Sabtu, 25 Juli 2020

Tarikh Kangjeng Nabi (Mukadimah Dua)

Ibnu Ishaq kalebet muarikh (ahli sajarah) anu munggaran. Sanes wae ulama klasik jeung modern anu ngangkeun, oge ahli sajarah urang kulon (Barat) sapertos William Montgomery Watt nyebatkeun eta na mukadimah buku "Tarikh Arrusul wal Muluk" anu ditarjamahkeun dina basa Inggris. Dina mukadimah disebatkeun Muhammad bin Yasar bin Ishaq (babar di Madinah taun 704 - ngantunkeun di Baghdad taun 768 M.) anu ngawitan nyerat kitab sajarah Nabi Muhammad saw anu jejerna Sirat Rasul Allah.

Anu populer dugi kiwari mah namina kitab Sirah Ibnu Ishaq. Eta kitab diteraskeun eusina ku Ibnu Hisyam. Malihan aya riwayat-riwayat tina Sirah Ibnu Ishaq dipiceun ku Ibnu Hisyam, utamina ngeunaan Abu Thalib bin Abdul Muthalib jeung Ali bin Abu Thalib ra sarta syair-syair Arab ngeunaan Kangjeng Nabi. 
Malihan Husein Munis, ulama Mesir, nyebatkeun Ibnu Hisyam parantos ngarobih sajarah Nabi Muhammad Saw ku ngirangan eusi kitab Ibnu Ishaq. Saterasna diangkeun kitab sajarah atasnami Ibnu Hisyam. 

Sirah Ibnu Ishaq parantos ditarjamahkeun na basa Inggris. Alhamdulillah parantos maos, jejerna "The Life of Muhammad" anu ditarjamahkeun ku Alfred Guillaume. Medal ku Oxford University Press taun 1955. Edisi basa Indonesia kantos medal janten tilu jilid ditarjamahkeun ku Dewi Candraningrum anu diterbitkeun Muhammadiyah University Press taun 2002, sasih Oktober di Surakarta. Simkuring gaduh anu jilid dua kenging motokopi. Dugi ayeuna henteu acan kenging jilid hiji jeung tiluna.

Mun dibabanding jeung kitab sajarah Nabi Muhammad Saw kenging Ibnu Hazm anu jejerna Jawami Sirah Nabawiyah, langkung munel Sirah Ibnu Ishaq. Sababaraha riwayat sajarah anu teu aya na kitab Sirah Ibnu Hisyam tiasa ditinggal na kitab Tarikh anu diserat ku Ibnu Jarir Thabari. Thabari kawilang jujur na nyusun sajarah. Anjeuna ngumpulkeun sajarah ti kitab-kitab sateu acanna sapertos ti Ibnu Ishaq jeung Al-Waqidi anu nyerat Al-Maghazhi sareng Muhammad bin Saad anu nyerat Thabaqat Al-Kabir anu popular Thabaqat Ibnu Saad. Tilu kitab ieu disebat sumber sajarah primer sarta lebet anu utami kanggo nalungtik sajarah Nabi Muhammad Saw. 

Ahli sajarah anu sajaman jeung Ath-Thabari sareng anu saba'dana ngarujuk ka tilu kitab eta mun murak sajarah Nabi Muhammad Saw. Aya dua deui kitab anu ngeunaan sajarah kalebet primer nyaeta kitab Sulaim bin Qais jeung Hisyam Al-Kalbi. Teras disebatkeun anu pangawalna Abban bin Usman bin Affan jeung Urwah bin Zubair bin Awwam. Aranjeuna dianggap anu ngawitan nyerat Sirah Nabawiyah. Ngan hanjakal sesah dipaluruh kitabna. Ngan ukur disebat-sebat hungkul dina studi tadwin tarikh (historiography).

