Rabu, 28 Oktober 2020

Tarikh Kangjeng Nabi: Babarna Muhammad bin Abdullah

Rabiul Awwal katelah sasihna Kangjeng Nabi Muhammad saw, nyeta sasih mulud. Dina sasih ieu Kangjeng Nabi Muhammad saw babar ka alam dunya tina rahim ibuna: Aminah binti Wahab. Kangjeng Nabi nuju dina kandungan atos yatim. Ramana: Abdullah bin Abdul Muthalib pupus di Yathrib saparantos mulih kasab (dagang). Layonna dikurebkeun ku saderekna anu linggih di Yathrib.

Ngeunaan babarna Kangjeng Nabi, aya tilu katerangan. Urang Islam anu pahamna Sunni (Ahlusunnah) percanten kaping 12 (duawelas). Sedengkeun urang Islam anu pahamna Syiah Imamiyyah (Ahlulbait) percanten kaping 17 (tujuhwelas). Dua paham urang Islam ieu percanten Kangjeng Nabi babarna sasih mulud (Rabiul Awwal) taun gajah. 

Riwayat anu nyebatkeun 12 Rabiul Awwal dinten ahad. Ieu disebatkeun ku ahli sajarah Al-Masudi, Al-Waqidi sareng Syaikh Kulaini. 

Kapungkur simkuring nguping caramah sareng aya dina haleuang barudak urang lembur nyebatkeun poe senen babarna Kangjeng Nabi. Perkawis eta rupina nyandak tina hadis puasa senen kemis. Dina hadis disebatkeun naha kedah puasa senen kemis? Walerna poe senen dibabarkeun Rasulullah saw. Hadis ieu janten dalil saestuna Nabi nyalira ngarayakeun poe lahirna ku cara puasa sunah. Ngan palebah puasa poe kemis henteu disebatkeun sabab musababna.

Riwayat anu nyebatkeun Nabi Muhammad saw babar kaping 17 Rabiul Awwal dina poe jumaah wanci fajar. Ieu katerangan ti Syaikh Abbas Al-Qummi jeung Syaikh Ath-Thusi (Kitab Mafatihul Jinan, jilid 2, kaca 392). Katerangan perkawis ieu disebatkeun jalurna ti kulawarga Nabi (Ahlulbait).

Biasana katerangan kulawarga ngeunaan kahirupan sadidinten langkung terang batan batur salembur. Tangtos bae ibunda Aminah, paman Nabi nyaeta Abu Thalib sareng bibina Fathimah binti Asad sarta Abdul Muthalib anu langkung terang batan para sohabatna. Aranjeuna ti orok dugi ka ageung anu terang ka Muhammad bin Abdullah.

Katerangan sanesna Kangjeng Nabi babar kaping 9 Rabiul Awwal poe senen wanci fajar. Ieu panalungtikan Muhammad Sulaiman Manshurfury anu diserat dina kitab Muhadarat Tarikhul Umam al-Islamiyyah, jilid 1, kaca 62. Disebatkeun oge na buku Nurul Yaqin fii sirati sayyidil mursalin karya Muhammad Khudari Bek. Ieu buku anu biasa diaos di pasantren sareng madrasah di Tatar Sunda. 

Kangjeng Nabi dibabarkeun di Makkah, Suqullail Jabal Abu Ghubaisy. Ahli sejarah nyebat kaping 22 April 570 Masehi. Aya oge anu nyebat kaping 20 April 571 Masehi.
Dina pupujian urang Sunda anu jejerna " Nabi Urang Sarerea" disebatkeun babarna dina gajah.

Zaman harita disebat taun gajah sabab aya pangawasa ti Yaman anu namina Abrahah seja ngarurug Kabah ngangge sato gajah anu diabringkeun ku bala tantarana. Ngan teu hasil sabab kaburu diperangan ku manuk anu mawa batu seuneu. Ngeunaan ieu diterangkeun dina Al-Qur'an surah Al-Fiil.

Perkawis babarna, disebatkeun dina wengi eta kacarioskeun pareum seuneu di Parsi anu dijantenkeun pamujaan kaom Majusi. Runtuh sinagog jeung kuil anu dipake urang Yahudi. Teras nuju kaluar tina rahim ibunda Aminah dina kaayaan beresih. Ngeumprung cahaya ti langit nembus ka jero imah.

Waktos kaluar ti ibuna henteu ceurik gogowakan. Orok lungsur dina kaayaan sujud. Ibu Aminah langsung bae nganteulkeun kana pinareupna. Hanteu ngarasa beurat atanapi sieun. Lungsar langsar mulus rahayu.

Babarna diaping ku opati istri solehah anu sumpingna kersaning Allah SWT. Nyaeta Asiyah binti Muzahim, Hawa istrina Nabi Adam as, Sarah istrina Nabi Ibrahim as sareng Maryam binti Imran anu janten ibuna Nabi Isa as. Opat istri eta anu janten paraji dina babarna Kangjeng Nabi Muhammad Saw.

Dicarioskeun Abdul Muthalib dina wengi malem babarna Kangjeng Nabi ninggal bulan ngemprung cahayana. Sapertos bulan purnama. Teras ninggal cahaya bulan nyaangan bumi Aminah. Abdul Muthalib sumping ka bumi Aminah teras ninggal orok diais. Rarai orok eta cahayaan. Dipasihan terang ku Aminah yen anjeuna atos ngababarkeun eta orok.

