Minggu, 24 Mei 2020

Boboran Shiam


Boboran Shiam

saban tepung boboran shiam 
ngarakacak cimata
pipi kuring baseuh disimbeuhan 
cimata
ninggal tatanggi mulih ka lembur
 menta hampura ka kolotna
tur menta du`a keur ngalakonan hirup sabada na

pipi kuring baseuh disimbeuhan cimata
ngadangu rerencangan mulih ka lembur
bari barangbawa mere kareseup na kolot
ngabagjakeun nu dilemburna

asa nyeri, ieu hate sabab teu tiasa kawas batur
clak, cimata ngalembereh maseuhan pipi

duh,  biyang….
duh, bapa…

sanajan lalaki kuring teu tiasa nahan cimata
juuh tiis ngalembereh na pipi
sanajan geus aya gantina: kolot ti bojo
tetep anjeun: bapa jeung biyang mah teu aya gentosna

duh,  biyang….
duh, bapa…

hapunten kuring tacan tiasa mulang tarima
hapunten teu tiasa nepangan runggunuk taneuh
nu kapungkur dileuyeuk
disiram ku citiis
diawuran kembang eros beureum bodas
ditinggalkeun na tungtung padung
astana lembur

Nun Gusti hapunteun dosa biyang-bapa kuring
mugi ngahapunten sagala kalepatan ibadah tur hirupna
tampi amal saena

Nun Gusti….hapunten  abdi sasadu ka Anjeun
sabab rek ka saha deui, iwal Anjeun Pangeran sadaya alam
Pangeran nu ngahirupan, nu ngamaotan
Nu hirup tur langgeng

Aamiin Ya Robbal 'alamiin 

25 Ramadhan 1441 H