Rabu, 30 September 2020

Perkawis Paham Islam (na) Muslim IJABI

Sampurasun... Ieu mah ukur bewara kanggo anu resep ngaji kaislaman di Indonesia. Simkurinng bade babagi perkawis mazhab atanapi paham Islamna urang Syiah anu aya di nagari urang. Ngan anu bade didugikeun paham Islamna urang IJABI anu katelahna Ijabiyyun, anu hartosna Muslimin Syiah ti masyarakat Islam anu ngiring orhanisasi IJABI (Ikatan Jamaah Ahlul Bait Indonesia).

Pupuhu IJABI anu pangluhurna Kyai Haji Doktor Jalaluddin Rakhmat anu kawentar Kang Jalal. Anjeuna numutkeun simkuring tiasa kasebat salaku tokoh Islam (ulama) Syiah di Indonesia. Mun nilik kana obrolan jeung guaran na seminar anu kantos ku simkuring ngiring mah Kang Jalal teh paham (mazhab) Syiahna Duawelas Imam anu katelahna Imamiyyah atanapi Itsna Asyariyah. 

Kiwari mah paham Syiah duawelas Imam ieu kawentar disebat mazhab AB (Ahlul Bait). Sabab numutkeun Kang Jalal beda pisan antawis Syiah jeung Ahlul Bait. Syiah mah nami ngeunaan kelompok urang Islam anu tumut ka Ahlulbait. Harita disebat Syiah sabab anu munggaran disebat ku Rasulallah Saw ngeunaan Ali jeung anu taat ka anjeuna. Ahlulbait nyeta kulawargi Nabi anu diseabtkeun na hadis salaku jalmi anu kedah ditumut sabada Rasulullah Saw. Kumargi kitu orhanisasina oge ngangge nami Ahlul Bait sapertos IJABI sareng ABI (Ahlul Bait Indonesia) henteu ngangge nami Syiah. Sabab tumutna ka Ahlulbait sareng Rasulullah Saw. Katingalna ngan aya dua orhanisasi resmi di urang dugi ayeuna. Panginten yayasan jeung majelis taklim mah seueur.

Di Bandung mun hoyong ngiring ngaji Syiah tiasa ka pangajian ahad tabuh dalapan dugi sawelas di Masjid Al-Munawwarah (Jalan Kampus daerah Kiaracondong; salingkungan sareng Yayasan Muthahhari), unggal malem jumaah sabada magrib di Majelis Alwi Assegaf (Jalan Kembar daerah Sriwijaya), unggal malem jumaah sabada maghrib jeung sabada ashar di Husainiyyah (Jalan Gegerkalong Girang daerah Ledeng). Ngan tilu tempat eta anu kuring apal.   

Perkawis Syiah di Indonesia parantos aya anu nalungtik. Aya disertasi di Universitas Leiden, Belanda; disertasi di Australia (hilap deui nami kampusna); disertasi di Universitas Padjajaran Bandung anu jejerna Gerakan Syiah di Jawa Barat abad ke-16 hingga abad ke-20 ku Dr Wahyu Iryana (lulus dina sidang terbuka ping 13 Agustus 2019), sareng panalungtikan Tim Kemenag anu parantos dibukukeun (ngan hanjakal henteu disebar) jejerna “Dinamika Syiah di Indonesia” medal taun 2016.

Tah hasil panalungtikan ilmiyyah eta tiasa diaos jeung diguar deui. Sumangga anu bade neraskeun riset ilmiyyah ngeunaan Syiah di Indonesia, saena maosan disertasi jeung karya riset anu parantos disebat nembe.

