Selasa, 18 Agustus 2015

Pengalaman Keur Nyeri Patuangan

Tadi wengi dugi kiwari kuring keuna nyeri beuteung. Biasa alatan tuang sareng anu lada. Kamari uih ti sakola sareng pun bojo ngahaja barangtuang gurame bumbu rica-rica. Habeuk bae dituang. Kirang langkung ti sajam, kontan karasa kukurileubeukan patuangan. Biasa ka jamban. Lima menit saatos ti jamban karaos deui. Teras bae pulang anting ka jamban. Mun teu salah mah dugi ka langkung lima balikan.

Tadi oge subuh bulak balik ka jamban. Teras dugi ayeuna. Tangtos dinten ieu kuring teu ka sakola. Kabayang atuh mun keur di sakola hayang ka jamban sareng bulak balik, tangtos ngaganggu aktivitas kuring di sakola. Kusabab kita kuring ngahaja libur heula. Di imah bae.

Mun diteungeutan mah nyeri beuteung teh kawilang panyakit anu biasa karandapan ku simkuring mun geus nuang sarupaning anu lada sareng seuhah. Sanajan ingeut yen mun tuang sambel bakal nyeri beuteung, anggeur bae kuring sok kana sambel. Teuing atuh dina pikiran so kaya pangbeubeurah: moal nyeri beuteung saeutik mah. Kitu anu aya dina pikiran kuring. Teras bae dituang. Antukna bulak balik ka jamban sareng ngalempreh sabab kaluaran teras.

Baheula nuju keur gawe di Daarut Tauhiid, Ledeng Bandung. Keur dina beus Damri, di daerah satasion kareta api, beuteung kuring ngarasa kukurilibeukan. Tandaning hoyong miceun. Eureun tengah jalan tina Damri. Teras milari susukan alit. Ngan orokaya nembrak. Era ku batur anu ngaliwat. 

Luak lieuk neangan tempat. Palebah gang aya hiji imah anu boganan keur araya. Kuring nyarios hoyong ngiring ka jamban. Paribumi teras bae nuduhkan jamban digigir bumina. Bus bae. Ngan orokaya, dina calana kuring geus ngaburusut. Tangtos pinuh dina calana jero. Atuh langsung bae dibanjuran. Teras bae dilebetkeun kana tas saatos teu aya anu nempel. Sanggeus amitan nganuhunkeun, kuring neangan wadah runtah. Lung bae eta calana jero dipiceun.

Pangalaman model kitu lain sakali karandapan. Mun diitung mah leuwih lima kali. Tah kusabab embung karandapan model kitu, kuring milih cicing di bumi bae mun keur katarajang nyeri patuangan.

Biasana mun keur nyeri patuangan, kuring ngan ukur nginum cai enteh pait teras ngabubur. Barangtuang oge sakedik. Sabab mun dieusi sok hoyong aya anu dikaluarkan deui. Janten kedah ka jamban deui. Tah kitu. Cag...

Jumaah, 14 Agustus 2015, jam 9.30