Abdul Muthalib salaku akina ngarasa gumbira. Harita orok dipasihan nami Muhammad. Ibuna masihan nami Ahmad. Dua namina ieu hartosna anu “dipuji” atanapi “pujieun”. Harita nami Ahmad sareng Muhammad hanteu galib di Makkah. Komo deui ieu orok incu pepentol Makkah anu dipihormat ku sakabeh rahayat. Janten bae kakoncara. Abdul Muthalib kantos nyandak Kangjeng Nabi nuju alit dibawa thawaf di Kabah. Dipapangku bari ngurilingan Kabah. Harita Abdul Muthalib katelah pepentol agama hanif, ajaran Nabi Ibrahim as, sareng anu tanggengwaler Kabah.

Kangjeng Nabi diasuh ibuna dugi yuswa dua taun. Tsuwaibah, budak belian Abu Lahab (pamanna Kangjeng Nabi), kantos masihan cisusu ka Muhammad. Dugi ka dimerdekakeun ku Abu Lahab anjeuna. Perkawis ieu kedah ditalungtik deui.

Salajengna diasuh ku Halimah binti Abu Dzuaib Sadiyah. Urang bani Sadiyah anu biasa miara orok. Geus janten kabiasaan harita orok ti yuswa dua taun dugi genep taun sok diasuh muruhan kanu sanes. Dina palebah ieu tacan aya katerangan anu eces alesan Aminah nitipkeun putrana ka Halimah. Naha ngan ukur nurut budaya Makkah atanapi hanteu aya cisusu sareng hanteu gaduh pangalaman dina miara orok? Katerangan perkawis Aminah sareng Abdullah, anu janten sepuh Kangjeng Nabi tiasa kasebat teu jentre dina sajarah. Kirang pisan informasi ngeunaan sepuhna Kangjeng Nabi.

Daerah bani Sadiyah disebat kampung anu aya pagunungan. Tebih ti dayeuh Makkah. Loba kaahengan anu kaalaman Halimah sakulawargi saprak nyandak Kangjeng Nabi. Kalde anu rempo harita ngadadak jagjag jeung lengkahna gancang. Embe anu kuru ngadadak katingal gendut sareng aya susuan keur diperes janten inuman.

Kangjeng Nabi diasuh ku Halimah dugi yuswa lima taun. Kangjeng Nabi nuju alit miara sareng ngangon embe. Resep nyorangan sarta tara aub jeung barudak anu sanes. Kantos sakali waktu diajak ku putrana Halimah lalajo hiburan. Inditna wengi. Bari ngantos hiburan, Kangjeng Nabi sareng putra Halimah diuk di tempat anu baris kaliwatan ku rombongan hiburan. Kangjeng Nabi kulem dina eta tempat. Masing digugahkeun hanteu gugah. Dianteup bae ku putra Halimah. Saatos rengse acara, nembe Kangjeng Nabi gugah tina kulemna.

Kangjeng Nabi harita ayana pangjaga Allah supados hanteu kapangaruhan tina sagala rupi anu awon. Estuning dijagi Allah supados murni pikiran, rarasaan, sarta pangalaman rohanina. Dina ieu hal tiasa disebat Nabi Muhammad saw estuning manusa pilihan anu dijagi tina sagala rupi anu bakal pidosaeun.

Salami dina pangasuhan Halimah disebatkeun Kangjeng Nabi kantos disumpingan malaikat anu teras bae meulah dada. Diberesihan tina kokotor anu bakal asup kana ati sanubari. Didinya ahli sufi percanten hate Kangjeng Nabi atos beresih sahingga paripolah sadidintenna luyu jeung ajaran Islam. Perkawis akhlak kakoncara benten pisan sareng barudak anu sanes. Kumaha akhlakna? Tah ieu mah guareun salajengna. Dina al-Quran mah Kangjeng Nabi disebat uswatun hasanah, conto anu pang saena. Henteu aya babandinganna di antara manusa anu sanesna.

Halimah ngasuh Kangjeng Nabi dugi yuswa lima taun. Aya oge anu nyebatkeun yuswa genep taun. Kangjeng Nabi salajengna sareng ibuna. Dina nincak yuswa genep taun, Kangjeng Nabi dicandak ka Yathrib ku ibuna. Jarah ka makam ramana. Uih ti Yahtrib, di parjalanan ka Makkah, Aminah teu damang dugi ka pupusna. Teras bae dikurebkeun di Abwa, masih keneh daerah Yathrib. Perkawis kumaha ngurebkeunna, sareng saha anu ilubiung dina perkawis ngurebkeun Aminah, teu aya katerangan anu eces. Tiasa janten Kangjeng Nabi nyalira ilubiung dina mulasara ibuna.

Saatos dikurebkeun, Kangjeng Nabi sareng Ummu Aiman (rencang Aminah anu babantos sadidinten) mulih ka Makkah. Abdul Muthalib salaku akina ngarasa sedih ninggal incuna yatim piatu. Kangjeng Nabi saterasna aya dina tanggengwaler Abdul Muthalib dugi yuswa dalapan taun. Aya oge anu nyebatkeun dugi yuswa sapuluh taun. Kumaha Kangjeng Nabi diasuhna?

Tah hal eta sadaya janten guareun salajengna. Kedah janten lenyepaneun sarerea. *** (ahmad sahidin)