Sakeudik peryogi didugikeun. Urang Islam anu mazhabna Syiah lebet ka Nusantara kalebet munggaran. Malihan agama Islam anu ngawitan dicandak ku padagang Muslim disebat paham (mazhab) Syiah. Padagang Muslim sumpingna ti Timur Tengah, Hadramaut atanapi Yaman, Persia, India jeung sajabina dina abad 8 Masehi dugi abad 16 Masehi. Ngan anu nyebarna sanes widang akidah jeung fikih, tapi widang tasawuf jeung budaya. Ulama kupungkur di Jawa, Sumatera, Kalimantan, Bengkulu sareng daerah sejen dicarioskeun dina kaagamaanna aya unsur Syiah. Kabiasaan maos shalawat, muludan, asyura, rebo kasan (wekasan), marhabaan, zarah kubur, tahlilan jeung yasinan (Al-Quran) unggal malem jumaah jeung sajabina. Eta sadaya kalebet kagiatan urang Islam anu parantos keuna pangaruh mazhab Syiah.

Di Tatar Sunda katelah carita Bagenda ‘Ali tepang sareng Kean Santang. Pangeran Boros Ngora guguru ka Bagenda ‘Ali. Di Kasepuhan Cirebon aya macan ‘Ali jeung bandera anu kalimahna nyabit nami ‘Ali bin Abu Thalib ra. Malihan sanjata kujang bentukna mah seratan ‘aliyyun (kaligrafi Arab). Nami ‘Ali dina sajarah kalebet Imam mazhab Syiah anu kahiji. Tangtos perkawis carita lisan jeung budaya anu disebatkeun tiasa ditafsirkeun henteu pakait sareng mazhab Syiah. Sumangga diguar sacara akademik. Insya Allah kuring mah bade maosan hasilna.   

Panalungtikan pribadi simkuring di komunitas IJABI Bandung ngeunaan Islam mazhab Syiah ti taun 2002 dugi taun 2018. Ieu catetan ngeunaan paham Islamna urang Ijabiyyun (simkuring nelahna Muslim IJABI).

Orhanisasi IJABI ajegna ping 1 Juli 2000 di Gedong Merdeka, Asia Afrika Bandung. Kiwari orhanisasi IJABI tos resmi gaduh badan hukum ti nagara. Janten IJABI mah kalebet resmi ormasna urang Islam (anu mazhabna Syiah). Ngan nilik kana profilna mah, anu lain Syiah oge kenging gabung asal micinta Rasulullah saw jeung Ahlulbaitna. Kitu cenah mun maos profil dina situs www.majulah-ijabi.org.

Nuju simkuring kuliah di UIN Bandung taun 1999 dugi 2003, kantos nguping ngeunaan mazhab Syiah jeung tokohna anu kawentar harita nyaeta Kang Jalal. Simkuring maca bukuna Islam Aktual sareng Islam Alternatif. Seukeut dina analisis jeung katingal pinter anu nyeratna. Ngan kuring teu kabita ku mazhab Kang Jalal sabab harita tacan apal anu bener. Sabab kuring masih diajar dina agama.

Kaleresan dina kuliah diajar ngeunaan Syiah dina Ilmu Kalam, Ilmu Fiqih jeung Ushul Fiqih, Filsafat Islam, jeung Pemikiran Modern Dunia Islam, jeung Teori Politik Islam. Dina eta sadaya mata kuliah kabahas ngeunaan Syiah ti jaman klasik dugi kontemporer. Lain hungkul Syiah, mazhab jeung paham Islam anu sejen oge dibahas. Janten kuring tiasa kaasup jalmi anu wasathiyyah (non-sektarian) bae kusabab diajar ngeunaan mazhab jeung paham urang Islam anu kantos aya dina sajarah umat Islam dugi kiwari. Janten tos aya dasarna kuring mah dina wacana mazhab. Kantun ngaguar dugi ka jero bae mun hoyong diteuleuman mah. Sugan kaumuran urang guar eta mazhab jeung paham Islam teh mun aya rizkina dina lingkungan akademik.   

Nuju kuliah harita, kuring boga babaturan anu resep kana pikiran Kang Jalal. Kuring sok tatanya ngeunaan mazhab Syiah anu dianut Kang Jalal. Kantos ditepangkeun langsung sareng Kang Jalal teras putrana anu namina Ustad Miftah Rakhmat. Kuring ngahayukeun dina raraga tabayun. Supados jentre ngeunaan Syiah. Langsung numutkeun urang Syiah. Lain cenah atanapi euceuk batur. Simkuring ngaraos resep ngobrol sareng Kang Jalal teras Ustad Miftah. Sae pisan panampianna ka semah. 

