Selasa, 18 Februari 2020

Ngaji buku Asy-Syamail Muhammadiyyah (4)


Urang teraskeun ngaji buku Asy-Syamail Muhammadiyyah. Ayeuna nyarioskeun parobat perang. Nabi Muhammad saw gaduh pedang anu gagangna (perah) dijieun tina perak. Malihan kantos gaduh anu perahna tina emas. Gaduh acuk beusi sareng tutup mastaka anu diangge nalika perang Uhud.

Salajengna disebatkeun na riwayat Kangjeng Nabi ngangge sorban warna hideung. Acuk sareng sinjangna anu kaenna heuras. Mun diangge bagean anu sampeanna ngatung dugi bitis. Dina riwayat dicarioskeun Nabi henteu negeskeun kedah ngatung, dugi nutupan mumuncangan oge teu sawios. Nabi oge ngagaduhan kaen anu khusus keur ngelap kesang na mastaka.

Tah ayeuna ngeunaan cara leumpangna Nabi. 'Ali bin Abu Thalib ra nyebatkeun nalika leumpang, Nabi sok tungkul mastakana sareng gancang. Sapertos mudun tina tanjakan. Nabi mun calik sapertos nuju iftirasy, nyalikan sampeanna. Sakapeung posisina bari nyarande kana tangkal korma atanapi kana angeul (bantal) anu heuras.

Tah cekap sakitu heula. Insya Allah engke diteraskeun deui. Mugi manfaat. Hatur nuhun. *** (ahmad sahidin)