Selasa, 19 Mei 2020

sajak WEJANGAN TI SEPUH, katineung, rumasa

WEJANGAN TI SEPUH

sing percaya kana Rahman-Rahim Allah
sing yakin kana kayakinan sorangan

kudu silih hargaan
silih pikanyaah

silih percaya
silih elingan

ulah pundungan
ulah gede ambek
sing asak hampura

22-10-2007


RUMASA

 mun geus kaharti sok karasa

tapi can rumasa

 kitu deui mun geus karasa

sok tara kaharti

 mun geus kaharti jeung karasa

manusa karek rumasa

 

2006

 

  KATINEUNG

 saprak anjeun miang ka jati asal

balungbeung na jero tetenjoan

nyawang ka jagad liyan

mijauh ti ieu jagad

 reup, kuring teu mikeun anjeun mulang

ngan sakabeh lalakon geus ditangtukeun

yen eta papasten ti nu welas tur asih

 

November 2003