Selasa, 17 November 2020

Syiar Madinah

Neraskeun deui guaran sajarah kahirupan Kangjeng Nabi di Yathrib, anu saterasna disebat Madinatun Nabi anu hartosna Kota Nabi. Sabada ngadeug masjid jeung bumi Nabi digigirna. 

Kangjeng Nabi ngajak Bani Aus jeung Bani Khazraj ngayakeun janji sareng kabilah-kabilah anu aya di sakuriling Madinah. Kalebet kabilah urang Yahudi jeung bani-bani anu masih keneh henteu acan lebet Islam. Wakil anu janten pepentol tiap bani atanapi kabilah sapuk kana piagam Madinah anu eusina sasarengan ngajagi nagari Madinah nalika diperangan kaom sejen anu henteu kabeungkeut ku janji. 

Sapuk mun aya masalah papada bani atanapi kabilah anu kabeungkeut ku piagam Madinah bade direngsekeun ku jalan kakaluargaan anu janten hakimna Kangjeng Nabi Muhammad Saw.

Umat Islam di Madinah harita kabagi sabaraha golongan nyeta Anshar (urang Islam pituin Yathrib), Muhajirin (urang Islam anu hijrah ti Makkah), jeung Kulawargi Nabi anu disebatna Ahlulbait. Anu ahir ieu mah ngan sakeudik. Disebat sateh kanggo ngabentenkeun sareng sohabat Rasulullah Saw. Harita ampir sadaya urang Islam di Madinah anu salain ti Kulawargi Nabi disebat sohabat, boh Muhajirin atanapi Anshar.

Di Madinah ieu Kangjeng Nabi Muhammad Saw gaduh otoritas nangtoskeun perang atanapi damey. Atos janten kabiasaan urang Arab ngarampasan harta banda ti nagari anu janten musuhna. Rombongan balantik Makkah kungsi diganggu ku urang Islam saterasna janten perang Badar. Dina palagan Badar antawis urang Islam Madinah sareng urang kafir Quraisy Makkah, urang Islam meunang. Padahal mah harita musuhna dugi tilu kalieun urang Islam anu ngan tilu ratus jalma. Saterasna perang Uhud anu harita mah kasebatna saimbang. Sabab papada anu palagan loba anu maot. Palagan Uhud janten ibrah yen kedah toat ka pamimpin. Nalika mungkir hasilna henteu sasuai sareng anu diharepkeun. Tah dina kasus Uhud kedah janten lenyepaneun nyaeta percanten anu tos ditangtukeun ku Nabi ulah dirobah sanajan kabita ku harta banda. 

Salian ti dua palagan eta, Kangjeng Nabi sareng sohabatna merangan bani atanapi kabilah anu meugatkeun janji sapihak sapertos urang Yahudi. Ku Nabi sareng wadia balad diperangan dugi aya anu diusir kaluar nagari Madinah. 

Carita salajengna, masih dina Tarikh Thabari,  disebatkeun sabaraha urang Islam anu janten mubaligh ka nagari di luar Madinah nasibna ditelasan ku jalma ti bani anu ngadukung nagari Makkah. Dina ngurus mubaligh anu disuhunkeun ngawulang agama salajengna ditelasan, katingalna henteu janten emutan urang Islam jaman harita. Kirang waspada ngeunaan taktik jeung rekaperdaya musuh urang Islam. 

Mun diaos satiap riwayat ngeunaan palagan atanapi ngajorag musuh anu di luar Madinah,  Kangjeng Nabi Muhammad Saw gaduh kabiasaan masrahkeun tanggengwaler nagari Madinah ka sohabat anu dipilih nyalira, anu tangtosna diperhetangkeun kamampuan jeung kaahlianna. Diantawis sohabat anu kantos diangkat janten pupuhu Madinah nalika Nabi ninggalkeun nagarina nyaeta Abdullah bin Rawahah, Ibnu Ummu Maktum, Utsman bin Affan, Abu Lubabah bin And al-Mundhir, Saad bin Muadz, Zaid bin Haritsah, Abu Salamah bin Abdul Asad, Saad bin Ubadah bin Dulaim jeung anu sejenna.

