Jumat, 21 Februari 2020

Mungsolkanas

Di Cihampelas, Bandung, aya masjid anu namina: Mangga Urang Ngaos Sholawat ka Kanjeng Nabi Muhammad Saw. Anu disingket janten: Mungsolkanas. 

Masjid ieu diwangun taun 1869 (abad salapan welas masehi). Ibu Lantenas, randa ti R. Suradipura (Camat Lengkong, Sukabumi), anu masihan taneuh keur masjid. Teras bae diwangun. Dipasihan nami masjid ku Mama Aden alias R.Suradimadja alias Abdurohim anu masih keneh aya pakait kulawarga sareng Ibu Lantenas.

Jigana Mama Aden ieu jalmi anu resep maos sholawat sareng hoyong nyebarkeun supados rahayat anu aya di sakuliring masjid janten ahli sholawat.

Sanajan kuring di Bandung. Henteu acan kadinya. Ah, hayang asup ka eta masjid. Engkin mun pareng rek ngahaja sholat jeung maos sholawat dijero eta masigit Mungsolkanas. Hayang hanyo, masih keneh raresep maos sholawat kitu?

Hayu ah urang shalawat. Urang ngamalkeun surah Ahzab ayat 56. ***