DALAM Ensiklopedia Islam, yang terbit pada
1995, entri Isra Miraj, disebutkan bahwa pada suatu malam di Makkah, Nabi
Muhammad saw bersama malaikat Jibril berangkat ke Baitul Makdis (Aqsa) di
Palestina. Lalu Nabi dan malaikat Jibril naik ke langit demi langit secara
bertahap melewati tujuh tahap.
Senin, 09 Maret 2020
Jumat, 06 Maret 2020
Bagja Pupus keur Ibadah
Senen malem salasa kamari, aya bewara ngalangkungan pangeras
suwara ti masjid cakeut. Ngabewarakeun aya anu pupus, nyaeta anu sok meresihan
masjid jeung ngawulang barudak ngaos sabada maghrib.
Anu pupus teh parantos sepuh yuswana genep puluhan. Anjeuna
katelahna Bu Haji. Tatanggi na nyebatkeun Bu Haji rajin puasa sunah (Nabi Dawud
as) jeung anu pangpayunna mun sumping pangaosan ibu-ibu di masjid. Saur
tatangina, Bu Haji pupus sabada buka puasa (ifthar) sareng shalat maghrib.
Anjeuna ngaraos kirang sehat teras bae mulih ka bumi. Bu Haji pupus, kapendak
ku kulawargina nuju nyepeng Al-Quran. Rupina nuju maos Al-Quran teras dipundut
ku Gusti Allah Ta'ala.
Rabu, 04 Maret 2020
Tarikh Kangjeng Nabi: Wahyu jeung Syiar Islam
Masih keneh nyutat ti Ath-Thabari, ayeuna ngeunaan
nampi wahyu atanapi diangkeunna Kangjeng Muhammad bin Abdullah janten
Rasulullah saw. Disebatkeun Kangjeng Muhammad bin Abdullah nampi wahyu sasih
Ramadhan ping 17.
Ibnu Ishaq nerangkeun ti Wahb bin Kaisan, Kangjeng Muhammad dina sasih Ramadhan nyepi di Guha Hira. Dianteran kulawargi kanggo tuang leueutna. Dina hiji wengi Kangjeng Muhammad ngimpen disumpingan mahluk anu nyandak salambar kaen dibaj anu diseratan. Kaen eta ditempokeun ka Kangjeng Muhammad. Saterasna Kangjeng Muhammad maoskeun eta seratan anu diwulangkeun ku eta mahluk. Kangjeng Muhammad gugah bobo. Teras ngaraos aya anu lebet na jero hate. Diaoskeun deui gampil norolang henteu sapertos ngawitan kedah diaping. Anu dioskeun teh sidik Alquran surah Alaq ayat hiji dugi lima. Kangjeng Muhammad kaluar ti guha, celengkeung aya sora anu nyebatkeun Kangjeng Muhammad teh Rasul Allah jeung ieu kawula malaekat Jibril. Disidik aya mahluk sapertos anu aya na impenan anu geus ngawulangkeun Alquran. Saatos ngadugikeun mah leungit eta malaekat Jibril.
Riwayat sanesna anu diserat ku Ath-Thabari nyebatkeun sasih Rajab ngan henteu aya kapingna. Kenging wahyu di Guha Hira. Malaekat Jibril ngajarkeun surah Alaq ayat hiji dugi lima. Dina riwayat sanesna, Kangjeng Nabi kenging wahyu dinten senen.

Minggu, 01 Maret 2020
Resensi buku Islam: Sejarah Pemikiran dan Peradaban
Simkuring
nembe beres maca buku anu diserat ku Fazlur Rahman. Doktor widang
filsafat Islam lulus taun 1949 ti Universitas Oxford, Inggris. Disertasi na
perkawis filsafat Ibnu Sina. Rahman urang India anu janten dosen di Universitas McGill University, Montreal, Canada.
Anjeuna
di nagari Canada janten professor ahli kaislaman. Seueur pisan karangan anu
atos janten buku. Diantawis na: "Islam", anu medal taun 1979. Buku
ieu kantos ditarjamahkan kana bahasa Indonesia anu diterbitkeun Pustaka
ITB.
Kapungkur simkuring kantos maos eta buku. Hilap deui taunna. Ngan kiwari eta tarjamah buku Fazlur Rahman teh medal deui ku penerbit Mizan, Februari 2017. Jejer bukuna Islam: Sejarah Pemikiran dan Peradaban.

Langganan:
Postingan (Atom)