Minggu, 20 September 2020

Tarjamah An-Nashr (Pitulung)

  بِسْمِ اللّٰهِ الرَّحْمٰنِ الرَّحِيْمِ

Kalayan asma-Na Allah, Nu Maha Murah, Nu Maha Asih.


إِذَا جَآءَ نَصْرُ ٱللَّهِ وَٱلْفَتْحُ

Nalika datang pitulung Allah katut kaunggulan;

وَرَأَيْتَ ٱلنَّاسَ يَدْخُلُونَ فِى دِينِ ٱللَّهِ أَفْوَاجًا

Jeung maneh nenjo jalma-jalma ngaleut ngeungkeuy arabus kana agama Allah.


فَسَبِّحْ بِحَمْدِ رَبِّكَ وَٱسْتَغْفِرْهُ ۚ إِنَّهُۥ كَانَ تَوَّابًۢا

Prak mahasucikeun Pangeran maneh bari muji, sarta geura menta dihampura ka Anjeunna, saestuna Anjeunna nu salawasna nampi tobat.


**
Di mana datang pitulung,
ti Gusti Alloh Nu Agung,
katingal jalma ngagulung,

asup ka agama luhung.
Jeung ti mana kadatangan,
ku terbuka ti Pangeran,
urang kudu geugeuwatan,
muji sukur ka Pangeran.

Ka nu ni’mat kudu sukur,
ka Alloh nu Robbun Gopur,
jeung kudu daek tapakur,
ngarah maneh subur makmur.

Jeung kudu geuwat tobatna,
tina sakabeh dosana, 
margi Alloh pangsaena,
nampina kana tobatna.

**

Tarjamah surah An-Nashr anu diluhur dicandak ti mushaf Al-Amin: Al-Quran Tarjamah Sunda; medal taun 2003 ku Dipenogoro Bandung. Sareng nyandak ti buku Terjemahan Puitis Al-Quran; medal taun 2019 ku Layung Bandung. 

Hayu urang aos surah Annasr ieu bari lenyepan. Maos Alquran kanggo urang Islam mah kalebet wajib. Kumargi kitu salain apal, urang oge kedah terang kana eusi eta surah. Jaba ieu mah kalebet surah pondok anu biasa dianggo na ibadah shalat. *** (ahmad sahidin)