Hasil obrolan kuring jeung dua Ustad IJABI eta, tiasa disimpulkeun aranjeuna mah ngajanteunkeun Ahlulbait (Kulawargi Rasulullah Saw) sebagai uswah jeung marjaiyyah diniyyah (rujukan atanapi referensi kaagamaan), utamina dina akhlak. Kusabab kitu aya istilah "dahulukan akhlak di atas fikih" anu teras janten buku anu diserat ku Kang Jalal. Malihan janten slogan sareng karakter urang IJABI anu mayunkeun akhlak dina mutuskeun pasualan agama atanapi ikhtilaf fikih. Numutkeun urang IJABI mah tiasa disebatkeun cekap akhlak bae anu janten ukuran kasolehan urang Islam. Sabab misi Kangjeng Nabi anu utami nyaeta nyampurnakan akhlak. Kumargi kitu akhlak janten anu utami kanggo urang Ijabiyyun.

Numutkeun aranjeuna sabada pupusna Rasulullah saw, dina rujukan agama Islam kedah ngiring ka Ahlulbait salaku marjaiyyah. Kumargi kitu Ijabiyyun ngangkeun 'Ali bin Abu Thalib ra salaku uswah dina agama sareng kahirupan sadidinten. Sabab Kangjeng Nabi Muhammad saw kantos nyarios di Ghadir Khum yen saestuna 'Ali janten mawla anu kedah ditumut sabada Nabi. Teras dina hadis disebatkeun kedah nyepeng Kitabullah wa Itrah Ahlulbait (Rasulullah saw) anu kawentar disebat hadis tsaqalain.

Dina hadis sejenna disebatkeun Itrah Ahlubait sanes hungkul Bagenda 'Ali, tapi oge Al-Hasan jeung Al-Husen (dua putu Rasulullah Saw ti Siti Fathimah anu nikah jeung 'Ali) teras katurunan Al-Husen nyaeta Ali Zainal Abidin, Muhammad Baqir, Jafar Shadiq, Musa Kazhim, Ali Ar-Ridha, Muhammad Al-Jawad, Ali Al-Hadi, Hasan Askari jeung Imam Muhammad yang kawentar gelarna Al-Mahdi Al-Muntazhar. Anu pamungkas ieu mah masih jumeneng ngan gaib. Engkin bakal kaluar sateu acan Kiamat anu merangan dajjal jeung yajuj majuj. Al-Mahdi anu bakal ngawujudkeun kahirupan tentrem jeung makmur saalam dunya.

Imam Syiah ti kawit 'Ali dugi Al-Mahdi posisina nyaeta rujukan dina kaagamaan sabada pupusna Rasulullah saw. Imam Syiah sanes pamingpin pulitik, tapi pamingpin kaagamaan. Kumargi kitu dina mazhab Syiah disebat prinsip Imamah saatos Nubuwwah. Janten urang Ijabiyyun sareng urang Syiah, lain hungkul nyepeng ajaran Tauhid sareng Nubuwwah (Syahadatain), tapi oge percanten anu janten panutan saatos Nabi nyaeta Imam anu duawelas. Tah ieu disebatna prinsip Imamah anu lebet dina ushul mazhab Syiah. Salian ti Imamah, urang Syiah negeskeun al-'Adl lebet ushul mazhab. Sedengkeun Tauhid, Nubuwah sareng Al-Maad lebet ushuluddin (dasar kayakinan agama Islam).

Numutkeun aranjeuna, urang Islam anu henteu percanten prinsip Imamah tetep bae diangkeun kaislaman sareng kaimananna. Tetep diangkeun Muslim/Muslimah mun ngucapkeun syahadatain sareng nyepeng Al-Quran katut Al-Hadis salaku sumber ajaran agama Islam. Janten prinsip Imamah mah cirining urang Islam anu mazhabna Syiah.

