaduh kakawasaan di Madinah.

Saterasna nuju Abu Bakar geuring parna sarta bade tilar dunya, masihan wasiat anu kedah janten khalifah saterasna nyaeta Umar bin Khaththab. Kitu oge basa Umar bade tilar dunya netepkeun aya genep urang anu kedah janten dewan formatur kanggo milih khalifah anyar. Abdurrahman bin Auf ditangtoskeun ku Umar sangkan janten pupuhu dewan formatur. Abdurrahman bin Auf nangtukeun dua jalma anu bakal dipilih, nyaeta 'Ali bin Abu Thalib sareng Utsman bin Affan. Dina riungan, Abdurrahman bin Auf naros ka 'Ali: mun Andika janten khalifah naha rek ngilu sunah dua syekh (Abu Bakar sareng Umar) dina ngajalankeun nagara sareng pamarentahan? 'Ali ngawaler: moal, kuring mah rek ngiring cara Rasulullah saw jeung ijtihad sorangan.

Abdurrahman bin Auf teras taros ka Utsman ku patarosan anu sami. Jawabna bade tumut ka sunah Abu Bakar sareng Umar. Tuluy we ditetepkeun Utsman anu janten khalifah. Saatos Utsman pupus alatan ditarajang ku pakarang ti kaum anu baruntak, maka urang Islam di Madinah gempungan nangtukeun khalifah anu kaopat. Urang Madinah sapuk milih 'Ali salaku khalifah.

Urang Islam Madinah nyebatkeun ka unggulan 'Ali sareng numutkeun para sahabat, yen Ali kantos disebatkeun waktos di Ghadir Khum salaku washi Kangjeng Nabi. Riwayat eta diguar deui ku maranehna. Mimitina mah alimeun. Ngan kusabab euweuh deui, ahirna 'Ali kersa nampi. Anu ngamimitian ngabaiat teh Zubair bin Awwam teras Thalhah tuluy anu sejenna. 

Mun ditinggal dina eta runtuyan sajarah, urang Islam harita henteu gaduh katangtuan husus dina pamilihan pamimpin. Abu Bakar dipilih ngaliwatan baiat, Umar make wasiat atanapi ta’yin (ditunjuk) ku Abu Bakar, Usman make cara dewan formatur (ahl al-hall wa al-‘aqd), sateresna ‘Ali bin Abu Thalib dipilih sacara aklamasi (langsung ku masyarakat Madinah).

Dina ngajalankeun pamarentahan, ‘Ali mindahkeun ibukota ka Kufah, Irak. Madinah dicepeng hiji gupernur anu ditangtoskeun ku ‘Ali nyaeta Sahal bin Hanif. Sadaya gupernur anu dipilih ku Usman bin Affan salaku khalifah sateuacan ‘Ali digentos. Gupernur Syam (Suriah) nyaeta Muawiyah bin Abu Sufyan henteu nampi digentos. Anjeuna sareng golonganna baruntak ka ‘Ali dina raraga nuntut bales pupusna Utsman anu dirogahala ku urang Islam anu baruntak di Madinah. Muawiyah menta ka ‘Ali supados ngahukum anu mateni Utsman. Ngan henteu tiasa gancang kanyahoan saha anu matenina sabab eta rombongan anu merangan Usman dugi tilar dunya. Kusabab henteu acan kapendak maka Muawiyah nganggap ‘Ali pamimpin anu henteu becus sarta kedah diperangan.

Dina jaman pamarentahan ‘Ali, kajadian palagan papada urang Islam aya kana tilu kalina. Sapertos palagan di Shiffin ngalawan kaum anu barundak dipimpin ku Muawiyah, palagan Jamal ngalawan urang Makkah jeung Madinah anu dipimpin ku Aisyah (randa ti Rasulullah saw), palagan Nahrawan ngalawan kaum Khawarij jeung palagan sejenna. Anu kahot pisan kacaritakeun dina palagan Shiffin dugi diayakeun musyawarah kanggo ngarengsekeunna. Ngan dina kaputusan pihak Muawiyah, nyaeta Amr bin Ash licik henteu nurunkeun Muawiyah malihan kalab negeskeun salaku pamimpin umat. Hal eta dipayuneun masyarakat saatos pihak ‘Ali anu diwakilan Abu Musa Asyari parantos nurunkeun ‘Ali salaku khalifah. Satadina dua pihak ieu bade tahkim (pamilihan sacara musyawarah) kanggo nangtoskeun pamimpin anyar. Ngan orokaya Amr bin Ash ingkar kana janji anu geus disatujuan dina musyawarah sareng Abu Musa Asyari.

Kusabab kajadian tahkim henteu sesuai sareng ajaran Islam maka kaum Khawarij anu awalna ngiring ka ‘Ali janten merangan Muawiyah sareng ‘Ali. Malihan aranjeuna nangtoskeun opat jalmi (‘Ali, Muawiyah, Amr bin Ash sareng Abu Musa Asyari) disebatna murtad sareng halal darahna. Eta numutkeun kaum Khawarij. Ping 19 Ramadhan 40 Hijriah (27 Januari 661 Masehi) mastaka ‘Ali bin Abu Thalib dikadek nuju sujud di masjid Kufah ku Abdurrahman bin Muljam ti kaum Khawarij. Dugi ka pupusna ping 21 Ramadhan 40 Hijriah (29 Januari 661 M.) anu dikurebkeun di Najaf, Irak. *** (Ahmad Sahidin)