Selasa, 01 Oktober 2019

Majapahit, Sufi jeung Pajaratan

Ayeuna majeng tengah wengi. Kahayang mah ieu seratan janten lenyepaneun. Ngan atuh naon anu tiasa janten lenyepaneun? Tah, duka atuh kedah nyerat naon ieu teh? Kamari mah aya bahan kanggo ditulis janten seratan na blog. Ngan ari geus payun komputer mah henteu kedal, henteu ngaguluyur.

Isin kitu. Ah, tapi era kusaha? Pan uing nyalira anu nenjona oge. Sidik masih keneh linglung. Jigana alatan loba teuing sare. Kirang tirakat sareng kirang shalawat. Komo muhasabah mah kirang pisan. Tangtos dina sual artos mah kirang pisan. Rupina kuring mah cakeutna kana kakirangan. Ah, meureun ieu maqom kuring. Mun leres kuring aya dina maqom ieu, kedah dironjatkeun. 

Tah nembe aya anu ngaliwat dina gerentes manah. Anu kahiji: pasualan sajarah Majapahit jeung Gajah Mada. Ieu anu keur rame. Tapi keur uing mah henteu kataji. Sanajan lamun heueuh dina hasil panalungtikan kontemporer, leres karajaan Majapahit teh "Daulah Islamiyyah" sareng Gajah Mada teh agamana Islam, henteu janten pikiran. Ngan anu janten emutan mah perkawis sajarah Sunda numutkeun riset sarjana ceunah naskah "Kidung Sunda" sareng "Pararaton" teh jieunan urang Walanda. Dijeun supados perang antawis Sunda jeung Jawa, sangkan henteu rukun. Sangkan pasea teras bae urang Walanda tiasa teras ngajajah urang.

Mun enya leres eta narasi sajarah “perang bubat” sanes fiktif, meureun aya sajarah perkawis Prabu Linggabuana anu tiwas sareng Dyahpitaloka Citresmi. Ngan kumaha eta jujutan sajarah hirupna? Dugi kiwari kabejakeunna ngan aya dina carita perang bubat bae; duanana tiwas di Trowulan, daerahna Majapahit diperangan ku Gajah Mada. Urang Sunda sapertos kolot kuring jeung ahli kasundaan oge mun ditaros henteu apal jujutan raja jeung kulawargina. Ngan anu tenar teh raja Siliwangi jeung pangeran Kean Santang.

Dugi kiwari heunteu aya dongengna Prabu Siliwangi salaku raja Sunda anu gagah perkosa. Lamun nilik kana dongeng Sribaduga Maharaja Prabu Siliwangi anu dicarioskeun moksa (ngahyang) dugi henteu teu aya laratanna. Kedahna aya caritana anu eces. Cenah eta laku moksa kusabab incuna: Sunan Gunung Jati ngudag supaya asup Islam. Kantos tarung aki incu; ngan bae teras Prabu Siliwangi ngeleehan maneh ninggalkeun medan jurit. Prabu Siliwangi teras bae tapa; kakawasaan Pajajaran dicepeng ku putrna, nyaeta Prabu Surawisesa dugi ka tumpurna eta karajaan.

Dina kabiasaan turun tinurun kakawasaan mah enya emang kitu laku raja anu kolot sok digentos ku putrana. Saterasna raja sepuh janten resi anu tapa dihiji tempat anu heunteu aya anu terangeun kajabi para resi. Para resi ieu anu dijantenkeun konsultan mun raja gaduh masalah dina ngalaksanakeun pancen kanagaraan atanapi masalah sanesna.

Tah, perkawis Prabu Linggabuana sareng raja-raja Sunda anu sanesna henteu aya dongengna. Ngan Prabu Siliwangi bae aya dongengna anu sifatna carita lisan. Tangtos eta mah sanes sajarah, mitos atanapi folkflor bae disebatna.

Anu kadua: perkawis laku hirup sufi. Ieu kantos janten implengan kuring. Baheula nuju kuliah kuring kataji pisan ku sajarah para sufi. Geuning meuni soleh sareng leumpeung bae dina kasaean sarta dina jalur agama. Estuning hirupna keur Allah sareng nyorang jalan ka Allah. Meuni tenang ninggal anu dzikir. Meuni cahayaan ninggal beungeut sufi. Meuni asa adem teduh mun ninggal aranjeuna. Nya kuring ninggal sabagean ciri kasufian dina urang lembur di Cianjur: Gedong Asem sareng Pamoyanan. Mun ninggal anu wiridan oge kacirina khusyuk. Jeung asa tariis, geunah ngiuhan di tempat wiridan di dua tempat anu disebat nembe.

Kantos hoyong lebet tarekat (tasawuf atanapi sufi). Ngan teu merean bae ieu hate. Ngan aya bae anu langsung dikritik ku simkuring dina ajarana tasawuf sareng laku sufi. Kusabab kitu janten henteu lebet. Ngan praktek amaliahna mah simkuring kabita. Numutkeun simkuring amaliahna sufi langkung ti amaliah urang Syiah. Tah dina tarekat sufi mah laku amaliah anu full dzikir sareng ibadah-ibadah ritualna sarta kazuhudanna katinggal sae tur rajin. Ari urang Syiah, anu kaciri ku simkuring kakapeungan. Kuring ninggal laku hirup jalmi anu ngaku Syiah kirang sapagodos sareng hadis-hadis atanapi riwayat ti Imam-imam Syiah. Boh dina cariosan atanapi dina sikep sareng dina laku ritualna asa heunteu sapuk sareng conto laku hirup para Imam Syiah anu dicarioskeun dina riwayat. Jigana eta urang Syiah ngan ukur akuan hungkul meureun. Eta anu simkuring terang. Hapunten ka saderek kuring anu nganut Syiah, utamina rerencangan di komunitas Syiah anu aya di Indonesia. Hapunten anu kasuhun.

Anu katilu. Hoyong angkat zarah ka pajaratan pun biyang sareng pun bapa di Samarang, Garut. Hoyong “silaturahim” sareng almarhumin sepuh kuring. Hoyong ngadu’a dina pajaratanna. Ngan teu acan aya kila-kila tiasa angkat heunteuna. Maklum ieu pakait sareng cicis. Pamugi aya rejekina. Pidu’ana.

Allahumma shalli ‘ala Sayyidina Muhammad wa ‘ala Aali Sayyidina Muhammad
Allahumma shalli ‘ala Sayyidina Muhammad wa ‘ala Aali Sayyidina Muhammad
Allahumma shalli ‘ala Sayyidina Muhammad wa ‘ala Aali Sayyidina Muhammad

(Ahmad Sahidin)