Jumat, 18 September 2020

Tarjamah Al-Ikhlas (Ihlas)

 بِِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْمِ

Kalayan (nyebat) asma-Na Allah Nu Maha Welas, Nu Maha Asih.


قُلْ هُوَ اللَّهُ أَحَدٌ

Ucapkeun: Anjeunna Gusti nu hiji,


اللَّهُ الصَّمَدُ
Gusti tempat gumantungna sagala rupa,


لَمْ يَلِدْ وَلَمْ يُولَدْ

Anjeunna teu kagungan murangkalih ogé henteu dipimurangkalih,


وَلَمْ يَكُنْ لَهُ كُفُوًا أَحَدٌ

sarta taya nu sarupi sareng Anjeuna.

 

Surah Al-Ikhlaas ieu hartosna ihlas. Tiasa ditafsirkeun murni dina katuhanan. Ngan hiji-hiji ilah anu kedah disembah ku urang Islam nyaeta Allah. Ieu surah ka 112 dina juz amma. Lebetna na bagean surah Makkiyah, anu lungsurna di kota Makkah. Eusina opat ayat. Eusina ngeunaan tauhid, akidahna urang Islam. 

Mun maluruh dina Sirat Rasul Allah yasana Ibnu Ishaq (pupus taun 768 Masehi di Baghdad, Irak) ieu surah patali sareng pepentol Yahudi jeung Nasrani anu tumaros ngeunaan Allah. Patarosanna kieu: "mun Allah anu nyiptakeun urang sadaya katut alam dunya, saha ari anu nyiptakeun Allah?" Kangjeng Nabi Muhammad Saw ku Malaekat Jibril dipiwarang ngawalerna ku macakeun surah Al-Ikhlas ayat hiji dugi opat. Janten ieu surah eces ngeunaan tauhid anu negeskeun prinsip katuhanan dina agama Islam. 

Dina katerangan anu galib di pasantren disebatkeun surah Al-Ikhlas kalebet sapertiluna Al-Quran. Mun macana dugi tilu balikan maka bakal kenging pahala sapertos namatkeun maca Al-Quran. Kusabab kitu unggal Romadon tiap taraweh sok dibaca tiap rokaat kadua. Malihan aya ajengan anu kantos ka nagari Parsi. Anjeuna nyebatkeun di nagari Parsi mah ulama na resep maos surah Al-Ikhlas. Ampir rokaat kadua anu shalat fardhu na dizaharkeun bada Al-Fathihah teras bae maos surah Al-Ikhlas. Di nagari urang oge mun tahlilan atawa zarah ka kuburan sok maca surah Ikhlas. Tangtos seueur pisan hikmah jeung faedah na eta surah. Sumangga dibukaan deui tafsir ngeunaan Al-Ikhlas dina kitab-kitab sapertos Al-Qurthubi, Al-Mizan, Al-Mishbah, Al-Amtsal, Min Wahy Al-Quran, Al-Azhar jeung sajabina. *** (Ahmad Sahidin)