Minggu, 07 Juni 2020

Sajak Tatarucingan


TATARUCINGAN

nu neumbrak dinu poek
nu nyumput dinu caang 
saha?

nu aya bari euweuh
nu euweuh bari aya  
saha?

nu nganjang teu digeuro
nu dianjangna geugeuro 
saha?

1426