Rabu, 16 Oktober 2019

Tarikh Kangjeng Nabi: Pupusna Rasulullah Saw

Ieu sajarah ngeunaan pupusna Kangjeng Nabi Muhammad saw. Dina buku-buku Sirah Nabawiyah langki dipedar. Dicarioskeun Kangjeng Nabi pupus alatan geuring parna. Sabab musababna dibaruang ku awewe Yahudi. Sohabat Nabi anu ngiring tuang oge kacarioskeun maot. Kangjeng Nabi anu karek sagegel langsung miceun eta daging kusabab kadangu sora anu nyarios yen ieu daging tos dibaluran make racun. Daging anu katuang ku Nabi teras lebet na bandanna sareng racunna nyaliara dina sakujur awak.

Saprak dibaruang ku urang Yahudi eta kasehatan Nabi beuki noron sarta geuringan. Dinten rebo pamungkas dina sasih Shafar dicarioskeun Kangjeng Nabi geuring parna pisan, panas bari ngadegdeg.

Harita poe kemis, 24 Shafar 11 Hijriah. Di bumina, Kangjeng Nabi gugah tuluy menta keretas jeung qolam (pena) keur nulis wasiat. Kangjeng Nabi ngadawuh ka para sohabat anu harita ngeumpeul: bade nyerat wasiat panungtung anu jaga bakal nentremkeun jeung moal sasar dina nyepeng ageman Islam. Ngan hanjakal aya sohabat (dipayuneun Nabi) nyarios saestuna Kangjeng Nabi keur ngalindur jalaran geuring panas jeungna geus cekap Al-Quran anu janten cepengan urang Islam.

Sohabat anu sejen henteu panaju kana polah eta sohabat. Didinya durdeur adu omong diantawis para sohabat. Waktos keur rame adu omong, Kangjeng Nabi gugah teras nitah kaluar sakabeh sohabat anu aya didinya.

Deudeuh teuing Kangjeng Nabi. Geuning aya sohabat anu henteu paduli. Padahal eta pamenta Pangersa Nabi. Geuning henteu dianggap kalah disebat ngalindur. Numutkeun simkuring eta deuleuka lampah sohabat. Eta sohabat jigana poho kana ayat al-Quran: maraneh kabeh kudu taat ka Allah, taat ka Rasul, jeung ulil amri. Cacakan keur jumeuneung hanteu tumut, komo deui geus pupusna pasti laku lampah nukang tonggong ka ajaran Nabi Muhammad Saw.

Poe harita Sayidah Fathimah jeung ‘Ali sarta tilu putu Nabi sumping ka bumi. Calik caket Kangjeng Nabi. Teu lila Kangjeng Nabi gugah tina bobona. Tuluy imut ninggal kulawargina nu geus aya didinya. Kangjeng Nabi miwarang Sayidah Fathimah nyakeutkeun ceupilna ka lembei Nabi. Sayidah Fathimah dipasihan terang yen sakeudeung deui Kangjeng Nabi bade dicandak ku malaikat Ijrail. Seugruk bae ceurik Sayidah Fathimah.

Tuluy Kangjeng Nabi ngaharewos deui yen sabada Kangjeng Nabi pupus nu bakal nuturkeun pupus teh Sayidah Fathimah. Nya atuh Sayidah Fathimah seuri imut bagja. Geus kitu Kangjeng Nabi nyalukan tilu putuna: Sayidina Hasan, Sayidina Husen sareng Sayidah Zainah. Tiluanana dirangkul ku Akina bari ceurik.

Kangjeng Nabi nyarios yen Sayidina Hasan di sawarga bakal kenging gedong anggreng hejo jeung bakal pupus alatan racun. Kitu oge ka Sayidina Husen nyarios bari ceurik yen engke Kangjeng Nabi nyalira nu bakal males jeung ngadakwa jelema nu mateni dugi pisah mastaka sareng badan. Sayidina Husen dipasihan terang di sawarga bakal gaduh gedong agreng beureum.

Sabada masihan bewara ka putuna, Kangjeng Nabi teras bobo. Tilu putu miwah ‘Ali sareng Sayidah Fathimah kaluar sakedap ti bumi jalaran Kangjeng Nabi kulem hawatos ngaganggu.

Teu lami Kangjeng Nabi gugah deui. Anu aya didinya ngan garwana hungkul. Teras aya saurang garwana anu bade masihan ubar. Kangjeng Nabi nolak. Tuluy kulem deui. Keur kulem kitu ubar tadi diasupkeun ka lambeina. Teu lila Kangjeng Nabi gugah teras naroskeun saha anu geus kumawani ngalebetkeun ubar anu tadi dicaram. Ngan teu aya anu ngaku. Kangjeng Nabi menta minantu sareng putu katut putrina dipiwarang lebet ka bumi.

