Selasa, 15 September 2020

Tarjamah Annas (Manusa)

 بِسْمِ اللَّـهِ الرَّحْمَـٰنِ الرَّحِيمِ

Kalayan (nyebat) asma-Na Allah Nu Maha Welas, Nu Maha Asih.


قُلْ أَعُوذُ بِرَبِّ النَّاسِ

Ucapkeun: Kami nyalindung ka Gusti manusa,

مَلِكِ النَّاسِ
Maharaja sakab
éh manusa,


إِلَـٰهِ النَّاسِ
sesembahan manusa,


مِن شَرِّ الْوَسْوَاسِ الْخَنَّاسِ
tina kajahatan har
éwos setan nu biasa nyumput,


الَّذِي يُوَسْوِسُ فِي صُدُورِ النَّاسِ
anu sok ngahar
éwoskeun kajahatan kana jero hate manusa,


 
مِنَ الْجِنَّةِ وَالنَّاسِ 
ti golongan jin jeung manusa.


 

Surah An-Nas ieu lebetna juz amma. Disimpen na Mushaf Al-Quran bagean ahir (panungtung). Biasana diaos dina netepan (shalat) fardhu sabada surah Al-Fathihah. Surah An-Nas ieu kawilang pondok jeung gampil diapalkeun. Malihan na katerangan mah dianjurkeun diaos tiap bade kulem wengi. Saurna ieu surah kanggo tulak bala. Zaroh ka makam kulawargi atanapi ka makam-makam ulama dianjurkeun maos surah Annas disarengan ku surah Al-Falaq sarta Al-Fatihah, Ayat Kursi jeung Surah Yaasin. 


Parantos seueur midang kitab tafsir alquran ngeunaan surah Annas. Diantawisna tiasa muka applikasi Quran Kemenag buka bagean tafsir. Kantun pilih bae surah Annas. Tangtos seueur pisa hikmah tina surah Annas. Kumargi kitu hayu urang aos surah An-Nas sareng urang lenyepan eusina. Kubarokah na surah Annas, mugi urang dijagi tina kajahatan jeung pangaruh setan anu ngancik na diri. Aamiin Ya Robbal 'alamiin. *** (ahmad sahidin)