Rabu, 05 Februari 2020

Ngaji buku Asy-Syamail Muhammadiyyah (3)


Urang neraskeun ngaji buku Asy-Syamail Muhammadiyyah yasana At-Tirmidzi. Ayeuna anu dicarioskeun ngeunaan raksukan Nabi Muhammad saw. Disebatkeun dina riwayat  saestuna Nabi nganggo acuk gamis sareng raksukan anu kaenna ti nagari Bahrain, Yaman, Rumawi. Nganggo jubah Rumawi jeung sorban hejo. 

Warna acuk anu dianggona beureum. Eces kulit bodasna Nabi nuju nganggo acuk beureum. Warna acuk anu dianggo Nabi diantawisna beureum, hejo, hideung jeung bodas. Anu bodas dianjurkeun ku Nabi dipake nalika hirup jeung nuju maot nyaeta disebat kaen boeh.

Numutkeun simkuring gamis kalebet pakaean tradisional urang Arab sareng nagari-nagari anu deuket jeung Arab. Nabi nganggo gamis tiasa disebat make pakaean adat (lokal). Kumargi kitu urang Sunda anu agemanna Islam tiasa oge make acuk pangsi kanggo pameugeut sareng kabaya kanggo istrina. Ngan aya katangtuan nyaeta ulah dugi tembong orat (aurat). Kitu oge henteu nanaon make acuk ti nagari sejen ngan teu kenging anu nembongkeun orat.

Salajengna kaos kaki. Dicarioskeun Nabi dipasihan ku Najasyi (Negus), raja ti nagari Habsyi (Etopia), sapasang kaos kaki warna hideung anu bahanna tina kulit sato. Ngan henteu eces sato naon anu diangge janten kaos kaki eta. Nabi nganggona nuju usum tiris. Nalika abdas (wudhu) henteu dibuka eta kaos kaki (khuf) ngan diusap hungkul tonggong sampeanna.

Teras ngeunaan sendal atanapi tarompah. Tarompah anu diangge Nabi aya tali qibal (anu meulit jeung nyapit na indung suku) jeung bahanna tina kulit sato. Nalika abdas henteu dileupaskeun eta tarompah. Makena anu katuhu heula teras anu kenca. Mun ngaleupaskeun tarompah anu kenca heula teras tarompah belah katuhu janten anu pandeuri.

Anu salajengna perkawis ali (cincin). Nabi gaduh ali anu bahanna perak jeung batu parmatana dipasihan ku raja Habsyi. Harita nuju bade ngintun serat ka raja-raja nagari asing ('ajam), salah saurang sohabat nyarios bangsa sejen moal nampi serat anu henteu make cap (satempeul). Kumargi kitu ngadamel cap anu harita janten ali (cincin) tina perak anu diukir make lafadz Muhammad, lafadz Rasul, sarta lafadz Allah.

Kacarioskeun eta ali sadidinten diangge ku Nabi. Mun bade ka jamban dilaan heula eta ali.  Numutkeun simkuring sabab aya lafadz Allah, anu kirang pantes mun dicacandak ka jamban. Eta ali saatos pupus Nabi diangge ku khalifah Abubakar teras ngalih ka khalifah Umar bin Khaththab saterasna khalifah Usman bin Affan. Nalika diangge ku Usman, eta ali murag ka sumur Aris.

Kangjeng Nabi ngangge ali dina ramo panangan katuhu. Kantos oge Nabi gaduh ali anu dijieun tina emas. Ngan henteu diangge, malihan diantawis sohabat aya anu ngalungkeun eta ali. Dina ieu riwayat simkuring nafsirkeun saestuna Nabi jalmi qanaah sareng tawadhu. Kumargi kitu Nabi henteu ngautamikeun kadunyaan sarupaning harta banda.

Dina buku Asy-Syamail Muhammadiyyah bab ngangge ali disebatkeun yen putu Nabi, nyaeta Sayyidina Hasan sareng Sayyidina Husain, nganggo ali dina ramo panangan kenca. Janten aya pituduh keur urang anu resep make ali kenging na ramo katuhu atanapi kenca. Ngan ulah janten agul kusabab ngagaduhan ali.

Tah sakitu heula anu tiasa didugikeun dumasar kana buku Asy-Syamail Muhammadiyyah. Insya Allah urang lajengkeun deui sanes waktos. Simkuring maos heula bab salajeng. Hatur nuhun anu parantos maos ieu seratan. *** (ahmad sahidin)