Sabtu, 26 Maret 2022

Khalifah Sabada Rasulullah saw

GEUS sapuk kabeh ahli sajarah yen Kangjeng Nabi Muhammad Saw pupus di bumi nu kiwari janten Masigit Madinah Al-Munawwarah. Dina eta tempat Kangjeng Nabi dikurebkeun ku Kulawargi Nabi (Ahlulbait) di antarana Imam Ali bin Abi Thalib sareng dua putrana, Abbas bin Abdul Muthalib. Malihan mah sohabat Usamah bin Zaid, Ammar bin Yasir, Abu Dzar, Salman al-Farisi sareng Bilal bin Rabah oge kasebatkeun marantena icikibung dina mulasara layon Kangjeng Nabi dugi ngurebkeun. 

Ari sohabat Umar bin Khaththab, Abu Bakar, jeung nu liana mah harita teh kacaturkeun keur marebutkeun “pupuhu” (khalifah) nu baris mimpin saba’da Nabi Muhammad saw. Parebutna jeung urang Islam Anshar. Dina gempungan nu diayakeun di Bale Saqifah, aya urang Anshar nu nolak ka putusan Umar nu ngabaeat Abu Bakar. Jalma nu nolak teh diancam ku pakarang seukeut ngarah sapuk. Saenggeus ngabaeat Abu Bakar, antugna mah indit kaluar ti Madinah. Tapi aya oge nu nyebatkeun henteu baeat. 

Dina sajarah, nu teu baeat teh sohabat Saad bin Ubadah sareng baladna urang Islam Anshar. Malihan mah Saad bin Ubadah dicalonkeun jadi khalifah gentos Kangjeng Nabi ti pihak Anshar. Sedengkan ti pihak Muhajirin nu mimiti ajukeun teh Umar bin Khaththab. Kusabab moal puguh mun diji nagara diparentah ku dua jalma, nya Umar tuluy ngabaeat Abu Bakar bari mere ancaman pakarang mun teu ngilu ngabaeat. 

Antugna Abu Bakar dibaeat ku urang Islam nu ngilu gempungan Saqifah. Nu aya dina eta gempungan kasebat teu loba kusabab lolobana mah urang Islam teh ngariung di bumi Kangjeng Nabi ngilu nyakseni mulasara layon. Kitu deui Ahlulbait (Kulawargi Nabi) mah teu ngiluan eta gempungan kusabab urusan ngurus layon leuwih utama jeung kaasup ibadah. 

Didieu simkuring boga pataraosan: naha sohabat Umar sarta Abu Bakar jeung nu aya di Bale Saqifah beut ninggalkeun layon Kangjeng Nabi? Jigana mah maranehna ninggali langkung utama ngurus kakawasaan batan mulasara Kangjeng Nabi. 

Deudeuh teuing Kangjeng Nabi… geuning ari geus pupus mah ditinggalkeun; henteu dipalire. Geus pupus mah teu inget; henteu emut yen maranehna teh dijait sarta diangkat darajatna ku Kangjeng Nabi janten mitoha. 

Naha Ahlulbait sapertos Sayidah Fathimah, Imam Ali bin Abi Thalib, Sayidina Hasan, Sayidina Husen, sareng sohabat Bilal, Salman, Ammar, Abu Dzar, Usamah, sarta mamang Abbas bin Abdul Muthalib jeung nu sejenna teu ilubiung dina Bale Saqifah? 

Mun noong sajarah haji panungtung nu dilakonan Kangjeng Nabi sareng 120 rebu urang Islam kacarioskeun yen saba’da mulang ti Makkah, di Ghadir Khum ping 18 Dzulhijjah 10 Hijriah (15 Maret 632) Kangjeng Nabi parantos masihan amanat yen janten Imam keur umat Islam saba’da Rasulullah saw nyaeta Imam Ali bin Abi Thalib. Kangjeng Nabi ngadawuh bari ngacungkeun leungeun Imam Ali dihareupeun urang Islam: “Man kuntu maula, fahadza Aliyyun maula. Saha jalma nu ngajadikeun Kaula pupuhu aranjeun, tah ieu Ali pupuhu aranjeun oge.” 

Riwayat Ghadir Khum eta kaasup hadis mutawatir. Ahli hadis Muslim sareng Tirmidzi nyebatkeun soheh. Ngan jalma-jalma nu paham Wahabi bae nu embung narima eta hadis. Majarkeun teu aya dina Bukhari. Mun ngilikan ka ahli hadis sareng pangalungtikan anyar sapertos Prof Muhibbin ti IAIN Walisongo jeung Muhammad Al-Ghazali ti Mesir, hadis Bukhari teu sadayana soheh.Malihan mah panalungtikan Ustadz Jalal (Jalaluddin Rakhmat) dina buku Al-Mushthafa disebatkeun seueur riwayat (hadis) nu ti Bukhari henteu kuat sarta patukangtonggong jeung Al-Quran. Janten sidik yen pananluntikan ahli hadis baheula teu bebas tinu salah. Kunaon atuh urang Wahabi beut nganggap soheh jeung sumber utama saenggeus Quran?

Teuing atuh. Ngan ari kuring mah langkung percanten kana panalungtikan kiwari batan nu baheula mah. Keur kuring mah jentre yen nu disebatkeun di Ghadir Khum nu ngagaduhan hak khalifah saba’da Rasulullah saw. *** (ahmad sahidin)