Jumat, 06 Maret 2020

Bagja Pupus keur Ibadah


Senen malem salasa kamari, aya bewara ngalangkungan pangeras suwara ti masjid cakeut. Ngabewarakeun aya anu pupus, nyaeta anu sok meresihan masjid jeung ngawulang barudak ngaos sabada maghrib.

Anu pupus teh parantos sepuh yuswana genep puluhan. Anjeuna katelahna Bu Haji. Tatanggi na nyebatkeun Bu Haji rajin puasa sunah (Nabi Dawud as) jeung anu pangpayunna mun sumping pangaosan ibu-ibu di masjid. Saur tatangina, Bu Haji pupus sabada buka puasa (ifthar) sareng shalat maghrib. Anjeuna ngaraos kirang sehat teras bae mulih ka bumi. Bu Haji pupus, kapendak ku kulawargina nuju nyepeng Al-Quran. Rupina nuju maos Al-Quran teras dipundut ku Gusti Allah Ta'ala.

Simkuring sareng pun bojo ngalayat ka bumina. Layon parantos ditutupan samping kebat. Di sakuriling layon seueur anu maos Yaasin sareng Tahlil. Simkuring oge satiasa tiasa ngiring maos Alquran, shalawat, sareng du'a.

Sabada ti bumi almarhumah, simkuring ngalenyepan anu dicarioskeun ku tatanggi ngeunaan Bu Haji anu pupus na kaayaan ibadah.

Bagja mun kuring maot dina kaayaan ibadah. Na obrolan sareng bojo, kuring mikiran kontribusi naon anu geus dipidamel keur umat.

Simkuring, sakedikna kantos diajar agama di UIN Bandung. Ngan dugi kiwari teu acan tiasa ngawulaan umat ku elmu anu nyantel na otak jeung hate. Henteu acan gaduh kontribusi anu sifatna ikhlas. Masih keneh butuh ku honor dunya keur nyambung hirup sadidinten. Sesah bade ngawitanna. Saleresna na manah kuring aya kreteg hoyong ngajarkeun ilmu-ilmu agama Islam, hususna ka murangkalih di kampung padumukan kuring sakulawargi. Ngajar anu buruhna kanggo candakeun jaganing di akherat.

Ah, sugan jeung sugan tepang jeung waktos anu mustari. Anu engke jaga kuring henteu beurat nalika ditaros ku malaekat ngeunaan elmu anu parantos diala jeung diulik di UIN Bandung. Alhamdulillah sakedikna hasil maca buku anu dilakonan unggal dinten mah sok diserat janten artikel pondok anu dilebetkan na kompasiana jeung blogspot.

Pamugi Allah Ta'ala ngahapus dosa Bu Haji sareng kenging syafaat ti Rasulullah Saw. Mugi kuring sakulawargi aya dina panangtayungan Allah Subhana wa Ta'ala. Aamiin Ya Robbal 'alamiin.*** (ahmad sahidin)