Numutkeun Montgomery Watt jeung Husein Munis yen aya sabaraha sajarah anu kawilang langki dicaritakeun na kitab tarikh anu medal saacan Thabari. Malihan anu henteu dilebetkeun ku Ibnu Hazm katut Ibnu Hisyam. Di antawisna ngeunaan syiar ka kulawargi Bani Abdul Muthalib anu harita ngumpulkeun kirang langkung opatpuluh lima urang. Dijamu tuang leueut dugi ka warareug. Dugi ka ngaduakalian ngulemna. Kangjeng Nabi ngadugikeun kanabian jeung ngajak supados lebet agama Islam saterasna ngadukung kana syiarna. Nabi cumarios, saha wae anu kersa nulung maka engke bakal dijantenkeun wakilna, wazir jeung washiyna. Sadaya anu hadir caricing iwal 'Ali bin Abu Thalib ra anu sadia tumut jeung siap nulung Kangjeng Nabi. Ti harita 'Ali ditetepkeun jalmi anu kedah ditumut ku kulawargi Bani Abdul Muthalib. Tangtos ieu kaputusan ditolak ku sadaya anu haradir. Malihan Abdul Uzza, paman Kangjeng Nabi, nyeungseurikeun bari nyarios ka Abu Thalib saderekna: tuh, kudu tumut ka anak maneh sorangan. Nyarios kitu na bari uih ti bumi Kangjeng Nabi dituturkeun dulur anu sejen. 

Saterasna, anu panjang guaran Ibnu Ishaq nyaeta sawala urang Nasrani jeung Yahudi ngeunaan kayakinan anu disanghareupan ku Kangjeng Nabi nyalira. Nabi masihan dalil jeung katerangan ngeunaan sadaya patarosan ti pepentol agama Yahudi katut Nasrani. Malihan aya urang Nasrani ngajak mubahalah keur nangtukeun bener henteuna ajaran anu diliarkeun ku Nabi Muhammad Saw. 

Perkawis urang Madinah anu lebet Islam jalaran kapaksa, diguar ku Ibnu Ishaq eces sareng dalil Alquran anu nerangkeun sikep Allah katut Nabi ka urang Islam anu munafek. Aya masjid dhiror diratakeun sabab diangge ngumpul kaum munafek. Perkawis kaum munafek detil nami-nami jeung kabilahna disebatkeun ku Ibnu Ishaq. Peperangan umat Islam ngalawan kaum Yahudi sareng musyrikin Makkah diguar. Ieu khas na sajarah Islam klasik nyaeta pulitik jeung perang katut banda rampasan. 

Waktos Nabi di Madinah, urang Islam anu ngiring perang Badar atanapi Uhud katut perang sejenna katingal henteu tiasa leupas tina kadunyaan. Parebut harta banda rampasan. Malihan ngarasa paling gaduh jasa dina papengperangan dugi silih sindir diantawis papada urang Islam. Tah dina ieu konteks katingal aspek ekonomi kakirangan sareng ajaran zuhud tacan ngadarah daging diantawis urang Islam. Kitu oge urang Makkah harita lebet agama Islam teras henteu ngiring hijrah ka Yathrib. Panginten iman tacan kandel, aranjeuna murtad alatan diolo ku banda jeung kadudukan. Aranjeuna ngiring merangan urang Islam di Badar dugi maraotna. Diantawis assabiqunal awwalun anu murtad nyaeta Haris bin Zama'a, Abu Qais bin Fakih, Abu Qois bin Walid, Ali bin Umayyah jeung Ash bin Munabbih.

Kangjeng Nabi Muhammad Saw leres uswah. Anjeuna 'adil jeung welas asih ka sadaya manusa. Musuh anu hirup jeung dijantenkeun tawanan, ku Nabi dipiwarang dijagi sarta dipasihan tuang leueut anu sami sareng urang Islam. Anu lebet agama Islam dibebaskeun katut harta bandana diuihkeun deui. Mun anu asup Islam teh pepentol hiji kabilah maka sadaya masyarakat kabilah eta dilepaskeun. Malihan dipasihan harta banda keur pangabutuh maranehna. Berehan jeung asih katelah na diri Rasulullah Saw.