Sanes hungkul ngeunaan ngajagi sarta tanggengwaler Madinah, malihan kanggo ekspedisi ka bani-bani jeung urusan syiar Islam anu ngalibatkeun rombongan urang Islam ku Kangjeng Nabi diangkat saurang diantara aranjeuna supados janten pimpinanna. 

Diawal hijrah ka Madinah, oge nalika urang Yathrib baiat saterasna diangkat  duawelas jalmi anu pancenna ngajak lebet agama Islam. Emut ka 'Ali bin Abu Thalib anu dipercanten supados kulem di bumi Nabi nalika malem hijrah anu harita pamuda Quraisy bade nelasan Rasulullah Saw. 'Ali oge anu dipercanten ngauihkeun sadaya harta banda urang Makkah anu dititipkeun ka Nabi. 

Saterasna 'Ali anu dipasihan pancen ngaping Fathimah putri Rasulullah, Fathimah binti Asad ibuna 'Ali sareng Fathimah putrina Hamzah bin Abdul Muthalib. Malihan nalika syiar Islam anu munggaran digeurokeun ka saderek cakeut Bani Abdul Muthalib jeung Bani Abdul Manaf oge, 'Ali anu ditunjuk Nabi kanggo ngulem sareng nyayogikeun katuangeun.

Ngangkat wakil anu nyiarkeun agama jeung nunjuk pamimpin samentawis di nagari Madinah tiasa disebat katangtosan Rasulullah Saw. Dumasar kana eta fakta sajarah, kuring yakin sanes perkawis dunya bae anu diangkat ku Nabi janten wakilna, kitu oge na urusan agama Islam. Pastina aya otoritas anu diangkat sabada Rasulullah Saw mulih ka jati mulang ka asal. 

Dina perkara aya dua paham di antawis urang Islam. Anu kahiji nyebat Nabi parantos masihan Alquran sareng pangalaman sae ngeunaan ngalakonan kahirupan sadidinten ka sadaya umat Islam. Kukitu urusan pamimpin sareng kakawasaan Madinah dipasrahkeun umat. Kumargi aya dongeng Saqifah Bani Saidah, anu salajengna Abu Bakar diangkat janten pamimpin Madinah. Harita teu mulus na sawala Saqifah. Ngan kaleresan Umar bin Khaththab antusias pisan hoyong Abu Bakar janten pamimpin. Saterasna marentah hiji jalma keur ngageroan Bani Aslum supados masihan dukungan ka Abu Bakar.

Anu kaduana nyeta urang Islam nyepeng cariosan Kangjeng Nabi nalika di Ghadir Khum sasauran ka saratus duapuluh rebu jalma anu mulang ti haji wada'. Eusi kalimah na anu kawentar nyeta "man kuntu mawla, fa hafza 'Aliyyun mawlahu". Harita panangan 'Ali bin Abu Thalib ra diangkat ku Rasulullah Saw. Tah kajadian ieu dianggap Nabi teh netepkan anu janten otoritas jeung pamimpin sabada Rasulullah Saw teh 'Ali bin Abu Thalib ra. Kusabab harita nuju ngurus layon Kangjeng Nabi maka 'Ali sakulawargi henteu ngiring ilubiung na gempungan Saqifah Bani Saidah. Ngeunaan urang Islam anu tumut ka 'Ali sareng Kulawargi Nabi teh katelah Syiah. Ngan kiwari mah disebat Ahlulbait. Simkuring ngaku leres dina perkawis ieu sabab anu diconto sareng anu terang kana kahirupan Nabi, boh na agama atanapi sagala pasualan kadunyaan, tantos kulawargi Nabi anu katelah Ahlulbait. Ngan na istilah Ahlulbait, garwa-garwa Rasulullah Saw henteu lebet. Aranjeuna disebat na Alquran salaku Ummul Mu'minin.

Cekap heula sakitu. Alhamdulillah tos rengse maos Tarikh Thabari na anu ngeunaan sajarah Kangjeng Nabi Muhammad Saw. Saleresna mah seueur carita tina Tarikh Thabari anu tiasa janten lenyepaneun urang sadaya. Keun anu sanes we anu ngaguar aspek sejenna. Kuring mah cekap we anu tiasa kadugikeun. Rumaos kirang elmu. Pidu'ana simkuring lajeng maos buku sejenna. Cag! *** (ahmad sahidin)