Senin, 24 Februari 2020

Tarikh Kangjeng Nabi: Ti Alit dugi Laki Rabi

Dina kitab tarikh anu diserat ku Ath-Thabari aya riwayat ngeunaan Nabi Muhammad Saw nuju alit dugi laki rabi. Dicarioskeun Kangjeng Muhammad nuju alitna kantos ngangon domba anu kulawargi Halimah binti Sa'diyah. Dina kitab Al-Barzanji dicarioskeun nuju ngangon domba Kangjeng Muhammad ieu ka sumpingan malaekat anu teras meulah dada jeung meresihan kokotor anu aya dina hate. Perkawis ieu aya multitafsir ngeunaan nyata henteuna.

Ath-Thabari nyarioskeun Kangjeng Muhammad nuju alit kantos nyuhunkeun ka ibu asuhna hoyong ningal hiburan anu waktosna sonten ka wengikeun. Anjeuna sareng anu sanesna anu saantragan angkat ka tempat eta hiburan. Bari ngantos eta sumpingna hiburan, Kangjeng Muhammad nyarande na hiji tangkal korma. Teras bae kulem. Pas deur hiburan digugahkeun ku babaturanna teu hudang. Malahan tibra kulemna.

Saatos rengse hiburan, Kangjeng Muhammad nembe gugah. Janten harita mah lapur bae hiburan teu ka lalajoan. Teras bae netepkeun bade lalajo na minggon payun. Tepung waktos lalajo, sami deui kajadian kulem tibra kaalaman deui ku Kangjeng Muhammad. Ieu kajanten katingalna katangtosan Allah supados Kanjeng Muhammad dijagi tina pintonan anu kirang sae. Panginten hiburan urang Arab kapungkur aya anu kirang meureunah dina akhlaq. Kumargi kitu Kangjeng Muhammad nuju alit parantos diaping ku Allah supados beresih tina urusan dosa. Tah ieu mah ukur pamendak simkuring nyalira. Tiasa janten ahli sajarah anu sanes gaduh tafsir anu langkung eces jeung faktual.

Riwayat salajengna tina buku Ath-Thabari nyaeta nalika ngiring ka Abu Thalib bin Abdul Muthalib salaku mamangna anu miara Kangjeng Muhammad sabada pupus akina, Abdul Muthalib.

Dicarioskeun dicandak angkat ka nagari Syam. Harita nuju panas mentrang mentring. Ngan anehna Kangjeng Muhammad mah teu katingal panaseun malihan awan bodas nyarengan luhureun mastakana. Harita nuju reureuh na hiji tempat anu cakeut ka Gareja, hiji pandita (rahib) agama Nasrani ninggal awan luhuran mastaka hiji murangkalih. Ngan anu sanes na teu kaiuhan ku eta awan. Eta pandita ngarasa aneh. Teras emut kana eusi kitab suci yen calon Nabi mah dina kahirupanna ditangtayungan ku Allah.

Teras bae pandita eta menta ka rencang di Gareja supados nyayogikeun katuangeun, bade masihan emam leueut ka rombongan anu ti Makkah eta. Sadaya jalmi anu lebet rombongan tuang leueut. Pandita neungeutan hiji-hiji semahna nalika emam eueut. Teu aya anu aneh. Teras naros ka saurang ti antawis semahna: naha aya anu henteu ngiring lebet? Anu ditaros nyarios aya murangkalih di luar nuju ngiuhan handapeun tangkal. Pandita menta supados diangken ka lebet.

Kangjeng Muhammad lebet ka rohangan anu didinya tos sadia katuangeun. Nalika bade tuang, Kangjeng Muhammad ngucapkeun basmallah. Jeungna henteu makmikmeuk sapertos anu kalaparan. Teras bae pandita nyaketan bari ngarampa bagean punduk murangkalih anu nuju barangtuang. Karasa aya anu ngajendol alit dina punduk. Pandita teras nepangan Abu Thalib bin Abdul Muthalib. Naroskeun sagala rupi ngeunaan murangkalih dugi yakin saestuna Kangjeng Muhammad eta anu bakal janten Nabi anu pamungkas. Malihan ngawanti wanti supados dijagi ulah dugi terangeun urang Yahudi sabab bakal dipaehan. Saatos ngobrol sareng pandita, Abu Thalib uih deui ka Makkah sareng Kangjeng Muhammad. Henteu neraskeun ka nagari Syam.

Salajengna Ath-Thabari ngariwayatkeun Kangjeng Muhammad janten padamel Khadijah. Istri beunghar ku banda nuju milari padamel anu tiasa dipercanten. Seueur bewara anu dugi ka anjeuna yen Kangjeng Muhammad jalmi jujur anu katelahna Al-Amin. Saatos ditawisan, Kangjeng Muhammad nampi pamundut Khadijah nyandak sarupaning barang kanggo diical di nagari Syam. Kangjeng Muhammad disarengan ku Maisarah, bujangna Khadijah.

Na perjalanan disebatkeun Kangjeng Muhammad sareng Maisarah oge rombongan, reureuh di hiji tempat anu cakeut Gareja. Didinya aya tangkal kai badag. Kangjeng Muhammad nyarande na eta tangkal. Henteu teubih ti eta tempat, aya pandita ninggali Kangjeng Muhammad. Pandita naros ka Maisarah. Diwaler eta teh pamuda Quraisy Makkah turunan Abdul Muthalib. Pandita cumarios ka Maisarah, yen numutkeun kitab sucina anu ngiuhan handapeun tangkal kai saestuna calon Nabi.