Masih na Sirah Ibnu Ishaq, Nabi teges ka saha bae ti urang Islam anu ngalanggar aturan jeung goreng akhlaq. Sawad bin Ghaziya harita beuteungna payun teuing nalika ngabaris parajurit anu bade miang ka medan jurit. Ku Nabi diketrok ngangge gagang busur panah. Anjeuna ngoceak menta kaadilan ti Nabi. Kangjeng Nabi muka bagean kulit beuteung tuluy miwarang Sawad sangkan ngabales. Sawad dongko bari nyium eta kulit beuteung Nabi. Sawad cumarios yen eta dilakukeun estuning cinta jeung tabaruk samemeh tilar dunya na palagan. Lain ka sohabat hungkul sikep teges Nabi, ka Saudah anu kasebat garwa na oge diseuseulan nalika ngahina tawanan kafir Makkah anu geus dirangket. 

Ibnu Ishaq kasebat detil nyerat nami-nami jeung kabilah anu ngiring salaku wadia balad Rasulullah saw na palagan Badar. Jumlah sadayana 314 jalmi. Nyaeta 83 ti Muhajirin, 61 ti Aus jeung 170 ti Khazraj. Ngetang jumlah musuh oge kawilang unik. Cekap ku onta anu dipeuncit dina sapoena. Musuh dina sapoe meuncit salapan dugi sapuluh onta. Ditaksir ku Nabi yen musuh aya sarebu urang. Kersaning Allah, urang Makkah kawon na palagan Badar. 

Kedah janten pujian leukeunna Ibnu Ishaq. Ampir tiap guaran jeung bagean sajarah ngamuat syair (puisi). Urang Arab sanajan sakedik anu tiasa tulas tulis, tapi tradisi sastra lisanna kawilang loba. Atos janten tradisi tiap bade deur palagan, urang Arab katut kaum Muslim macakeun syair anu eusina nembongkeun kagagahan jeung wibawa. Ibnu Ishaq kawilang jujur na midangkeun palagan Uhud. Parajurit urang Islam aya anu mundur sakira tilu ratus mulang ka Madinah dipimpin Abdullah bin Ubay, pepentol kaum munafek. Parajurit anu diparentah manah luhureun pasir Uhud henteu taat nalika ninggal ghanimah anu mayak ditinggalkeun ku musuh anu kabur. Nalika parajurit urang Islam atos aya di medan palagan Uhud, musuh ninggal kasempetan keur nembakkeun panah. Antukna urang Islam paciweuh jeung seueur anu ngantunkeun. Malihan Kangjeng Nabi oge pipi jeung waosna aya anu punglak alatan dibaledog musuh ku gegendir.

Kacatur Wahsyi payuneun Nabi nyarita kumaha laku lampahna dugi tiasa maehan Hamzah bin Abdul Muthalib. Saba'da nguping dogengna, Nabi miwarang indit ka Wahsyi ka tempat anu jauh ti Madinah. Wahsyi dipanuntung hirupna kacatur resep nginum arak dugi mabok. Numutkeun riwayat anu dicutat Ibnu Ishaq yen Wahsyi ngiring merangan anu ngaku-ngaku nabi nyaeta Musailamah. Anjeuna numbak Musailamah make pakarang anu harita dianggo keur maragatkeun nyawa Hamzah. Di Uhud, 65 urang Islam anu pupus. Sedengkeun musuh anu maot 22 urang. Perkawis palagan Uhud ieu janten syair-syair kasedih anu dipidangkeun ku panyajak, boh ti urang Islam oge ti urang kafir Makkah. Ibnu Ishaq midangkan syair-syair palagan Uhud sacara husus na bab ahir perkawis eta perang. Hasan bin Tsabit, sohabat Nabi anu disebat panyair, seueur dicutat syair-syair dina kitab Sirah Ibnu Ishaq.

