Rabu, 04 Maret 2020

Tarikh Kangjeng Nabi: Wahyu jeung Syiar Islam

Masih keneh nyutat ti Ath-Thabari, ayeuna ngeunaan nampi wahyu atanapi diangkeunna Kangjeng Muhammad bin Abdullah janten Rasulullah saw. Disebatkeun Kangjeng Muhammad bin Abdullah nampi wahyu sasih Ramadhan ping 17.

Ibnu Ishaq nerangkeun ti Wahb bin Kaisan, Kangjeng Muhammad dina sasih Ramadhan nyepi di Guha Hira. Dianteran kulawargi kanggo tuang leueutna. Dina hiji wengi Kangjeng Muhammad ngimpen disumpingan mahluk anu nyandak salambar kaen dibaj anu diseratan. Kaen eta ditempokeun ka Kangjeng Muhammad. Saterasna Kangjeng Muhammad maoskeun eta seratan anu diwulangkeun ku eta mahluk. Kangjeng Muhammad gugah bobo. Teras ngaraos aya anu lebet na jero hate. Diaoskeun deui gampil norolang henteu sapertos ngawitan kedah diaping. Anu dioskeun teh sidik Alquran surah Alaq ayat hiji dugi lima. Kangjeng Muhammad kaluar ti guha, celengkeung aya sora anu nyebatkeun Kangjeng Muhammad teh Rasul Allah jeung ieu kawula malaekat Jibril. Disidik aya mahluk sapertos anu aya na impenan anu geus ngawulangkeun Alquran. Saatos ngadugikeun mah leungit eta malaekat Jibril.

Riwayat sanesna anu diserat ku Ath-Thabari nyebatkeun sasih Rajab ngan henteu aya kapingna. Kenging wahyu di Guha Hira. Malaekat Jibril ngajarkeun surah Alaq ayat hiji dugi lima. Dina riwayat sanesna, Kangjeng Nabi kenging wahyu dinten senen. 

Teras dina poe harita oge malaekat Jibril nyontokeun wudhu jeung shalat katut babacaanna. Nabi nurutan Jibril anu salajengna eta praktek ibadah diwulangkeun deui ka Khadijah binti Khuwailid jeung Ali bin Abu Thalib anu harita sabada diwartosan kenging wahyu, langsung ariman jeung lebet agama Islam. Hanjakalna Ath-Thabari henteu midangkeun riwayat ikrar syahadatain dua jalmi eta anu munggaran lebet agama Islam. Teras bae bewara Nabi kenging wahyu didugikeun ku Khadijah ka Waraqah bin Nawfal, pandita agama Nasrani. Ngeunaan ieu aya riwayatna yen anu sumping ka Nabi teh “Namus”. Anu baheula kungsi masihan wahyu ka Nabi Musa as. Janten Kangjeng Muhammad teh leres utusan Allah. Ngan hanjakalna perkawis Waraqah ieu henteu seueur riwayat anu lebetna kitab Thabari.

Mulihna ti guha sababa nampi wahyu, Nabi langsung masihan bewara sareng ngajarkeun deui wudhu jeung shalat ka Khadijah jeung 'Ali. Malihan dilakonan barjamaah unggal sonten di tempat khusus di gunung anu sabudereunna pinuh batu. Sabada aribadah marulih ka bumi.

Dina hiji waktos kantos kapergok ku urang Arab. Eta jalmi naroskeun laku lampah Kangjeng Muhammad sareng Khadijah jeung ‘Ali ka Abbas bin Abdul Muthalib sareng Abu Thalib bin Abdul Muthalib, anu duanana paman Rasulullah saw.

Abbas nyarita yen Kangjeng Muhammad, Khadijah sareng 'Ali teh ngalokanan ibadah agama anyar. Malihan Abu Thalib diajak ku Kangjeng Nabi supados lebet Islam. Dina riwayat disebatkeun Abu Thalib bade melaan Nabi jeung tetep ngiring agama anu diwariskeun ti Nabi Ibrahim as. Ngan putrana, yaeta 'Ali bin Abu Thalib, dipiwarang tumut satia ka Nabi. Kitu deui para putra anu sanesna lebet agama Islam. Malihan nalika bade pupus oge Abu Thalib teu ka kuping ikrar syahadatain. 

Masih keneh na riwayat anu diserat Ath-Thabari, Abbas anu calik cakeut Abu Thalib nalika geuring parna anu dugi pupusna, saestuna Abu Thalib ngucapkan kalimah anu dipikahoyong ku Rasulullah saw. Perkawis ieu kedah dipilari deui sumber anu sanesna dina kitab-kitab tarikh anu sanesna.

