Minggu, 01 Maret 2020

Resensi buku Islam: Sejarah Pemikiran dan Peradaban

Simkuring nembe beres maca buku anu diserat ku Fazlur Rahman. Doktor widang filsafat Islam lulus taun 1949 ti Universitas Oxford, Inggris. Disertasi na perkawis filsafat Ibnu Sina. Rahman urang India anu janten dosen di Universitas McGill University, Montreal, Canada. 

Anjeuna di nagari Canada janten professor ahli kaislaman. Seueur pisan karangan anu atos janten buku. Diantawis na: "Islam", anu medal taun 1979. Buku ieu kantos ditarjamahkan kana bahasa Indonesia anu diterbitkeun Pustaka ITB. 

Kapungkur simkuring kantos maos eta buku. Hilap deui taunna. Ngan kiwari eta tarjamah buku Fazlur Rahman teh medal deui ku penerbit Mizan, Februari 2017. Jejer bukuna Islam: Sejarah Pemikiran dan Peradaban.

Buku ieu kandelna 423+xxviii kaca. Kawilang kandel jeung mundel eusina. Opat welas bab eusina. Ti mimiti sajarah Nabi Muhammad saw dugi ka prospek umat Islam di zaman modern. Mun diilikan tina bab mah jigana ieu buku ngahaja ditulis keur anu henteu ngenal kana agama Islam. Sabab sacara umum eusi na nyoko kan dirasah Islamiyyah. Ampir sadaya elmu kaislaman diguar dina ieu buku dina satiap babna. Sajarah Nabi diguar nabi bab hiji. Salajengna ngeunaan Al-Quran sareng tafsir, hadis, fikih sareng mazhabna, teologi (akidah) sareng mazhabna, hukum Islam sareng pahaman ulama kana hukum, filsafat, tasawuf sareng tarekat, firqah (sekte) dina agama Islam anu masih nanjeur, pendidikan jeung sakola kaislaman, tajdid (pembaruan) sareng pamikiran modern katut ijtihad ulama modern dina nyangharepan tantangan zaman.

Eta kabeh diguar ku Rahman dina konteks sajarah sareng gerak gerikna dugi ka zaman modern. Estuning mundel sareng muka utek urang Islam. Ampir sadaya ngeunaan Islam dina widang kaelmuan sareng sajarah umat Islam diguar. Tangtos ieu nambih pangarti ka urang ayeuna anu ngan nyaho agama Islam ti guru-guru urang sadaya sareng tina aosan buku-buku. Ngan mun macaan hiji-hiji dina widang elmu kaislaman hiji-hiji mah tangtos cape jeung beak waktu. Kajaba keur santri atanapi anu diajar di sakola luhur (sarjana, master, doktor) mah kedah leukeun sareng tekun.

Simkuring anu kantos kuliah di UIN Sunan Gunung Djati Bandung reueus dina diajar, anu ngan lima taun tiasa terang kana elmu-elmu Islam anu diguar ku Rahman dina eta buku. Dina maosna oge bukuna janten ngemutan deui memori simkuring.

Ieu tawis apresiasi bae: simkuring dina bagean ahir buku mendakan hiji kamandang Fazlur Rahman anu sae keur ngaronjatkeun umat Islam di sakuliah dunya ieu. Numutkeun anjeuna: sadaya pamingpin Islam di nagara-nagara kedah ngahiji dina forum internasional. Kumpul diwakilan ku ahli Islam ti masing-masing teras solusi kangge ngaronjatkeun martabat sareng darajat umat Islam di nagari-nagari anu kirang dina pendidikan sareng masakat (miskin).

Tah sakitu anu tiasa dibagikeun hasil aosan buku. Saleresna seueur buku Fazlur Rahman dina filsafat, tafsir, pendidikan, modernitas, sareng metodologi sajarah. Ngan henteu acan mendakan buku-buku cetakna (hardcopy). Manawi aya anu tiasa masihan keur aosan simkuring. Diantos pisan ku simkuring.

Sakali deui, hapunten henteu tiasa mundel dina ngaguarna. Maklum simkuring masih kirang elmuna. Sumangga diaos supados tiasa janten lenyepaneun urang Islam sadayana. Hatur nuhun parantos maca ieu seratan.*** (ahmad sahidin)