Syair ngeunaan kaum Yahudi Bani Quraizah oge lebet na Sirah Ibnu Ishaq. Quraizah hiji kaum Yahudi anu khianat, ku Nabi dipasrahkeun nasib maranehna ka Saad bin Muadz salaku pamimpin kaum Aus di Madinah. Saad nangtoskeun lalaki anu sanes barudak dijagal ku urang Aus. Kirang langkung 600 jalma anu diparagatkeun nyawa. Barudak jeung sakumna awewe Bani Quraizah dijual jeung hasilna dibeulikeun pakarang sarta kaperyogian urang Madinah. Nabi kenging bagean nyaeta Raihanah, awewe anu dijadikeun budak. Salajengna Raihanah lebet agama Islam sarta ditikah ku Rasulullah Saw. Aya dua awewe Yahudi anu janten garwana, nyaeta Shafiyah jeung Raihanah. 

Ibnu Ishaq kawilang detil nyaritakeun palagan Ahzab (khandaq). Ti kawit nyieun lombang gede jeung jero anu dilakukan berjamaah dugi tuang leueut anu barokah ukur ditoel jeung doa Nabi. Sanajan sakedik tapi sadaya urang Islam tiasa cukup tuang leueutna. Palagan anu kawentar duel antawis Amr bin Abd Wud jeung 'Ali bin Abu Thalib. Jago ti pihak musuh kawon dugi hos maot. Urang Islam disindir na cutatan Alquran aya anu sieun perang. Maranehna asup golongan munafek anu hayang balik ka bumi embung palagan ngawalan musuh anu gabungan ti kabilah anu ngewa ka Rasulullah Saw jeung kabeungket ku tali janji jeung Quraisy Makkah. Taktik urang Yahudi anu lebet Islam, Nuaim tiasa mecahkeun komplotan musuh. 

Kusabab lami teuing ngadagoan waktos anu pasti nyerang Nabi jeung urang Islam, sabagean musuh ngeluh sabab ingon kuda jeung onta beak parab. Kitu deui aya angin gede matak ngancurkeun kemah jeung parabot masak. Antugna musuh baralik deui. Kangjeng Nabi ngadugikeun musuh birat sabab Allah ngintun angin. Tah ieu pitulung Allah anu nyata sanggeus ikhtiar nyieun lombang anu ngahalangan musuh asup ka Madinah.

Saba'da palagan Ahzab, Nabi sareng urang Islam ngajorang Bani Quraizah katut Bani Musthaliq jeung anu sejenna. Saba'da uih ti Bani Musthaliq aya kajantenan di tengah jalan Aisyah garwa Nabi tinggaleun. Teras uihna dianteur ku Safwan bin Muattal. Dugi ka Madinah genjleung garwa Nabi sasarengan jeung lalaki sejen. Desas desus ieu beres sabab Allah nyebat Aisyah leupas tina perkara anu diomongkeun ku kaum munafek. 

Kajantenan anu matak kedah janten emutan nyaeta di Hudaibiyyah. Rombongan Nabi anu bade haji ditolak ku Quraisy Makkah. Dugi didamelkeun surat parjanjianna. Umar bin Khattab ninggal eusi parjanjianna kirang satuju sabab ngabeuratkeun pihak Islam. Dugi ka protes ka Nabi jeung Abu Bakar. Umar ngartos saatos ditetepkeun ku Abu Bakar yen Kangjeng Nabi teh Rasul Allah anu pasti ayana panangtayungan Allah nalika netepkeun sagala rupina. Bagean ieu mah rame sabab aya urang Makkah anu asup Islam kabur ka Madinah. Sasuai janji kedah dibalikeun ka Makkah. Di tengah jalan, anu dibawa balik teh ngawalan dugi maehan. Abu Bashir, urang Islam eta namina. Anjeuna kabur ka daerah anu diliwatan kareta balantik urang Makkah. Abu Bashir jeung babaturanna anu asup Islam nyegat jeung nyokot harta banda ti kareta balantik anu ngaliwat. Janten begal istilahna. Urang Makkah ngaraos rugi. Antukna nyuhunkeun dipupus bagean mulangkeun ka Makkah. Laun laun satiap katangtuan anu kantos disatujuan loba anu dilanggarna ku urang Makkah. Saterasna kajantenan Futuh Makkah. Nabi sareng wadia balad urang Islam lebet ka Makkah ngabersihkeun Kabah ti barhala, ngahampura anu kantos ngusir jeung ngahina. Seueur urang Makkah lebet agama Islam. 

