Sabtu, 23 Juli 2022

Nadom Panutan Urang

Syair ini dibuat tanpa memperhitungkan estetika bahasa maupun nada. Saya menulisnya karena terinspirasi dengan kitab beraksara pegon berjudul Nadom Tauhid, yang beredar di masyarakat Sunda, terutama pesantren, berisi pujian dan kisah Nabi Muhammad Saw dalam bahasa Sunda. Biasanya dilantunkan saat jelang adzan Maghrib. Dari kitab itu, saya tergerak untuk bikin versi sendiri dengan merujuk pada data-data sejarah yang pernah dibaca. Mohon diberikan saran untuk perbaikan selanjutnya. Hatur nuhun…


Allahumma Shalli 'ala

Sayyidina Muhammadin

wa 'ala Aalihi wa ashabil muntajabin 


Bismillah urang kawitan

medar tarikh na panutan

uswah na urang Islam

rohmat keur sadaya alam.


Nabi urang saréréa,

Kangjeng Nabi anu mulya,

Muhammad jenenganana,

Arab Kurés nya bangsana.


Ramana Gusti Abdullah,

Ibuna Siti Aminah,

dibabarkeunna di Makkah,

Ummul quro katelahna.


Robiul awal bulanna,

tangal tujuhwelasna,

taun gajah katelahna

sabab aya dongengna.


Parangina Kangjeng Nabi,

jatnika pinuh ku puji,

pinter tur gedé kawani,

sabar nyaah ka sasami.


Harita nuju alitna

dicandak Halimah Sadiyah

diasuh jeung dirawatan

sabab eta katangtosan


Rama Nabi kacaturkeun

pupusna kacarioskeun

basa Nabi dibobotkeun

dua sasih kaunggelkeun


Kagenep taun yuswana

ditilar pupus ibuna

Nabi dirorok eyangna

Abdul Mutalib asmana


Kersana Rabbul’alamin

Kangjeng Nabi nu prihatin

yuswa dalapan taun yakin

éyangna mulih ka batin


Sabada wafat éyangna

Nabi dirawat pamanna

Abu Thalib kakasihna

sadérék teges ramana


Kangjéng Nabi anu mulya

katelah na sidik amanah

fathonah jeung tableg

manusa ma'sum kasebatna


Pepentol agama harita

Nasrani, Yahudi, Majusi

Sadayana sasauran

Muhammad nabi ahir jaman


Nabi anu panganggeusan

risalahna dugi pungkasan

nyampurnakeun para Utusan

Muhammad Sayyidil mursalin


Karesepna Kangjeng Nabi

ka Gusti Allah ngabakti

di Gunung Hira maranti,

ibadahna saban wengi.


Di dinya jol kasumpingan,

Jibril nu nurunkeun Qur’an,

kalawan dawuh Pangéran,

Nabi didamel Utusan.


Harita yuswana Nabi,

patpuluh taun kawarti,

diutus ku Allah pasti,

ngémbarkeun agama suci.


urang Makkah Madinah

loba nu jadi umatna

kitu deui nu ngewana

Nabi mah sabar tumarima


Duapuluh tilu taun syiarna

Makkah Madinah sakurilingna

embarna jazirah Arab

ku manusa anu mulya


Geneppuluh tilu taunna

Yuswa dipundut ku Gustina

Bumi janten pajaratanna

Masjid Madinah munawaroh


Allahumma Sholli 'alaa

Sayyidina Muhammadin

wa 'ala Aalihi....

wa ashabil muntajabin


Ayeuna urang teraskeun

medaran washiyyun nabi

kangjeng Rasul Muhammad

shollalloohu 'alaihi wasallam.


Imam-imam nu ma'sum

Ahlulbaitin Nabiyurrohmah

Aranjeuna uswatun hasanah

panutan urang sadaya


Hayu urang ngawincik

anu kahiji Sayyid 'Ali

gelarna Abul masakin

putra paman Syekhul Batho


Sayyid Imamul muttaqin

Sayyid Amirul mu'minin

anu nyepeng wasiat nabi

katelahna babul ilmi


Siti Fathimah garwana

qurrota ainur Rosulillah

ramana Kangjeng Nabi

ibuna Khodijatul Kubro


Sayyid 'Ali jeung Fathimah

nikahna sasih rayagung

kapingna hiji dzulhijjah

taun na kadua hijrah


Para putrana putu Nabi

Al-Hasan Husain Zainab

hiji deui karuron

alatan jalma deuleuka


Imam anu kadua

Sayyid Hasan Mujtaba

nyangking wasiat 'Ali

ngaping syiahna 'Ali


Nyegah umatna pasea

nyaah asih ka sasama

panutan urang sadaya

mayunkeun ahlak mulya


Nyaah pisan ka umatna

lampahna nyegah palagan

syahidna sanes kupakarang

dibaruang garwa deuleuka


Imam anu katilu

Husain sayyidus syuhada

perlayana di Karbala

kapingna 10 Muharram


Taun genep hiji hijrah

ditandasa manusa dzolim

parentahna Raja Yazid

dumukna nagri Syam


teuleungeusna Bani Umayyah

merangan Ahlulbaitin Nabi

kullu yaumin Asyura

wa kullu ardhin Karbala


Imam Sajjad ka opatna

'Ali Zenal Abidin namina

katelahna ahli ibadah

zuhud jeung someah


kacatur waktos haji

soca batinna ningali

thowaf na sato sato

ngurilingan baitulloh


Imam Sajjad gura giru

ngejad muru ka juru

dituturkeun sohabatna

anu reuwas kabina-bina


Sohabat Imam misaur

naha mundur teu campur

teu guyub jeung batur

sanajan lain sadapur


Gancang Imam misaur

sanes kucatur kalam

ngusap beungeut sohabat

reuwas renjag ninggalna


Imam Baqir nu kalima

Sayyid Muhammad asmana

katelahna ilmin nabiyyin

luhung ku elmu pangarti


Anu ka genep na Jafar

Imam Shodiq gelarna

pepentol na ulama sunah

opat mazhab kocoranna


Abu Hanifah misaur

cilaka kuring cilaka

cilaka mun teu tepung

jeung Jafar nu luhung


Mibanda elmu agama

hikmah jeung falsafah

rea pisan muridna

dugi rebu jumlahna


Imam anu katujuh

Musa Kazim wastana

putra Shadiq anu zuhud

welas asih ka sasama


Ali Rido putra Musa

Imam ka dalapanna

pupusna di kota Mashad

anu tebih ti eyangna


Imam anu salapan

nyeta Muhammad Jawad

babarna sasih romadhon

kaping limawelas na


Imam sapuluh sawelas

Ali Hadi jeung Hasan Askari

Imam ka dua welasna

Muhammad Mahdi Muntazhor


Sadaya kalebet ma'sum

dijagi na lepat jeung dosa

diaping Allahu Rohman Rohim

keur tuladeun urang muslim


Allahumma Sholli 'alaa

Sayyidina Muhammadin

wa 'ala Aalihi....

wa ashabil muntajabin


Kabupaten Bandung

12/09/2020