Selasa, 04 Februari 2020

Ngaji buku Asy-Syamail Al-Muhammadiyyah (2)

Urang neraskeun deui ngaji perkawis fisik (raga) Kangjeng Nabi Muhammad Saw tina buku Asy-Syamail Al-Muhammadiyyah. Ayeuna majeng bab tilu dugi bab tujuh. Ngeunaan rambut, cara nyisiran, huis, mulas rambut sarta sipat.

Disebatkeun rambut Kangjeng Nabi anu sisi katuhu jeung kenca panjangna dugi cepil. Henteu galing oge henteu jeugjreug. Hideung meuleus. Rambut anu tukang panjangna henteu ngalangkungan punduk. Nabi dina nyisirna sapertos cara kaum Ahlukitab. Ti payun ditarik ka tukang. Sakapeung mah, numutkeun Anas bin Malik sareng Ibnu Abbas, nyisirna beulah dua. Ka kenca teras ka belah katuhu. Aisyah binti Abubakar, garwa Nabi, mun dipiwarang nyisiran sok cara kaum Ahlul kitab.

Teras ngeunaan huis dina rambut Nabi mah kawilang sakedik. Ngan aya duawelas lambar. Salajengna disebatkeun Kangjeng Nabi kantos mulas rambutna ku inai (daun pacar) dugi katingal beureum. Panginten ieu tiasa janten katangtuan kanggo urang Islam anu hoyong mulas rambutna.

Rasulullah Saw oge dicarioskeun ku Ibnu Abbas yen socana make sipat. Anu bahanna itsmid mangrupa bubuk anu warnana hideung jeung bulao. Nabi make sipat dina waktos wengi. Dawuhan Nabi saestuna make sipat dina handapeun soca matak bengras paninggal. Nabi make sipat tilu kali ngusapkeun na bagean soca kenca jeung katuhu.

Cekap heula sakitu. Insya Allah kapayun urang neraskeun. Kuring maca deui buku Asy-Syamail Muhammadiyyah. Hatur nuhun. *** (ahmad sahidin)