Selasa, 24 Oktober 2023

Sajak Zaroh ka AHLULBAET

Kahayang mah zaroh ka Baitulloh, Makkah Al-Mukarromah,

ngan hanjakal ukur lumanan 

Kahayang mah ka pajaratan Nabi: Madinah Al-Munawwaroh,

Kahayang mah tepang sareng Kanjeng Nabi Muhammad saw

Al-Mustofa, junjunan alam 

ngan hanjakal karek nepi ka dongengna

karek ceuk jeung eceuk 

Kahayang mah zaroh ka Kufah

nepangan Kakasihna putri Nabi

nu ditandasa keur solat

Al-Murtado, nu kiwari kantun carita tunggara 

Hoyong zaroh ka Al-Mujtaba nu mayunkeun duduluran

kabatur saislam

nu tuluy ditandasa ku jalma dolim 

Hoyong zaroh ka putu Nabi

Asy-Syahid Al-Husen nu diperangan dugi perlaya di Karbala

sapuluh muharrom

taun genep puluh hiji hijriah. 

Duh… putu Nabi

Salira ditandasa

Geutih ngagolontor

Dijeujeukan…

ditindihan jalma dolim. 

Duh… putu Nabi

Mastaka salira… peugat

paturay sareng salira. 

mastaka salira dipasrahkeun

ka raja lalim

diarak kutumbak durjana

ditakolan ku si Yazid, jalmi dolim

telenges nu moal kenging syafaat

ti Kangjeng Nabi. 

duh Kangjeng Nabi

usum muharom kabayang putu salira

usum ahir shafar emut salira

geuning geus katinggal saha anu deuleuka

ingkar kana janji

majar rek mela Nabi dugi perlaya

majar rek ngaping Nabi

majar tumut sarta ngawulaan Nabi. 

geuning kabukti tebih ti janji

sulaya, ngan dina biwir. 

duh…. Kangjeng Nabi ngan sumegruk ceurik, ngan ngajeurit maratan langit. 

Duh, Ahlubaet Nabi kiwari tinggal carita. Kantun sajarah nu tara kabaca

sabab aya sajarah liyan nu teras dipupusti. 

Duh… Kangjeng Nabi

Kuring renghap ranjuk maca sajarah

teu kawasa kedah kumaha? 

Wengi sapuluh muharom

Ceurik deui. Sumegruk deui 

Unggal taun ceurik jeung ceurik

Ngan eta nu tiasa dilakonan

Kuring teu kawasa merjuangkeun

Islam nu hakiki mah. 

Kuring teu tiasa mucunghul

Najan terang nu bener nemprak

Najan kabukti aya nu salah. 

Hampura Kangjeng Nabi

Hampura… 

lî khamsatun uthfi bihâ

haral wabâ il khâthimah

al-musthafâ wal murtadhâ

wabnahumâ wal fâthimah

Allahumma Sholli 'ala Sayyidina Muhammad

wa 'ala Aali Sayyidina Muhammad. 

(9 Muharrom 1433 H.)