Selasa, 22 September 2020

Ieu Ukur Dongeng

 

Babaturan simkuring ngadongeng. Ieu dongengna dicarioskeun ti guruna. Ajengan kampung anu janten guru ngaosna ngobrolkeun yen sagala ucap polah jeung laku anu dialungkeun ka batur sok malikan deui. Karma meureun disebatna ceuk urang Sunda mah.

Tah ieu dongengna. Hiji mangsa guruna mawa kadu badag ka imah. Diopi ku sorangan. Garwana hoyongeun. Kusabab kadu teh kabeukina, ajengan henteu ngagehan. “Ayeuna mah bauna wungkul nya, Ma,” saurna bari ngangkat cangkang kadu.

Harita teh poe kemis. Sabada yasinan malem jumaah tuluy bae salaki pamajikan eta asup ka pangkeng (kamar). Tuluy eta ajengan "menta" ka pamajikanna. Jigana masih keneh bendu, tuluy bae dampal leungeun pamajikan ngodok bagean taeun anu dipikahoyong salakina. Tuluy dampal leungeun eta diantelkeun kana irung salakina, “Ayeuna mah bauna wungkul nya, Pa.” 


Tah eta doengengna. Cawokah. Jorang. Kitu ceunah. Tapi aya hikmah jeung janten lenyepaneun urang sadaya sangkan ulah koret. Mising eta beuki urang, kedah emut oge ka dulur jeung batur sakasur. Kedah ngiring raos. Ulah haweuk.

Prinsip berehan ka papada batur anu dilakukeun Rasulullah Saw, salaku panutan urang Islam, kedah ditulad. Seueur pisan carita ngeunaan Kangjeng Nabi ngeunaan berehan. Sapertos riwayat Kangjeng Nabi make acuk anyar meser ti pasar. Di jalan nalika uihkeun ka bumi, Kangjeng Nabi tepang sareng jalmi masakat anu nyuhunkeun acuk lantaran anu dianggo atos saroek jeung ngan hiji-hijina. Kangjeng Nabi masihan acuk anu anyar dibeulina. Ngan anu masakat hoyong acuk anu keur dianggo ku Nabi. Gancang carita jalmi masakat teh kenging acuk ti Kangjeng Nabi.

Ngeunaan riwayat Nabi, simkuring mah teu gaduh hikmah na sareng henteu acan maluruh soheh henteuna. Nyanggakeun bae ka balarea anu maca ieu seratan supados ngimpleung teras nalungtik. Langkung sae mun aya waktos ngadugikeun ka simkuring hasil na. Hampura pisan kuring mah kakirangan elmu. Teu gaduh pangarti anu aheng tur punjul. Ukur ngandelkeun euceuk jeung ceuk bae. Cag! *** (ahmad sahidin)