Di lembur sepuh kuring, khususna di Kampung Gadog (Pasirwangi),
Samarang, Garut, Jawa Barat, Indonesia, unggal malem rebo ahir safar wargi
kampung kareumpeul ba’da netepan magrib. Teras bae maos surah yaasin sareng
shalawatan. Biasana tua kampung atawa ajengan teras masihan wejangan perkawis
rebo kasan. Teras netepan isya jamaah sarta sasalaman sadaya wargi anu aya di
masagit silih luberkeun dosa. Saacan uih ti masigit biasana ajengan atanapi tua
kampung masihan keretas isim rebo kasan. Gumantung kaperluan. Aya anu tilu
lambar, oge aya anu dugi lima lambar.
Eta lambaran isim eusina huruf Arab gundul, aya nami Rasulullah saw
sareng Sayidah Fathimah sarta dua putu Rasulullah saw. Kuring teu paham kana
eta isim. Ngan pituduh tua kampung eta isim kedah dilebetkeun kana cai inum atawa
bak mandi. Isuk saacan miang ka masigit rek netepan subuh kedah ibak ku eta cai
anu atos dikeueuman isim rebo kasan. Caina oge kedah diinum. Saurna eta ubar
kanggo nulak bala sareng diteubihkeun tina panyakit anu dina rebo ahir shafar
dikeprukeun. Kusabab kitu kedah nyiapkeun tulak balana.
Sabada netepan subuh wargi mulang deui ka bumi. Sakira wanci haneut
moyan sadaya warga kampung darongkap deui ka masigit. Teras shalawatan, netepan
sunah dua rokaat niatna netepan tulak bala. Saatos kitu tua kampung mimpin
du’a. Teras bae sasalaman deui. Sadaya warga henteu kenging kasab atawa damel
dinten eta. Tua kampung mapah anu dituturkeun warga kampung ka makam ageung anu
dianggap karamat sareng anu dipihurmat di eta kampung. Kaleresan di lembur eta
cakeut tangkal caringin aya makam anu kasebatna karamat. Sadaya warga
ngucapkeun salam ka ahlikubur. Teras mendeko cakeut eta makam. Nguriling. Teras
bae tua kampung mingpin dua zarah sareng tahlil. Ka kuping saacan maoskeun
surah-surah Al-Quran juz amma nyabit-nyabit nami Rasulullah saw sareng
kulawarga Rasulullah saw sarta sohabat anu melaan Islam. Teras bae nyabit-nyabit
ulama sarta guru-guru di eta kampung anu parantos pupus. Ditutup ku doa panulak bala sarta shalawat. Ngan dina du’a teu sadayana ngangge basa Arab
malihan mah aya jangjawokan sagala: kecap jampe make basa Sunda buhun. Teu pati
kahartos ku abdi oge eta kalimah du’a.
Saatos beres cai kembang dibanjurkeun kana pajaratan. Teras deui kaluar
tina eta makam. Di luar makam atos mayak wanoja sareng ibu-ibu nyadiakeun
emameun khas desa sareng katuangeun. Seuseurna mah beubeutian saperto hui,
sampeu, lobak, ganyol, waluh, cau, sata kentang. Sadayana dikulub henteu aya
anu digoreng atanapi dibeuleum. Teras aya emameun anu bahanna tina beas ngan
didamelna sapertos leupeut. Ngan rupana anu benteun: aya nu segi lima, segi
opat, segi tilu, sareng aya anu nyongcot manjang. Eta emameun bungkusna tina
daun awi (bambu). Aya anu percanten eta emameun kedahna digantungkeun dina
panto supados janten pameugat bala sarta sumber panyakit. Dituang bae ku sim
abdi. Eta acara rebo kasan anu kaalaman ku abdi nuju alit, masih sakola SMP mun
henteu lepat. Duka kiwari mah masih keneh atawa henteu? Maklum abdi saprak
sepuh ngantunkeun henteu deui ka lembur. Janten zarah oge ti kajauhan bae.
Sugan bae dikersakeun mun aya keneh umur mah abdi sareng bojo hoyong zarah ka
makam sepuh abdi.
Di padumukan abdi kiwari, di Kabupaten Bandung Jawa Barat Indonesia,
aya kagiatan kanggo nyambut rebo kasan. Ngan teu sapertos anu di Garut. Cekap
ku maosan surah yasin sareng netepan sarta du’a dina malem rebo ahir Shafar.
Mun dipaluruh di nagari urang rebo kasan janten tradisi nusantara. Di Jawa aya
tradisi Rebu Wekasan atau Rebu Pungkasan di Yogyakarta, Rebo Kasan di Banten,
dan Rabu Kasan di daerah Air Anyer Kabupaten Bangka. *** (AHMAD SAHIDIN)