‘Ali anu geus sumping sareng Sayidah Fathimah katut tilu putuna dipiwarang Kangjeng Nabi nyiapkeun cai keur wudhu. Saatos wudhu, tuluy mastaka Kangjeng Nabi nyarande ka dada ‘Ali anu nyanghareup ka Kiblat (Kabah). Dina katerangan sejenna anu disarandean harita garwana Siti Aisyah bnti Abu Bakar. Keun pasualan saha anu leresna janten guaran para ahli sajarah bae.

Saterasna Kangjeng Nabi miwarang Sayidah Fathimah ngahaleuangkeun ayat-ayat al-Quran. Teu lila tidinya, tuluy bae lambei Kangjeng Nabi ngagerenteskeun kalimah-kalimah Allah. Kulapes mastaka Kangjeng Nabi nyangsaya katut ragana dina dada 'Ali. Henteu aya ambeukan dina dada Kangjeng Nabi. Tiis sakujur badan. Poe harita Kangjeng Nabi parantos janten layon. 

Ahli sajarah nyebatkeun Kangjeng Nabi Muhammad saw pupus 28 Shafar 11 Hijriah (24 Mei 632 Masehi) dina yuswa 63 taun. Anu galib diurang nyebatkeun babar, hijrah, sareng pupusna sami ping 12 Rabiul Awwal. Katerangan ieu aya dina kitab Al-Maghazi karya Muhammad bin Umar Al-Waqidi. Mana anu leres: 28 Shafar atanapi 12 Rabiul Awwal? Tah ieu mah urusan ahli hadis anu masing-masing pasti beda kamandangna dina nyimpulkan riwayat.

Kitab Sulaim
Dina kitab Sulaim bin Qais disebatkeun Kangjeng Nabi masihan bewara anu bakal karandapan ku Fathimah, 'Ali, Hasan, Husein sareng Zainab. Diantawisna Fathimah bakal kenging cocobi ti para sohabat sareng anu bakal tiheula nyusul Kangjeng Nabi. 'Ali dipasihan peupejeuh kedah sobar sareng ngajagi ukhuwah sanajan diperangan sareng disuhunkeun mulasara layon Rasulullah saw dugi ka rengsena. Hasan sareng Husein mah diceungceurikan ku Rasulullah saw sabab aranjeuna bakal tunggara sabada pupus akina. Zainab dipiwarang saterasna nyarengan kulawarga Nabi (Ahlulbait) dina sagala rupi kaayaan anu bakal karandapan.

Saatos kitu Rasulullah saw kulem deui. Teras bae garwa-garwa Kangjeng Nabi sareng sohabat anu lianna lebet deui ka bumi. Kulawargi Nabi kaluar ti bumi. Dicarioskeu Nabi gugah. Teras salah hiji garwa Nabi masihan ubar kana lambeina. Ngan dicaram ku Nabi. Teras kulem deui. Dina waktos eta ubar tadi dilebetkeun kana baham Kangjeng Nabi. Hanteu lami Nabi gugah. Teras naros saha anu kumawani ngalebetkeun ubar? Hanteu aya anu ngawaler.

Dina kitab Sirah Ibnu Hisyam disebatkeun aya garwa Kangjeng Nabi anu ngalakukeun anu tadi dicaram ku Nabi. Ngan henteu disebat namina. Kitu deui dina riwayat sanes disebatkeun ubar dilebetkeun kana lambei Kangjeng Nabi ku pamanna: Abbas bin Abdul Muthalib. Mana anu leres? Garwa Nabi atanapi pamanna? Tah eta mah bagean studi kritis hadis bae sabab bakal pakait sareng thabaqah, rawi, sarta rijalul hadis.

Teu Damang
Simkuring kantos maos dina Buletin Al-Tanwir aya hadis perkawis pupus Kangjeng Nabi alatan obat nu ngandung racun aya dina Shahih Bukhari, jilid 7, h.17 dan jilid 8, h.40; Shahih Muslim, jilid 7, h.24 dan 198; Musnad Ahmad, jilid 6, h.35; sareng Ibnu Qayyim Al-Jauziyah dina Ath-Thib Al-Nawawi jilid 1, h.66.

Disebatkan harita nuju Rasulullah saw teu damang, aya sababaraha awewe (jigana mah garwa-garwa Nabi) anu ngaracik ubar. Salajeng diserat dina bahasa Indonesia.

