Sabtu, 26 September 2020

Ngeunaan Al-Hasan jeung Al-Husain

Sabada ‘Ali bin Abu Thalib ngantunkeun, aya sababaraha urang Islam anu netepkeun Al-Hasan putra ‘Ali (putu Kangjeng Nabi) salaku khalifah. Aya oge anu ngangkeun Muawiyah salaku pamimpin. Al-Hasan sakulawargi linggihna di Madinah sareng rayina, Al-Husen. Al-Hasan dina sikep sareng laku lampahna ngajalankeun ukhuwah papada urang Islam. Kumargi kitu Al-Hasan alim patelak ngalawan Muawiyah. 

Sanajan Al-Hasan gaduh jalmi-jalmi anu loyal, tapi henteu digerakkeun kanggo palagan. Anjeuna estuning hoyong ngajagi babarayaan papada urang Islam. Malihan anu ngewa ka Anjeuna oge diantep bae. Estuning sobar jeung kiat dina nandangan kasusah.

Kacaritakeun Al-Hasan ngiring shalat jamaah di masjid. Di eta masjid aya caramah singket bari ngantos imam anu bade mimpin shalat. Eusina ngagogoreng kulawargi Ali bin Abu Thalib sareng muji-muji Bani Umayyah. Eta caramah rengse mun Al-Hasan sumping ka masjid. Saterasna diayakeun shalat jamaah. Al-Hasan janten makmum sareng urang Islam sanesna. Tah hiji mangsa mah Al-Hasan henteu buru-buru asup ka masjid. Teras bae eta pajabat masihan caramah na lami sabab ngantos kulawarga anu didongengkeun na eta caramah. Meureun lila teuing teu acan bae deur, jamaah pararotes supados geura-geura shalat jamaah. Tah pas Al-Hasan sumping langsung bae dikawitan shalatna sanajan imam na pajabat karajaan Umayyah. 

Muawiyah bin Abu Sufyan ninggal Al-Hasan salaku tokoh agama anu gaduh pangaruh ageung di masyarakat. Kumargi kitu Muawiyah ngajak Al-Hasan ngayakeun kasapukan anu negeskeun moal aya palagan. Salajeng na sabada Muawiyah maot kakawasaan janten milikna Al-Hasan sareng tiasa dipasrahkan ka umat kanggo nangtukeun saatos Al-Hasan. Kitu janji Muawiyah anu kantos diaos na buku sajarah.

Henteu lami ti sabada parjanjian, kacarioskeun Al-Hasan pupus alatan baruang anu aya na tuangeun. Eta tuangeun dilebetan racun ku salah sawios garwa Al-Hasan anu dijanjikeun ku Muawiyah bade ditikahkeun ka Yazid bin Muawiyah. Al-Hasan dikurebkeun di Baqi, Madinah. Saterasna Al-Husen diangkeun salaku pamimpin ku urang Islam anu tumut ka Al-Hasan sareng ‘Ali bin Abu Thalib. Al-Husen diangken salaku panutan jeung pamimpin agama ku urang Islam anu mazhabna Syiah. 

Di Damaskus (Suriah), Muawiyah janten raja anu kakawasaan na sakuliah nagari urang Islam. Sateu acan maot, Muawiyah ngangkat putrana Yazid bin Muawiyah salaku raja. Sakedahna janten milik kaluarga Al-Hasan atanapi Al-Husen salaku ahli waris. Dina hal ieu Muawiyah jalir janji. Saterasna Yazid mundut baiat ka Al-Husen salaku tokoh agama anu kocoran getihna ti Rasulullah saw. Sangkan sah jeung kiat dina kakawasaan kedah aya pangangkeun Al-Husen. Ngan orokaya Al-Husen henteu masihan baiat, anu saterasna dipateni ku balatantara Umayyah dugi perlaya di Karbala, Irak. Kajadian ieu katelahna disebat Asyura, ping 10 Muharram 61 Hijiriah (10 Oktober 680 Masehi). Perkawis ieu aya sajak maskumambang anu diserat ku Kang Jalal. Ieu rumpaka na: 


Imam Husen imam kaum mustadh`afin

Ngocorkeun getihna

Ngajait nasib nu leutik

Ngabela umat tunggara

 

Tara sepi pamingpin anu munafik

Ngabobodo rayat

Majar Islam nu diaping

Padahal mangeran dunya

 

Yazid nyebut maneh Amirul mu`minin

Raja nagri Islam

Bari solat bari haji

Kalakuan euwah-euwah

 

Rayat ceurik balilihan ting jarerit

Hartana dirampas

Jasmanina dinyenyeri

Jaba batin digerihan

 

Imam Husen sumegruk bari lumengis

Di makam eyangna

Bari ngeprikkeun kasedih

Ngemutan umat nu lara

 

Islam nu hak kalandih ku Islam batil

Imam ditebihan

Nu ngagem Islam nu asli

Dicempad majarkeun murtad

 

Imam Ali nu nyangking wasiat Nabi

Pahlawan khaibar

Kakasih Rabbul Izzati

Dila`nat di mimbar-mimbar

 

Di Karbala poek mongkleng sepi jempling

Panon poe sirna

Murubut hujan ti langit

Hujan getih jeung cimata

 

Di Karbala ngababatang raga suci

Putrana Fatimah

Deudeuh teuing putu Nabi

Ditandasa ku umatna

 

Mastaka nu sok diambung Kanjeng Nabi

Kiwari papisah

Ti jasad kakasih Gusti

Ditancebkeun dina tumbak

 

Di Karbala ngagolontor getih suci

Ti para syuhada

Anu tigin kana jangji

Bumela ka Imam Jaman

 

Kumaha rek kenging syafaat Jeng Nabi

Umat nu hianat

Ngiclik nuturkeun si iblis

Bahula ka Rasulullah

 

Kanjeng Rasul, hapunten abdi nu dolim

Nu teu mirosea

Perlaya na putu Gusti

Al-Husen Abu Abdillah

 

Yazid bin Muawiyah dina pamarentahan henteu ngarujuk khalifah rasyidin atanapi henteu nulad ka Rasulullah saw. Dina nangtukeun pamimpin kucara diwariskeun ka anak incu jeung pamarentahanna sapertos karajaan (mamlakah).

Karajaan Umayyah katelahna, anu nanjeur dugi taun 750 Masehi. Kirang langkung sarebu sasih eksisna. Karajaan Umayyah ieu diperangan ku kulawarga Abbas, anu saterasna janten pangawasa enggal anu namina Abbasiyah nanjeur taun 750 dugi 1258 Masehi.

Saterasna Abbasiyah eleh diperangan ku Timor Leng dugi ka tumpur sadaya gedong sareng kulawargi Abbasiyah oge dipateni. Tangtos aya sabaraha kulawarga anu salamet, saterasna ngadamel karajaan di Mesir sareng Palestina.

Dina abad 13-17 Masehi, nagari-nagari urang Islam nanjeur ku karajaan-karajaan anu nyebar di sakuliah jagad. Di antawisna Mamluk jeung Fatimiyah di Mesir sareng Afrika, Umayyah teras Muwahiddun di Spanyol, Safawiyah di Persia, Mughal di India, Utsmaniyah di Turki sareng karajaan sanes anu aya di Asia Tenggara. Hususna di Nusantara, nyaeta Kasultanan Banten, Kasultanan Cirebon, Kasultanan Mataram, Kasultanan Aceh Darussalam, Karajaan Peureulak, Samudera Pasei jeung sajabina. *** (ahmad sahidin)