Sanajan Abu Bakar bin Quhafah jeung Umar bin Khatab teras Usman bin Affan jaranten khalifah anu ngawasa pamarentahan di Madinah (saatos pupusna Rasulullah saw), tetep bae anu janten rujukan dina perkawis agama Islam nyeta Sayyidina 'Ali bin Abu Thalib karamallahu wajhah dugi Imam Al-Mahdi anu panungtung. Kumargi kitu kakawasaan sareng kanagaraan henteu aya patalina sareng prinsip Imamah.

Janten sabada pupus Rasulullah Saw, aya dua kapamimpinan nyeta widang pulitik sareng widang agama. Ngeunaan agama sabada pupus Nabi dipimpin ku 'Ali bin Abu Thalib ra; teras ngeunaan pulitik dipimpin ku Abu Bakar ra anu disebatna khalifah rasyidin. Sanajan 'Ali bin Abu Thalib ra nyangking Imam (marjaiyyah diniyyah), tetep bae dina pamarentahan jeung kamasyarakatan ngiring aturan khalifah anu nyepeng kakawasaan di Madinah.

Prinsip Imamah numutkeun mazhab Syiah neraskeun prinsip Nubuwwah anu khususna syiar jeung amaliah Islam anu diajarkeun Rasulullah Saw. Nubuwwah parantos rengse, pungkasan ku pupusna Nabi Muhammad Saw. Ngan ajaran sareng uswah dina agama Islam henteu pareum. Anu masihan penerangan ngeunaan Al-Quran sareng Hadis Nabi sarta referensi dina agama Islam (numutkeun mazhab Syiah) nyaeta Imam 'Ali sareng sawelas Imam Syiah anu namina disebatkeun dina hadis-hadis ti riwayat Ahlulbait.

Urang teraskeun ngeunaan ajaran Islam mazhab Syiah. Jalaran nuju gaib Imam Mahdi, maka urang Syiah cekap taqlid ka ulama Syiah anu ngolotok dina paham Syiah sarta kaelmuan agamana. Ulama ieu disebatna Mujtahid atanapi Marja Taqlid. Gelarna Ayatullah Udzma (Grand Ayatollah) di Iran, Iraq, jeung Lebanon. Mun di Mesir mah Syaikh A'la (Grand Syaikh). Di Suriah disebatna Mufti anu posisi di majelis fatwa (ifta') teras di Indonesia posisina di MUI.

Wargi Muslim IJABI tetep ngagunakeun kitab suci Al-Quran. Kitab Al-Quran anu diaos ku Ijabiyyun, sami sareng anu dianggo urang Sunni (Ahlus Sunnah). Di mana bae, di sakuliah jagad ieu kitab suci urang Islam mah sami, nyaeta Al-Quran. Ngan tafsir satiap ayat Al-Quran anu bareda antawis mazhab-mazhab anu aya di urang Islam.

Dina hadis, lain hungkul ti riwayat sohabat anu ditampi, urang Syiah nampi hadis anu diriwayatkeun ku Ahlulbait Nabi Muhammad Saw sapertos anu runtuyanna ti 'Ali bin Abu Thalib, Sayidah Fathimah, Al-Hasan, Al-Husein dugi ka Imam Askari anu kasawelas dina runtuyan Imam Ahlulbait. 

Teras urang Ijabiyyun oge taqlid ka ulama-ulama Syiah anu luhung dina kaelmuan agama Islam. Kiwari mah disebatna Marja Taqlid atanapi Mujtahid anu biasana masihan fatwa dina kaagamaan. Tah ka ulama eta urang Syiah ngarujuk mun hoyong terang dina tafsir Al-Quran, fikih, jeung ngeunaan halal haram jeung sajabina.

Wargi muslim IJABI sajabi nyandak fatwa ti Marja Taqlid (anu kasohor aya di Irak, Iran, jeung Lebanon) maranehna tumut ka Dewan Syura IJABI. Sagala rupi ngeunaan orhanisasi sareng kaagamaan Islam anu sifatna praktis sareng kaelmuan (anu henteu tiasa maosan risalah sareng fatwa Marja Taqlid), urang Ijabiyyun tatarosna ka Dewan Syura IJABI. Di antawisna ka KH Jalaluddin Rakhmat jeung Ustad Miftah Rakhmat anu sok dijantenkeun rujukan ku wargi muslim IJABI.

