Urang lembur, hususna di Samarang Garut masih keneh zaroh, masih ngayakeun marhabaan sareng maca barjanji, masih sholawatan, masih muludan, masih tasawul, nisfu syaban, jeung sajabana. Eta kabeh mun ditilik tina tradisi mah aya dina mazhab Syiah atanapi Ahlulbait. Dugi kiwari di Iran sareng Lebanon atanapi Bahraian sareng Irak sadaya tradisi anu disebatkeun masih keneh dilakukeun ku urang Islam. Bejana mah di Mesir mulai dicaram ku ulamana. Jigana paham Wahabi geus asup kana akal pikiran ulama-ulama Mesir.
Dugi ayeuna kuring teu
ngarti kunaon urang Islam—anu taklid ka Muhammad bin Abdul Wahab—masih keneh
resep ngaharamkeun nu teu haram sarta masih ngewa ka umat Islam nu nyepeng
paham Syiah. Malihan dina sajarah dicaritakeun di Arab Saudi, urang Islam anu
nyepeng mazhab Wahabi wani ngaruksak pajaratan Kangjeng Nabi. Maranehna oge
dugi ngahalalkeun getih urang Islam nu beda paham. Mangga geura aos buku Wahabisme
karya Dr Hamid Algar anu diterbitkeun Paramadina Jakarta.
Jigana ulama di Jawa
Timur anu nyebatkeun sasar ka urang Islam anu mazhab na Syiah teh kapangaruhan ajaran Wahabi. Dugi wani ngagerakeun
massa keur merangan jeung ngahancurkeun urang Islam. Malihan kiwari mah asup
kana partei pulitik sarta wani nyasarkeun urang Islam anu henteu nyolok
parteina.
Cenah mah Wahabi
teh kaasup Mazhab Sunni (Ahlussunah). Anu terang abdi mah, urang Sunni teu
wanieun kitu laku anu awon. Tapi ketang ari anu ngan ukur Islam KTP mah beunang
kapangaruhan asal meunang duit. Nyawa sareng banda batur janten murah. Wani
ngaduruk imah sarta maehan jelema ngan ukur beja yen anu diserang teh paham
agemanna benten. Kedahna maluruh bener henteu sarta ngorehan dina sajarah
kumaha ayana mazhab-mazhab dina Islam. Moal maju mun urang Islam masih bodo
jeung beunang dibobodo ku batur anu ngewa ka Islam. *** (ahmad sahidin)