Sabtu, 12 September 2020

Bagenda Ali sareng Rakyan Sancang

 li khomsatun uthfi biha

haral waba’ il hatimah 

al-Mushthafa wal Murtadha

wabnahuma wal Fathimah 

Nadom atawa syair anu di luhur teh di lembur kuring (Samarang-Garut) sok dibaca ku jalmi anu bade nyaba rada tebih. Jrut turun ti golodog teh langsung nincak bumi tilu kali bari macakeun eta nadom.

Saur pun biyang mah eta nadom keur ngajagi urang tina sagala bala musibah anu bakal karandapan. Supados diteubihkan tina sagala musibah atanapi bala, urang kedah macakeun eta nadom. Kitu deui mun keur gede angin atawa hujan gede oge sok raeng ngahaleuangkeun eta nadom.

Kuring dugi kiwari can manggihan sajarah atawa asal usulna eta nadom janten hiji ‘jimat’ dianggo ku urang Sunda nu agemanna Islam. Lamun ninggali eusi na mah na eta nadom disebatkeun yen nu tiasa nulak bala ku lima manusa suci: Al-Mushthafa, Murtadha, Fathimah, sareng dua putrana. 

Sakumna urang Islam mah terang yen nu disebat Al-Mushthafa teh Kangjeng Nabi Muhammad saw. Kitu deui Murtadha teh lanian Bagenda Ali, sarogena Siti Fatimah, putri Kangjeng Nabi nu ngagaduhan dua putra lalaki: Hasan jeung Husen.

Tah… timana sajarahna? Mun nilik kana sajarah lebetna Islam ka Tatar Sunda, saurna lebetna teh basa keur jaman ngadeugna Karajaan Pajajaran. Aya oge nu nyebatkeun lebetna nuju jaman Bagenda Ali janten ais pangampih di Tanah Arab. 

Rakyan Sancang

Saurna, ti pakidulan Garut, aya putra Prabu Kretawarman (Tarumanagara, karajaan Sunda baheula) namina Rakyan Sancang. Rakyan Sancang anu can uninga di rupa bapa, ti Garut muru ka kulon rek neangan bapa, ngan bangblas ka Tanah Arab. 

Di tanah Arab, Rakyan tepang sareng Bagenda Ali (Imam Ali bin Abi Thalib karamallahu wajhah). Nya atuh diajar Islam, Rakyan Sancang ka Anjeuna. Rakyan Sancang oge malihan ngiring naluk-nalukkeun wilayah jazirah Arab anu tacan asup Islam. Saatos lami di Tanah Arab, Rakyan mulang ka lemburna. Islam anu janten ageman Rakyan teh digabungkeun sareng agama karuhun, katelahna Selam Sunda Wiwitan.

“Abdi rada dengdek percaya kana ieu panalungtikan yen bisa jadi nu dimaksad ‘Kean Santang’ ku urang ayeuna teh sanes putrana Prabu Siliwangi (ngora teuing kajantenana mun kedah tepung serang Bagenda Ali mah), namung Rakyan Sancang putrana Prabu Kretawarman (abad 7 Masehi). Lalampahan Rakyan Sancang kapendak dina sesemplekan naskah kuna ‘Dadap Malang Cimandiri’,” ceuk salah saurang dina grup facebook Salakanagara.

Duka bener atawa henteuna mah. Ngan mun ditilik dina budaya Islam anu aya dilembur kuring rada nyambung jeung mazhab Ahlulbait atawa Syiah.

Di masigit lembur kuring unggal malem jumaah sok maca (surah) yasin, solawatan, tawasul, sareng ngintunan dua’ kanggo sepuh atanapi karuhun nu tos ngantunkeun. Kitu deui macakeun nadom alkisa jeung ‘rebo kasan’ nu sok dilakukeun unggal rebo pungkasan sasih safar. Malem rebo wekasan biasana ajengan kampung sok masihan isim kanggo disimpeun dina cai inum jeung dina kulah cai paranti mandi.

Eta isim eusina tulisan Arab gundul anu dina tungtungna aya seratan nami anu disebatkeun dina nadom Al-Kisa di luhur: Muhammad, Aliy, Fathimah, Hasan jeunh Husen.

Malihan mun lahiran budak sok aya barzanji (kitab syair perkawis sajarah Nabi Muhammad saw) anu sok dihaleuangkeun dina acara aqekahan (aqiqah) poe katujuh. Biasana sok aya rujak beubeuk jeung barudak mun  hayang eta rujak kudu dibeuli ku lempengan duit anu dijieun tina kenteng.

Poe 10 Muharram oge sok diayakeun acara kaagamaan: isuk-isuk sakira jam genep turun di masigit tuluy mawa bubur beureum bodas ka hiji tegal atawa pajaratan kampung (kuburan tua yang dianggap keramat). Tuluy maca du’a zaroh sareng tawasul anu runtuyanna nyebatkeun nami-nami Imam ti Kulawarga Nabi (Ahlulbait).

Teras eta bubur dituang sasarengan. Saatos eta leubeut deui ka masigit kampung. Masing-masing jalma anu hadir dina eta ngeupeulan artos anu tuluy dipasihkeun ka barudak yatim atawa piatu anu hadir dina eta patempatan. 

Malihan mah sesepuh desa peupeujeuh perkawis pentingna sodakah dina poenan asyura. Saatos eta tuluy netepan sunah dua rokaat sareng ngadu’a deui kanggo kaberkahan teu hilap diselapan sholawat ka Kangjeng Nabi Muhammad saw miwah Kulawarga Nabi. Saatos eta mah sasalaman jeung mulang ka bumi masing-masing. 

Mun nilik kana budaya Islam Sunda mah eta teh tradisi nu sok dilakukeun ku urang Islam nu mazhabna Ahlulbait atanapi Syiah. Dina sajarah Islam geus jelas yen nu disebatkeun Imam Ahlulbait (pupuhu nu ngagentos Kangjeng Nabi) teh Bagenda Ali sareng para putrana turunan Ambu Fatimah, putrina Rasulullah saw. 

Janten, mun enya Rakyan Sancang nu anu nyebarkeun Islam ka Tatar Sunda meunang ajaran Islam na ti Bagenda Ali, eces yen Islam nu hirup di Tatar Sunda aya pangaruhna ti mazhab Ahlulbait. Janten Islam paham Ahlulbait parantos lebet ka Tatar Sunda dicandak ku inohong Sunda. 

Ngan kedah aya buktos sajarah anu sifatna dokumen mun eta impleungan historis bener ayana. Naskah-naskah wawacan henteu tiasa diandeulkeun dina elmu sajarah mah. Kedah aya naskah bandingan ti nagari Arab, ngeunaan cariosan Bagenda Ali anu nyebat kantos ka Sunda atanapi anu patalina sareng Rakyan Sancang. Tah mun aya mah eta tiasa direkonstruksi. Wallahu'alam. *** (ahmad sahidin)