Dina kabudayaan mah wargi muslim Syiah anu ngiring orhanisasi IJABI henteu benten sareng urang NU (Nahdlatul Ulama). Kabiasaan maca Yaasin, Tahlilan jeung doa Kumayl unggal malem Jumaah. Tawasulan jeung shalawat ka Kangjeng Nabi unggal wengi malem rebo. Ziarah ka makam-makam jeung ngayakeun Haul (mun tepang poe wafatna para Imam ti katurunan Rasulullah saw) jeung ngayakeun Muludan Rasulullah saw dugi para Imam anu dijantenkeun uswah. Haji jeung umroh tetep ka Makkah jeung Madinah. 

Ngan dina widang sedekah lain hungkul Zakat, urang Syiah mah mayar Khumus. Anu ieu mah dalilna aya dina Al-Quran. Dina urusan Shaum Ramadhan urang Ijabiyyun ngiringan pamarentah Indonesia (Kemenag jeung MUI) dina ngawitan jeung akhir puasa. Kitu oge dina Idul Fitri jeung Idul Adha ngiringan pamarentah. 

Dina sasih Safar, wargi muslim IJABI ngayakeun majlis Arbain tiap ping 20 Shafar ngeunaan zarah ka makam Imam Husen putuna Nabi Muhammad Saw anu dikurebkeun di Karbala, Irak. Aranjeuna oge ngayakeun haul pupusna Kangjeng Nabi Muhammad Saw sareng haul putuna, nyeta Al-Hasan, anu sami ngantunkeun di ahir sasih shafar. Mun di masyarakat Tatar Sunda kagiatan ngadoa dina ahir sasih shafar teh disebatna rebo kasan. Malihan di Garut, lembur simkuring, janten kabiasaan urang kampung supados henteu kenging bala jeung musibah.

Parantos janten kabiasaan wargi muslim IJABI ngayakeun maleman Nisfu Syaban anu dieusi ku maos Al-Quran jeung doa sarta shalawat. Eta diayakeun dina wengi lima welas Syaban dugi ka janari teras diungkas ku shalat subuh jamaah. Dina ping 15 Syaban na biasana aya anu shaum (puasa sunah). Kitu oge dina sasih Ramadhan unggal maleman ganjil ti ping 19 dugi ka malem 23 Ramadhan diayakeun ngaji jeung dzikir sarta shalawat jeung ngadoa; ti ba'da Isya dugi ka bade sahur (imsak) teras shalat subuh jamaah. Kuring kantos ngiringan dina malem lalilatul qadar sasih Ramadhan kapungkur. 

Teras dina kaifiyat netepan (shalat), urang muslim IJABI anu ku simkuring terang dina gerakan shalat sapertos mazhab Sunni fikih Maliki anu biasa dipraktekkeun urang Madinah, Arab Saudi. Pananganna henteu sidakep mun keur ngadeug shalat. Leupas bae ka handap. Ari takbir jeung ruku sarta sujud mah sarua sareng wargi muslim NU atanapi wargi Muhammadiyah. Ngan panginten na bacaan na urang  muslim IJABI ditungtungan ku shalawat sabada maos tasbehna. 

Simkuring nyalira ninggal di Masjid Munawwarah (anu cakeut Yayasan Muthahhari Bandung sareng didinya oge bumi Kang Jalal). Para wargi anu ngiring netepan dina gerakan shalat sami bae jeung urang Sunni anu sidakeup. Malihan sami sareng wargi urang NU ngangge qunut dina netepan sarta dzikir jeung shalawat mun atos beres shalat. Katingalna wargi muslim IJABI henteu sadayana linggih cakeut Muthahhari. Janten wargi sakitar Muthahhari mah tiasa disebat henteu acan jaranten muslim Syiah. Tah dina sual ieu katingalna Kang Jalal sareng orhanisasi IJABI sarta Muthahhari henteu ngaliarkeun ajaran Syiah ka wargi anu aya didinya. Jigana dakwah na hususon kanggo urang Syiah hungkul henteu ka muslim anu sanesna.

