Senin, 14 September 2020

Tarjamah Al-Fatihah (Bubuka)


 بِِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ
Kalayan (nyebat) asma-Na Allah Nu Maha Welas, Nu Maha Asih.

اَلْحَمْدُ لِلّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ
Sadaya puji kagungan Allah, Pangéran Nu murbéng alam sadaya.

اَلرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ
Nu Maha Welas, Nu Maha Asih.

مَالِكِ يَوْمِ الدِّيْنِ
Nu Kagungan dinten wawales.

إيَّاكَ نَعْبُدُ وإِيَّاكَ نَسْتَعِيْنُ
Mung ka Gusti abdi sadaya ibadah, sareng mung ka Gusti abdi sadaya neda pitulung.

اِهْدِنَا الصِّرَاطَ المُسْتَقِيْمَ
Mugi Gusti maparin pituduh ka abdi sadaya kana jalan nu lempeng.

صِرَاطَ الَّذِيْنَ أَنعَمْتَ عَلَيهِمْ غَيرِ المَغضُوْبِ عَلَيهِمْ وَلاَ الضَّالِّيْنَ
(nyaeta) jalan jalmi-jalami anu parantos dipaparin ni'mat ku Gusti,sareng sanés jalan jalmi-jalmi anu salasar.

Catetan
Ieu mangrupa tarjamah Al-Quran surah Al-Faathiah dina basa Sunda. Simkuring ngarujuk kana tarjamah anu dikaluarkeun ku Kamenterian Agama Republik Indonesia. Ieu surah kasebat galib keur urang Islam mah diaos saban netepan (shalat). Malihan kalebet rukun shalat anu kedah diaos na rakaat kahiji jeung kadua. 
Dina surah Al-Fathihah ieu loba faedah keur urang sarerea. Malihan diaos nalika ngintun doa ka para arwah saderek jeung kulawargi urang anu tos ngantunkeun. Ibnu Arabi na hiji kitab nyebatkeun mun urang nuju gaduh pangabutuh tiasa maoskeun Alfathihah opatuluh balikan satiap ba'da shalat Maghrib. Teras kedah diaos dina waktos opatpuluh poe unggal ulah dugi ka sela ku pagawean sejenna. Kedah mayeng bae diaosna. Kuring kantos nyobian. Leres kabuktos. Ngan teu diamalkeun deui sesah kanggo konsisten na. 
Dina pangajaran Ulumul Quran disebatkeun surah Al-Fathihah dilungsurkeun di Makkah. Jumlahna tujuh ayat. Aya ulama anu nyebatkeun ayatna genep sabab maca surahna ngawitan ti ayat: اَلْحَمْدُ لِلّهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ. Sabab ayat بِِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ henteu lebet ayat anu munggaran. Eta mah katangtosan yen mun maos kitab suci Al-Quran kedah dikawitan ku بِِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ jeung sateu acanna maos أَعُوْذُ بِاللَّهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيمِِْ.
Aya ulama anu nyebatkeun surah Alfathihah lungsurna di Makkah jeung Madinah. Tangtos ieu kedah dipaluruh deui sacara ilmiah ngeunaan asbabun nuzulna sabab anu galib mah lebet ayat-ayat Makkiyah. Ngan sadaya ulama sapuk yen urang Islam kedah maos surah Alfathihah nalika shalat fardhu jeung shalat sunah dina rokaat kahiji jeung rokaat kadua. *** (ahmad sahidin)