Bulan Muharram katukang dina hiji milis kungsi aya sawala ngeunaan Islam Syiah. Dina eta milis aya anggota anu teu panuju ka Syiah. Teras bae mosting sababaraha bagean seratan ngeunaan sasarna ajaran Islam Syiah anu sumberna nyutat ti gegedug anu cikal bakal ngalahirkeun ageman Wahabiyah: Ibnu Taimiyah sareng Muhammad bin Wahab. Mun dipaluruh deui eta sumberna ti Saif bin Umar anu ngan anjeuna hungkul anu nyebatkeun Islam Syiah asalna ti Ibnu Saba, urang Yahudi.
Ulama (boh Syiah atawa Sunni) anu geus kawentar dina hadits sareng tafsir nyarebatkeun Saif bin Umar tukang ngawadul sarta sok jijieunan dina hadis sarta henteu tiasa dipercaya.
Naha ari Ibn Taimiyah jeung pengikutna beut
tetep nyutat tina eta sumber anu teu puguh kabeneranna? Teuing atuh eta jalma
meureun keur linglung. Karunya ka umat Islam kiwari anu masih keneh nganggap
eta sumber bener. Hese geus dibejaan atawa dijentrekeun oge ari geus poekeun
mah. Nu salah oge pan ari teras-terasan dibewarakeun sarta dicarioskeun turun
temurun mah dianggap na bener.
Kawas baheula
PKI saur Orba mah salah. Terus bae digemborkeun dina koran sarta talavisi
malihan mah dina film. Pan dianggapna bener bae, padahal kiwari geus dipaluruh
yen eta bagean doktrin Orba. Kitu deui jeung sumber ngenaan Wahabiyah, teras
bae ngadoktrin yen anu beda jeung ajaranna sasar. Hese ari hayang bener
sorangan mah.J
Dina eta
milis, hiji anggota ngadugikeun yen sumber Palagan Karbala henteu jelas sareng
henteu sohih. Tah guru simkuring: Ustadz Jalaluddin Rakhmat, midangkeun sumber
ti Ahlussunah dina kitab hadis ngeunaan kajadian Karbala. Mangga urang
bandungan:
“Ieu mah lauk
buruk milu mijah we. Estu mung jalmi nu suwung ku panemu suda ku pangabisa.
Kumargi kitu bade tumaros wae ka sadayana, kumaha pamadegan salira kana hadis
sohih anu diriwayatkeun di antawisna ku Al-Bukhari. Dina Kitab al-Manaqib, Bab
Manaqib al-Hasan wa al-Husain, nomer 3465
حدثني ( محمد بن الحسين بن إبراهيم ) قال حدثني ( حسين بن محمد
) حدثنا ( جرير ) عن ( محمد ) عن ( أنس بن مالك ) رضي الله تعالى عنه أتي عبيد الله
بن زياد برأس الحسين بن علي عليه السلام فجعل في طست فجعل ينكت وقال في حسنه شيئا فقال
أنس كان أشبههم برسول الله وكان مخضوبا بالوسمة
Ti Anas bin
Malik r.a. “Dicandak ka Ubaidillah bin Ziyad mastakana Al-Husain bin ‘Ali
alaihis salam dina waskom.. Ku (Ziyad) eta mastaka teh teu eureun-eureun
dicocogan (ku tongkatna) bari pok nyaritakeun kagorengan kasepna (Al-Husain).
Saur Anas: “Eta teh pameunteu anu pangmiripna sareng pameunteuna Rasulullah
saw, bari dicelep ku wasmah (paragi nyelepna janggot Kanjeng Nabi saw).”
Upami kaleresan nuju damel di Internet, cobi geura tingalan hadisna dina
http://id.lidwa.com/app/ bari nganuhunkeun ka wargi-wargi urang anu parantos
dug hulu pet nyawa kangge narjamahkeun salapan rupi kitab hadis. Supados
kauninga anu narjamahkeun sareng ngempelkeun hadis-hadis teh sadayana wargi
urang Ahlus Sunnah. Saur aranjeuna, hadis ieu teh diriwayatkeun ku Ahmad dina
Musnadna, nomer hadis 13251. Geura talungtik, tarjamahna rada benten, sanaos
hadisna sami.
Upami hoyong
maluruh anu langkung jauh, geura uningaan dina Kitab-kita Syarh al-Bukhari
sapertos ‘Umdatul Qari, Fathul Bari, sareng sanes-sanesna; teras talungtik oge
dina Jami’ al-Ushul, Kasyf al-Musykil. Kango takhrij hadis ieu mangga cobian
klik www.islamport.com (kagungan ulama ahli sunnah, manawi) teras pilari فجعل في طست فجعل ينكت. Aya 2670 kitab anu ngariwayatkeun hadis ieu. Ari sim kuring
mah dasar jelema jauh ka bedug, anggang ka dulag, teu tiasa maosna ge.
Nyanggakeun wae ka para ahlina.
Sim kuring mah
bade naroskeun wae penjelasan hadis tea. Punten ngawagel: Kumaha asal usulna
kajadian eta teh? Ku naon putu Rasulullah saw ditelasan, dugi ka mastakana
disimpen dina waskom, dijagragkeun ka Ubaydullan bin Ziyad? saha manehna teh,
bet wawanian naker nyocogan mastaka anu sering diambung ku Kanjeng Nabi saw?
Naon agamana? Mun Islam, madhabna naon bet ceuceub ka kulawarga Kangjeng Nabi
saw? Upami sim kuring ngagoak nyengceurikan layonna anu mulya, ku naon bet
disebut sasar (ah tebih teuing patarosan anu pamungkas mah; teu diwaler oge
sawios).
Mugi-mugi mastaka juragan henteu panas! Sareng mugi-mugi pangaweruh sim
kuring nambihan. Hatur nuhun.”