Guaran Ibnu Ishaq na kitabna diteraskeun ku Ibnu Hisyam ti ekepedisi Khaibar dugi ka pupusna Rasulullah Saw. Kumaha guaran na kitab Sirah Ibnu Hisyam? Kedah diaos deui kitabna. Sacara umum mah sami, ngan Ibnu Hisyam nyalira nerangkan na henteu sadaya narasi historis dicandak ti kitab Ibnu Ishaq. Aya anu diringkes, syair-syair anu dipiceun sabab eusina kurang pantes aya unsur goreng sangka, sarta aya riwayat anu henteu sasuai jeung Alquran. Sanajan kitab Sirah Ibnu Hisyam ampir sadayana ti Ibnu Ishaq, saatos dipilihan mana wae anu lebet kana kitab na, salajengna katelah Sirah Ibnu Hisyam. 

Ibnu Hisyam lengkepna Abu Muhammad Abdul Malik bin Hisyam bin Ayyub Al-Himyari Al-Muafri Al-Basri. Babarna di Bashrah. Ageung jeung nyiar elmu di Mesir dugi pupusna (13 Rabiul Awwal 218 H./834 M.). Ibnu Hisyam, numutkeun simkuring, parantos ngagunakeun metode na rekonstruksi sajarah. Nyaeta heuristik ku cara milihan mana wae riwayat anu numutkeun Ibnu Hisyam relevan sareng narasi Sirah Nabawiyah. Dina nangtukeun mana anu kedah lebet jeung heunteuna gumantung kana interpretasi (imajinasi) anu lebet na pikiranna. Salajengna kabuktos hasil  tinimbang jeung kamandang ngeunaan tarikh Nabi Muhammad Saw na kitab As-Sirah An-Nabawiyyah libni Hisyam. 

Mun ditingal sacara umum, sanad narasi historis anu dicandak ku Ibnu Ishaq jeung Ibnu Hisyam seueur ti Wahb bin Munabbih, Abdullah bin Wahb bin Munabbih, Yazid bin Zayyad, Abdullah bin Abu Bakr, Abu Zaid Anshari, Abdullah bin Abdurrahman bin Abu Husain al-Makki jeunh anu sejenna. 

Aranjeuna anu dicutat informasina ku Ibnu Ishaq atanapi Ibnu Hisyam lebet generasi tabiin. Tangtos aya jarak anu teubih ka Rasulullah Saw. Janten ngandelkeun memori kolektif jeung catetan aranjeuna anu dicutat janten narasi historis na kitab Sirah Ibnu Ishaq jeung Ibnu Hisyam. 

Boh Ibnu Ishaq, kitu deui Ibnu Hisyam, gaduh kamandang nyalira dina nangtukeun riwayat ti saha bae jeung anu mana wae anu kedah lebet na kitab. Nyusun dugi sistematis ti kawit pra Islam dugi ngabagi bagean jeung bab ti asal usul geneologi Nabi Muhammad Saw dugi babar teras dakwah di Makkah sarta hijrah dugi tiasa ngislamkeun sakuliah masyarakat jazirah Arabia abad genep jeung tujuh Masehi. Eta lain pagawean gampil. Kedah ulet jeung kiat na analisis. Janten dua kitab Sirah Nabawiyah anu munggaran ti Ibnu Ishaq jeung Ibnu Hisyam kedah janten ibrah urang sadayana. 

Cekap heula sakitu guaran na. Ieu mah tawis ngemutan kuring nyalira kana kuliah di kampus UIN Bandung kapungkur. Janten hapunten lahir sinareng batin sadaya kakirangan. Estuning masih diajar. Masih ngalap elmu. Tangtos ka para ahli sajarah simkuring tawaquf ngeunaan elmu sajarah. Hatur nuhun. Cag! *** (Ahmad Sahidin)