Tampilkan postingan dengan label kangjeng nabi. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label kangjeng nabi. Tampilkan semua postingan

Selasa, 11 Oktober 2022

Sajak (kanggo) Kangjeng Nabi

 

 Allahumma Shalli ála Sayyidina Muhammad wa Aali Sayyidina Muhammad 

Kangjeng Nabi…

duh geuning geus sarebu opat ratus taun

Salira mulih ka jati mulang ka asal

 

Selasa, 17 November 2020

Syiar Madinah

Neraskeun deui guaran sajarah kahirupan Kangjeng Nabi di Yathrib, anu saterasna disebat Madinatun Nabi anu hartosna Kota Nabi. Sabada ngadeug masjid jeung bumi Nabi digigirna. 

Kangjeng Nabi ngajak Bani Aus jeung Bani Khazraj ngayakeun janji sareng kabilah-kabilah anu aya di sakuriling Madinah. Kalebet kabilah urang Yahudi jeung bani-bani anu masih keneh henteu acan lebet Islam. Wakil anu janten pepentol tiap bani atanapi kabilah sapuk kana piagam Madinah anu eusina sasarengan ngajagi nagari Madinah nalika diperangan kaom sejen anu henteu kabeungkeut ku janji. 

Sapuk mun aya masalah papada bani atanapi kabilah anu kabeungkeut ku piagam Madinah bade direngsekeun ku jalan kakaluargaan anu janten hakimna Kangjeng Nabi Muhammad Saw.

Senin, 16 November 2020

Syiar di Makkah

Majeng kana syiar agama Islam nu dilakonan ku Nabi. Di Makkah anu asup Islam lolobana jalma anu masakat ti golongan budak belian. Aya sababaraha jalma ti golongan ningrat jeung dulur-dulur Nabi. Kirang langkung tilu welas taun nyiarkeun Islam ngan kenging antawis dalapan puluh dugi saratus dua puluh urang Makkah. 

Urang Islam anu ngan sakedik teh dijejeleh sareng disiksaan ku kulawargana. Kumargi kitu Nabi miwarang Jafar bin Abu Thalib supados nyandak urang Islam anu henteu gaduh panyalindungan kanggo hijrah ka Habasyah anu kiwari lebet nagari Etopia. Rajana harita kawentar adil jeung melaan ka jalma-jalma anu menta panyalindungan.

Rabu, 28 Oktober 2020

Tarikh Kangjeng Nabi: Babarna Muhammad bin Abdullah

Rabiul Awwal katelah sasihna Kangjeng Nabi Muhammad saw, nyeta sasih mulud. Dina sasih ieu Kangjeng Nabi Muhammad saw babar ka alam dunya tina rahim ibuna: Aminah binti Wahab. Kangjeng Nabi nuju dina kandungan atos yatim. Ramana: Abdullah bin Abdul Muthalib pupus di Yathrib saparantos mulih kasab (dagang). Layonna dikurebkeun ku saderekna anu linggih di Yathrib.

Sabtu, 25 Juli 2020

Tarikh Kangjeng Nabi (Mukadimah Dua)

Ibnu Ishaq kalebet muarikh (ahli sajarah) anu munggaran. Sanes wae ulama klasik jeung modern anu ngangkeun, oge ahli sajarah urang kulon (Barat) sapertos William Montgomery Watt nyebatkeun dina mukadimah buku "Tarikh Arrusul wal Muluk" anu ditarjamahkeun dina basa Inggris. Dina mukadimah disebatkeun yen Muhammad bin Yasar bin Ishaq (babar di Madinah taun 704 - ngantunkeun di Baghdad taun 768 M.) anu ngawitan nyerat kitab sajarah Nabi Muhammad saw anu jejerna Sirat Rasul Allah.