Simkuring kantos ninggal sababaraha wargi muslim IJABI dina shalat sujudna ngangge turbah (taneuh anu geus garing dibentuk janten buleud). Harita keur shalat dzuhur saatos kagiatan ilmiyyah di Aula Muthahhari. Ngan anu make turbah henteu seueur. Jigana mun dietang kirang langkung sapuluh urang. Langkung seueur anu sujudna langsung kana karpet. Malihan numutkeun bewara pangurus IJABI yen ustad-ustad IJABI di masyarakatna jaranten imam jeung khotib jumaah. Henteu misahkeun diri ti lingkungan,  muslim IJABI ngiring shalat fardhu berjamaah di masjid sareng kaum Muslimin anu sanesna. 

Tah ieu perkawis anu biasana ditataros nyeta kawin mut'ah. Numutkeun Kang Jalal, urang Ijabiyyun henteu kenging ngalakukeun kawin mut'ah. Sanajan dalilna kuat dina Alquran jeung riwayat. Tah ieu lebet kawijakan orhanisasi kanggo Ijabiyyun. Tiasa janten urang Syiah anu sanesna mah ngalakonan. Ngan ieu kedah aya panalungtikan perkawis kawin mut'ah di masyarakat Indonesia. Naha aya praktekna? Sok ah diguar ngaliwatan riset lapangan.

Teras dina sikeup kanagaraan u muslim IJABI henteu nolak Pancasila. Malihan ngadukung azas Pancasila, NKRI, UUD 1945 jeung Bhineka Tunggal Ika. Simkuring kantos ngiringan acara Haul Al-Husain jeung Muludan Kangjeng Nabi Muhammad Saw sareng komunitas IJABI anu diayakeun di Bandung jeung Jakarta teras di Cirebon. Dina acara eta saatos maos Al-Quran jeung Shalawat ngaradeug nyanyi Indonesia Raya teras aya anu maca Pancasila. Janten siga di sakola kuring nuju kapungkur ti SD dugi SMA. Kiat dina agami jeung henteu hilap micinta nagara Indonesia.

Janten sesah mun urang Ijabiyyun disebatkeun kaum makar. Pancasila anu janten azas IJABI sareng tumut ka pamarentah NKRI dina aturan ka orhanisasian; malihan dina ngawitan shaum Ramadhan sareng Idul Fitri tumut bae ka Kemenag sareng MUI. Sesah oge disebat kaum sesat. Ampir sadaya rujukan kaagamaan muslim IJABI nyandak tina Al-Quran, Al-Hadis Rasulullah Saw sareng riwayat ti Al-Ma'shumin (Imam-imam Syiah sareng ti Sayidah Fathimah Azzahra). Salain dua rujukan eta, muslim IJABI ogea dina kaagamaan nyokot fatwa ulama-ulama Syiah anu kasebatna Marja Taqlid di Iran, Irak sareng Lebanon.

Janten leres anu disebatkeun Grand Al-Azhar (ti Mesir) Ahmad Thayyeb jeung Ali Jumah saestuna urang Syiah lebet bagean ti umat Islam. Kumargi kitu sesah kanggo misahkeun mazhab Syiah ti agama Islam. Ngomongkeun Syiah moal leupas ti agama Islam, moal leupas ti Rasulullah Saw sareng Ahlulbait jeung sohabat Nabi. Moal leupas oge ti ulama-ulama jeung kitab-kitab kaagamaan.  

Tah sakitu anu ku simkuring terang perkawis Islam mazhab Syiah anu dianut ku Ijabiyyun (komunitas IJABI). Mun kirang eces dina ngeunaan paham Syiah jeung orhanisasi IJABI, sumangga tepangan bae ustadz sareng pangurusna. Cag! *** (ahmad sahidin, alumni uin sgd bandung)