Salah seorang dari mereka memaksa Nabi Muhammad saw untuk meminumnya. Akan tetapi, Sang Nabi menolak untuk meminumnya. “Jangan minumkan obat itu kepadaku,” kata Nabi Muhammad saw dalam kondisi lemah dan berbaring. Namun salah seorang perempuan berkata, “Paksa saja, mana ada orang sakit mau minum obat.” Di antara perempuan dan orang-orang yang hadir tidak ada yang menuruti ucapan perempuan tersebut. Baru ketika tidur mulut Sang Nabi di buka kemudian dimasukannya obat yang tadi ditolaknya. Beberapa saat kemudian Nabi Muhammad saw bangun karena merasakan sesuatu yang basah dibibirnya. Nabi Muhammad saw bertanya, “Siapakah yang melakukan ini?” Tidak ada seorang pun yang mengaku. Perempuan-perempuan yang hadir terdiam. Tidak ada yang berani memberitahukan siapa yang melakukannya. Dengan suara parau Rasulullah saw kembali bertanya, “Siapakah yang melakukan ini? Bukankah sudah kularang kalian.”

Nabi Dibaruang
Dina buku anu diserat ku Akram Diya Al-Umari anu jejerna Tolak-Ukur Peradaban Islam (Yogyakarta: Ircisod, 2003; kaca 313-314); sareng dina buku Muhammad Husain Haekal anu jejerna Sejarah Hidup Muhammad (Jakarta: Litera Antarnusa, 2009; kaca 432) disebatkeun Kangjeng Nabi kungsi dibaruang ku awewe Yahudi. Kieu singket caritana (dina bahasa Indonesia):

Suatu hari Nabi dapat undangan makan daging kambing panggang dari kaum Yahudi. Nabi tidak mengetahui kalau daging yang digigitnya tersebut mengandung racun. Dengan kuasa Allah, daging yang digigit tersebut bicara kalau ia dilumuri racun oleh Zainab binti Harits, istri Salam bin Mashkam. Saat ditangkap, perempuan Yahudi tersebut mengaku bahwa ia sengaja melumurinya dengan racun untuk membuktikan kenabian Muhammad saw. Kalau raja menelan racun pasti akan cepat mati dan tidak mengetahui adanya racun dalam makanan. Namun, kalau Nabi pasti akan diberitahu oleh Allah sehingga terhindar dari kematian akibat racun. Nabi dengan cepat mengetahui dalam daging tersebut terdapat racun setelah melihat Bisyir bin Bara Ma’rur yang menemani makan, meninggal saat itu juga. Di sebutkan juga bahwa dari daging itu ada suara yang mengatakan ada racunnya. Makanan yang mengandung racun inilah yang menjadi penyebab dari sakitnya Rasulullah saw hingga wafat.”

Kuring rada cangcaya kana eta riwayat anu dicutat ku dua ahli sajarah: Haikal sareng Akram. Sanajan aya dina kitab Fathul Bari susunan Ibnu Hajar (Vol. VIII, kaca 131) ngan kirang percanten. Panginten aya anu tiasa ngaguar tina sanad atanapi thabaqat sarta jarh wa ta’dil perkawis eta riwayat anu di luhur.

Patarosan
Saatos maos eta riwayat, kuring gaduh patarosan (manawi aya anu tiasa ngabantos): leres henteu eta hadis perkawis daging embe (kambing) anu ngandung racun dina kajian hadis? Margi abdi mah kirang percanten: dina sababaraha riwayat disebatkeun satiap kagiatan atanapi perencaanaan, boh perang atanapi naon bae, biasana sok aya info ti Malaikat Jibril. Naha dina ieu perkara anu urusanna sareng kasihatan henteu dijagi ku Allah Ta’ala?

Malihan mah pupusna Bagenda Ali, Al-Husain, Sayidah Fathimah, sareng sohabat Ammar bin Yasir; Kangjeng Nabi mah terangeun ti Malaikat Jibril. Teras diwartoskeun ka aranjeuna. Janten dina perkawis tuangeun anu diracun eta, Kangjeng Nabi bener-bener nuju henteu dipiara dina kasucian jiwa? Atanapi kumaha? Manawi aya anu kersa ngabantosan simkuring. ***

Allahumma innii as aluka waatawajjahu ilaika binabiyyika; Nabiyyirrahmah Muhammadin shallallaahhu ‘alaihi waaalihi. Yaa Rasululillah… Yaa Imamur Rahmah… Yaa Sayyidana wa maulana… Inna tawajahnaa was tasyfa’naa watawassalnaa bika ilallaah. Waqadam naaka baina yadai haajaatinaa. Yaa wajiihan ‘indallah…  isyfa’lanaa ‘indallaah… Yaa wajiihan ‘indallah…  isyfa’lanaa ‘indallaah… Yaa wajiihan ‘indallah…  isyfa’lanaa ‘indallaah.

Bandung, 24 Shafar 1441 / 23 Oktober 2019
 (ahmad sahidin)