Sabada beres reureuh, teras angkat ka tempat icalan. Sadayana barang kaical, teras kenging untung anu ageung. Didugikeun ka Khadijah ku Maisarah yen Kangjeng Muhammad dina ngical amis budi, marahmay sareng jujur dina nerangkeun barangna. Khadijah anu nguping laporan Maisarah janten kapincut katarik manah ku Kangjeng Muhammad. 

Salajengna dicarioskeun Khadijah menta Maisarah supados naros kersa henteu mun nikah. Tuluy didugikeun ka mamang jeung bibina Kangjeng Muhammad. Saatos diemutan, ahirna Kangjeng Muhammad anu harita yuswa 25 taun nikah ka Khadijah anu yuswana 40 tahun. Dina kitabna, Ath-Thabari henteu nyebatkeun satatus Khadijah.

Dina kitab Sirah Ibnu Hisyam dicarioskeun Hamzah bin Abdul Muthalib ngalamar Khadijah kanggo Kangjeng Muhammad. Salajengna bapana Khadijah, Khuwailid bin Asad nikahkeun putrina ngangge mahar dua puluh anak lembu. Na kitab eta henteu disebatkeun yuswa jeung satatus Khadijah binti Khuwailid. Ngan dugi kiwari aya keneh anu nyebatkeun Khadijah teh randa nalika nikah sareng Kangjeng Muhammad. Hanjakalna henteu aya sumberna mun dipaluruh deui eta cariosan sabab nyebar diantawis tukang caramah di masigit. Tangtos ieu kedah ditalungtik deui soheh henteuna.

Numutkeun Jalaluddin Rakhmat dina buku "Al-Mushthafa", saestuna Khadijah satatusna parawan ngan yuswana langkung ti Kangjeng Muhammad antawis lima dugi sapuluh taun.  Perkawis ieu katingalna asup akal sabab ngan ti Khadijah sareng Maria Qibtiyah, Kangjeng Muhammad gaduh turunan. Sabab mun sepuh teuing mah langki bakal gaduh turunan. Malihan anu kiwari disebat Ahlulbaet sareng Habaib teh turunan ti Khadijah anu runtuyanna ti Sayidah Fathimah putrina Rasulullah Saw anu nikah sareng Bagenda 'Ali teras bae gaduh Al-Hasan, Al-Husein jeung Zainab. Tiluanana disebat putu Rasulullah Saw.

Urang teraskeun kana kajadian ngarehab Kabah. Harita Kabah geus  ruksak wangunanna. Sabaraha urang Makkah badami hoyong mereskeun wangunan Kabah sangkan sae deui. Kapergok ku hiji jalma anu keur thawaf dina liang geutih pameuncitan sato korban, aya oray hideung. Eta oray cicing sisi Kabah. Luar leor teu jauh di sabudereun Kabah. Aya urang Quraisy nafsirkeun eta tandaning Allah teu masihan widi kana rancana ngarehab Kabah. Ngan saur nu sanesna urang dagoan wae saeunggeus ilang eta oray.

Teu lila ti harita aya manuk anu macok oray, tuluy digusur jauh ti Kabah. Urang Makkah ngarasa atoh sabab niat ngarehab tos kenging idin Allah ku dipacokna oray ku manuk.  Tuluy bae maranehna mugar, teras dirapikeun deui eta wangunan Kabah. Ngan basa rek masang batu hideung (hajar aswad) di antawis kabilah Makkah pasea pahayang-hayang dugi bade silih paehan. Di antawis kabilah anu ngiring ngarehab Kabah, dugi sarumpah make geutih sagala aranjeuna. Salajengna antawis para pamimpin kabilah ngayakeun gempungan musyawarah. Hasilna sapuk sadaya kabilah bade tumut ka singsaha wae jalmana anu sumping pangpayunna lebet ka lingkungan Kabah anu lebetna isuk-isuk pisan. Manehna bakal dijantenkeun hakim sareng bade ditumut.

Satiap pamimpin jeung wawakil kabilah ngantos di hiji tempat ninggal ka arah lawang jalan ka Kabah. Torojol Kangjeng Muhammad lebet ka lawang, teras mapah bade ka Kabah. Para pamimpin kabilah gancang nepangan Kangjeng Muhammad. Teras dicarioskeun ngeunaan masalah anu patali nyimpen batu hideung.  Aranjeuna percanten ka Kangjeng Muhammad sabab katelahna Al-Amin, jalmi jujur jeung bener dina ucap lampah sareng paripolah.

Kangjeng Muhammad nyuhunkeun kaen anu rubak. Teras batu eta disimpen luhureun kaen. Satiap kabilah disuhunkeun wakil kanggo nyepengan tuntung kaen. Teras diangkat sasarengan dugi ka tempatna. Saatos cakeut ka tempatna, Kangjeng Muhammad ngangkat eta batu teras disimpen na tempatna. Pamimpin kabilah ngaraos gumbira kana putusan Kangjeng Muhammad.

Tah cekap heula sakitu. Isuk jaganing geto mugi tiasa diteraskeun guaran Sirah Nabawiyah (sajarah Kangjeng Nabi Muhammad Saw). Hapunten mun lepat dina nyeratna. Kitu deui na kalimah-kalimahna. Maklum nuju diajar nyerat na basa Sunda. Pidu'ana. *** (ahmad sahidin)