Tah ayeuna urang majeng ngeunaan lalaki anu ngawitan lebet agama Islam. Ath-Thabari midangkeun riwayat-riwayat yen 'Ali bin Abu Thalib anu ngawitan lebet agama Islam ti kaum lalaki urang Makkah. Aya riwayat nyebatkeun Abu Bakar bin Quhafah jeung Zaid bin Harisah anu ngawitan lebet Islam ti golongan lalaki Makkah. Hiji riwayat nyarioskeun aya lima puluh urang Makkah anu lebet Islam sateuacan Abu Bakar, ngan anjeuna anu pangsaena di antawis sadayana. Anu seueur riwayatna nyebatkeun 'Ali bin Abu Thalib anu nampi Islam sabada Khadijah.

Numutkeun simkuring asup akal 'Ali anu mimiti asup Islam ti kaum lalaki urang Makkah. Sabab Ath-Thabari oge midangkeun riwayat ngeunaan 'Ali anu ti keur alit saacan baligh tos dirawatan ku Kangjeng Muhammad miwah Khadijah dirorompokna. Caritana harita nuju paceklik, kahirupan Abu Thalib ngalaman masakat. Teras bae Abbas jeung Kangjeng Muhammad inisiatif nyandak putra-putra Abu Thalib. Jafar dicandak ku Abbas, sedengkeun Kangjeng Nabi nyandak ‘Ali. Dugi ka dewasana, ‘Ali sasarengan di bumi Nabi. Tangtos sagala rupi ngeunaan Nabi sarta bewara kanabian oge dugina ka Khadijah jeung 'Ali heula sateuacan kanu sanes.

Hal eta sasuai sareng riwayat anu dina kitab Thabari perkawis dakwah agama Islam ka kulawarga anu cakeut, nyaeta Bani Abdul Muthalib jeung Bani Abdu Manaf. Salami tilu taun Nabi henteu nyiarkeun agama Islam iwal ka kulawargi anu aya dirorompokna. Teras aya wahyu anu marentahkeun supados masihan "paringeutan" ka sadaya dulur Nabi (wa andzir asyirotakal aqrobin) ti Bani Abdul Manaf jeung Bani Abdul Muthalib.

Kangjeng Nabi menta 'Ali supados ngulem saderek Bani Abdul Manaf jeung Bani Abdul Muthalib sarumping ka rorompokna. Disayogikeun daging domba pingpingna anu dibeuleum katut cisusu sagelas ageung. Kirang langkung opat puluh hiji jalmi anu nyumpingan uleman eta ka rorompok Nabi. Maranehna sadaya dipiwarang tuang daging jeung nginum cisusu.

'Ali reuwas ninggal sasayogian sanajan sakedik henteu seep. Sadaya jalmi anu sumping tuang leueut. Nuju balakecrakan, Nabi ngadeug. Ngan langsung bae Abu Lahab, pamanna, ngajak sadaya anu hadir supados uih ninggalkeun eta rorompok.

Kusabab henteu acan kadugikeun maksad, Kangjeng Nabi miwarang deui 'Ali supados sasadiaan jeung ngulem deui dinten enjingna. Sadayana sarumpung deui teras taruang leueut. Dina kaayaan maranehna barangtuang, Nabi ngadeug teras nerangkeun dirina kenging wahyu ti Allah seja ngajak ka agama anu bener sareng menta di antawis sadaya anu hadir ngiring janten umatna jeung ngabantos dina da’wah. Saha bae anu rido nampi maka bakal dijadikeun anu nampi wasiatna jeung dijantenkeun wawakilna. Sanajan tilu balikan cumarios, diantawis anu hadir henteu aya anu ngawaler. Teras bae 'Ali ngadeug cumarios dirina siap nampi anu dicarioskeun ku Nabi. Kangjeng Nabi ngaleng taktak 'Ali sareng nyarios sadayana anu hadir kedah tumut ka ‘Ali. Geur bae Abu Lahab seuri bari nyarita ka Abu Thalib: "Tah, maneh kedah toat ka anak maneh." Bari tuluy ngajak anu sanes ninggalkeun eta tempat.

Dina eta riwayat eces syiar Islam anu munggaran dikawitan ti kulawargi cakeut anu aya dibumi kirang langkung salami tilu taun. Saterasna ka dulur kulawargi ageung sapertos Bani Abdul Muthalib jeung Abdul Manaf. Salajengna syiar (da'wah) ka masyarakat Makkah. Kacaritakeun salami sapuluh taun, kiranglangkung kenging dalapan puluh dugi saratus duapuluh urang anu asup agama Islam. Harita teh masyarakat Makkah (numutkeun Lesley Hazleton) aya kana lima puluh rebu jalmi. Mun ninggal jumlah eta mah sakedik pisan urang Makkah anu lebet agama Islam. Numutkeun simkuring ieu kedah janten lenyepaneun urang sarerea: naon sababna urang Makkah henteu kataji ku agama anu dicandak ku Rasulullah saw?

Cekap heula sakitu. Isuk jaganing geto urang teraskeun deui guaran Sirah Nabawiyah anu dicandakna ti Ath-Thabari jeung ahli tarikh anu sanesna. *** (ahmad sahidin)