Simkuring bade neraskeun ngadongeng ngeunaan Kangjeng Nabi Muhammad Saw.
Sumberna tina kitab Asy-Syamail Al-Muhammadiyah anu disusun ku ahli hadis
Al-Hafizh Abu Isa Muhammad bin Isa bin Tsaurah bin Musa bin Ad-Dahak
as-Sulaimani At-Tirmidzi. Anu jumeneng dina abad 9 Masehi. At-Tirmidzi wafatna
8 Oktober 892.
Dina kitab Asy-Syamail Al-Muhammadiyyah, eusina 397 riwayat Kangjeng
Nabi Muhammad Saw. Utamina laku lampah jeung fisikna. Ieu kitab kabagi 55 bab. Simkuring
parantos maca bab 1 jeung bab 2. Unggal bab dieusi ku riwayat-riwayat anu
bareda jalmi-jalmi anu nyarioskeunna (rawi). Ngan sacara konten sami. Kumargi
kitu kuring bade nyerat kontenna hungkul ti satiap bab anu parantos diaos. Ngan
anu patali jeung eusi babna. Sabab aya konten dina bab anu henteu nyambung
sareng bab anu dicarioskeun. Sapertos dina bab hiji salian ti nyarioskeun fisik
Nabi (deudeug pangadeug), oge aya riwayat ngeunaan yuswa diangkatna janten
Rasul Allah nyaeta yuswa 40 taun, nyebarkeun agama Islam di Makkah 10
taun jeung Madinah 10 taun, pupusna yuswa 60 taun. Riwayat eta henteu sami
sareng anu dugi ka urang-urang. Sapertos yuswa pupus Nabi anu galib di
masyarakat yuswa 63 taun, syi'ar di Makkah 13 taun jeung 10 taun di Madinah.
Tangtos ieu mah lebet ikhtilaf diantawis para ahli sajarah (muarikhin).
Bab hiji ngeunaan fisik Kangjeng Nabi, perkawis deudeug pangadeugna.
Kangjeng Nabi henteu jangkung henteu beke. Mastakana buled, rambutna henteu
galing henteu jeugjreug, hideung meuleus. Aya huis kirang ti duawelas lambar.
Pangambungna mancung, pipi jeung tarangna lega, biwirna kandel luhureunna aya
bulu-bulu kumis anu ipis. Waosna bodas bersih sareng rapih. Dagona janggotan.
Beuheung, taktak jeung tonggongna katingal ngeusi. Dada sareng patuanganna
rata, henteu burayut oge henteu kentel. Dampal leungeun sareng sampeanna
kandel.
Pakean anu dianggona kantos make anu beureum oge anu hideung. Mun
ngangge anu diantawis dua pakean eta kulit badanna katingal bodas jeung
beresih. Mun leumpang ganjang sapertos mudun sareng gancang. Mun dicalukan ti
tukangeun, sakujur awakna malik ka tukang. Mun leumpang sasarengan para sohabat,
Kangjeng Nabi posisi tukangeun sohabat. Mun pendak sareng sohabat atanapi
kulawargina, Kangjeng Nabi anu pangpayunna uluk salam bari gancang nyodorkeun
leungeun katuhu ngajak sasalaman. Anjeuna nyalira anu ngawitan muka obrolan.
Diantawisna naros kayaan diri anu diajak cumarita sareng kayaan kulawargina.
Eta diantawis ngeunaan bab hiji.
Bab kadua, eusina perkawis khatam nabi (tanda kanabian). Khatam eta
gedena sapertos endog puyuh. Beureum jeung loba bulu anu ipis. Ayana di antawis
taktak handapeun punduk. Kacarioskeun Salman Al-Farisi saacan leubeut agama
Islam kantos ngahaja ninggal khatam. Anjeuna masihan korma, teras nyuhunkeun
widi ka Nabi hoyong ninggal pundukna. Nabi ngartos teras bae dibuka acuk bagean
luhurna. Katingal aya khatam. Salman yakin Muhammad bin Abdullah teh Rasul
Allah anu panungtung. Sabab numutkeun bewara ti agama-agama sejen anu kantos
dicepeng janten kayakinan Salman saestuna Nabi atanapi Rasul Allah gaduh tanda
dina awakna sareng henteu nampi sodaqoh. Dua hal eta aya di Kangjeng Nabi
Muhammad Saw.
Tah sakitu anu tiasa dibagikeun ku simkuring. Hapunten nuju diajar
nyerat ngangge basa Sunda. Bilih kirang merenah, sumangga dikiritik bae seratan
ieu. Kalintang bingah mun aya anu ilubiung mereskeun ieu seratan kuring dina
aspek tata basa jeung diksi. Hatur nuhun. *** (Ahmad Sahidin)