Saterasna kitab Sirat Rasul Allah eta populer disebat Sirah Ibnu Ishaq. Eta kitab diteraskeun eusina ku Ibnu Hisyam. Malihan aya riwayat-riwayat tina Sirah Ibnu Ishaq dipiceun ku Ibnu Hisyam, utamina ngeunaan Abu Thalib bin Abdul Muthalib jeung Ali bin Abu Thalib ra sarta syair-syair Arab ngeunaan Kangjeng Nabi. Malihan Husein Munis, ulama Mesir, nyebatkeun Ibnu Hisyam parantos ngarobih sajarah Nabi Muhammad Saw ku ngirangan eusi kitab Ibnu Ishaq. Saterasna diangkeun kitab sajarah atasnami Ibnu Hisyam. 

Sabtu, 21 Maret 2020

Anu Dijalankeun Umat Islam Kiwari Sanes Sunnah Nabi


Hiji mangsa keur di sakola. Simkuring turun ti lante dua. Niat mah rek tuang beurang. Di palebah lawang hareup sakola katinggal aya pun Guru anu direncangan guru simkuring anu jabatanna salaku pupuhu sakola sarta putra pun guru. Buru-buru kuring ngadeuheusan. Ngucap salam sareng ngesun pananganna. Ka simkuring pun Guru imut sareng naros perkawis kagiatan kuring di sakola. 

Pupuhu sakola kuring anu nerangkeun perkawis kagiatan kuring. Kuring mah unggeuk bari imut. Yuswa pun Guru ahir Agustus 2012 kamari 64 taun. Atos sepuh sareng incuan. Rambut dina mastakana katinggal aya anu bodas. Najan geus sepuh mun ninggal rarayna mah henteu katinggal aki-aki. Eta meureun pedah amis budi sarta sok resep banyol dina obrolan atawa caramah-caramahna.

Rabu, 16 Oktober 2019

Tarikh Kangjeng Nabi: Pupusna Rasulullah Saw

Ieu sajarah ngeunaan pupusna Kangjeng Nabi Muhammad saw. Dina buku-buku Sirah Nabawiyah langki dipedar. Dicarioskeun Kangjeng Nabi pupus alatan geuring parna. Sabab musababna dibaruang ku awewe Yahudi. Sohabat Nabi anu ngiring tuang oge kacarioskeun maot. Kangjeng Nabi anu karek sagegel langsung miceun eta daging kusabab kadangu sora anu nyarios yen ieu daging tos dibaluran make racun. Daging anu katuang ku Nabi teras lebet na bandanna sareng racunna nyaliara dina sakujur awak.

Selasa, 15 Oktober 2019

Tarikh Kangjeng Nabi: Abdullah bin Abdul Muthalib

Nembe ba'da shalat shubuh, simkuring maos buku sajarah Nabi Muhammad saw anu diserat dina versi novel. Anu nyeratna Abdurrahman Syarqawi, jejer bukuna Muhammad: Sang Teladan (Bandung: Penerbit Irsyad Baitussalam, 2007). Numutkeun simkuring ieu buku kawilang sae dina narjamahkeun. Karaos gampil kahartos sareng henteu sesah nyerepna dina uteuk kuring. 

Jumat, 05 April 2019

Kangjeng Nabi: Hijrah Rasulullah Saw

Dicarioskeun urang kafir Quraisy geus beakeun cara pikeun nyingkirkeun Kangjeng Nabi. Dina gempungan, urang Quraisy netepkeun Kangjeng Nabi kedah dipaehan ku pamuda anu masing-masing ngawakilan ti unggal bani di Makkah. Kabeh sapuk jeung ngirimkeun wakilna bari mawa pedang seukeut anu baris dipake maragatkeun nyawa Kangjeng Nabi.

Ditangtoskeun dina hiji peuting Kangjeng Nabi bade dipateni. Saratus pamuda anu gaduh pancen maehan geus aya dipipir bumi Kangjeng Nabi. Kukawasana Allah, Kangjeng Nabi dipasihan terang maleman eta kedah hijrah ka Madinah (Yathrib). Peuting harita pisan Kangjeng Nabi miwarang Ali bin Abi Thalib sangkan daek kulem na bangku tempat bobona.