Jumat, 05 April 2019

Kangjeng Nabi: Hijrah Rasulullah Saw

Dicarioskeun urang kafir Quraisy geus beakeun cara pikeun nyingkirkeun Kangjeng Nabi. Dina gempungan, urang Quraisy netepkeun Kangjeng Nabi kedah dipaehan ku pamuda anu masing-masing ngawakilan ti unggal bani di Makkah. Kabeh sapuk jeung ngirimkeun wakilna bari mawa pedang seukeut anu baris dipake maragatkeun nyawa Kangjeng Nabi.

Ditangtoskeun dina hiji peuting Kangjeng Nabi bade dipateni. Saratus pamuda anu gaduh pancen maehan geus aya dipipir bumi Kangjeng Nabi. Kukawasana Allah, Kangjeng Nabi dipasihan terang maleman eta kedah hijrah ka Madinah (Yathrib). Peuting harita pisan Kangjeng Nabi miwarang Ali bin Abi Thalib sangkan daek kulem na bangku tempat bobona.

Samemeh kaluar ti imah, Kangjeng Nabi omat-omatan ka Ali kedah masihkeun harta banda urang Quraisy anu dititipkeun ka dirina. Ali bin Abu Thalib tumut kana piwarang Kangjeng Nabi. Salajengna Kangjeng Nabi kaluar tina panto bari maoskeun du’a (aya anu nyebatkeun macakeun surah Yasin). Ramo Kangjeng Nabi ngarawu taneuh sarta diawurkeun kaluar imah bari ngalengkah. Pamuda anu caricing jongjon ngawaskeun anu keur dijero imah. Maranehna nyangka yen Kangjeng Nabi masih keneh sare. Sidik pisan dina bangku aya anu keur ngarengkol make jubah hejo anu biasa dianggo Kangjeng Nabi.

Kangjeng Nabi kaluar ti imah dina kaayaan aman. Kiring yakin Ali gaduh kahariwang. Sapeupeuting rupina henteu tiasa kulem. Sabab apal aya anu bade maragatkeun nyawa na.

Enjingna nuju panon poe meletek kaluar, pamuda-pamuda Quraisy asup ka jero imah bari ngangkat pedangna. Buru-buru Ali muka jubahna. Kabeh pamuda anu rek maehan reuwas lantaran sasaran geus teu aya. Maranehna arambeuk sabab sasaran teu aya. Maraneh nyiksa Ali sangkan mere nyaho kamana Kangjeng Nabi. Ali henteu masihan terang. Ali dicandak ka cakeut Kabah. Disiksa supados betus kamana lumpatna Kangjeng Nabi. Lila-lila para pamuda Quraisy ngarasa capeeun. Teras bae dibebaskeun dina kaayaan teu walakaya. Ali uih ka bumi Rasulullah Saw. Teras masihkeun harta banda ka sadaya urang Makkah anu nitipkeun barang ka Rasulullah Saw. Saterasna Ali nyandak Fathimah binti Rasulullah, Fathimah binti Asad (ibuna) sareng Fathimah binti Hamzah ka Yathrib. Anjeuna mapah anu ngagiringkeun onta-onta anu ditumpakkan tilu Fathimah.

Dina tarikh, mun diteungeutan aya anu kahartos kusimkuring. Naha beut Imam Ali anu kedah janten tumbal Kangjeng Nabi? Padahal mah aya sohabat Umar bin Khaththab, Utsman bin Affan, Abu Bakar bin Abu Quhafah, Abdurrahman bin Auf, Huzaifah Al-Yamani, Zubair bin Awwam, Hamzah bin Abdul Muthalib, jeung nu sejenna. Naha beut Imam Ali anu dipilih ku Kangjeng Nabi? Naha beut Imam Ali anu dipercanten salaku wakil anu mulangkeun harta banda urang Quraisy. Naha sanes sohabat-sohabat anu sok dipuja puji?

Mun maluruh dina tarikh saacan narima wahyu ti Allah, Kangjeng Nabi nyandak Imam Ali ti pamanna, Abu Thalib (Abdu Manaf bin Abdul Muthalib), keur diasuh sarta dirawat di bumina. Saba’da jatukrami Kangjeng Nabi sareng Khadijah, kahirupan Abu Thalib aya dina kamalaratan. Anjeuna sangsara kusabab kitu Abbas, Harits, sarta Kangjeng Nabi miara para putrana. Ngan Thalib, nu cikal, tetep dipiara Abu Thalib.

Ti saacan yuswa sapuluh taun, Ali dirawat di bumi Khadijah. Kangjeng Nabi Muhammad saw nyalira masihan barangtuang, masihan anggoan, sarta masihan pangweruh kahirupan.

Dina tarikh Islam disebatkeun waktos bade kenging wahyu, Kangjeng Nabi nyandak  Ali bin Abu Thalib ka Guha Hira. Mun beakeun kadaharan jeung inuman, Ali dipiwarang nyandak beukel ka rorompokna Khadijah. Teras dicandak deui ka Guha Hira. Aya riwayat anu nyebatkeun mangsa Nabi keur kenging wahyu, Ali digigireun Kangjeng Nabi. Ngan aya ulama anu henteu ngangkeun Ali nyarengan Kangjeng Nabi salami di Guha Hira.

Wahyu munggaran anu ditampi Kangjeng Muhammad bin Abdullah bin Abdul Muthalib nangtoskeun salaku Nabi jeung Rasul Allah. Saatos nampi wahyu, Khadijah sarta Ali putra Abu Thalib anu yuswana kirang langkung sapuluh taun lebet Islam. Duanana ngadegkeun shalat dipeungkeureun Kangjeng Nabi.

Ibadah maranehna kungsi kanyahoan ku Abu Thalib. Lajeng Abu Thalib nitah putrana anu sanes sangkan ngilu ageman anyar anu dicepeng Kangjeng Nabi. Saba’da kenging eta wahyu, Kangjeng Nabi nyiarkeun ageman khusus kanggo kulawargana di bumi.

Teras kenging wahyu anu miwarang Kangjeng Nabi dakwah ka dulur-dulurna ti Bani Hasyim. Aya opat puluh lima pepentol Bani Hasyim anu dikeumpeulkeun di bumi Khadijah. Maranehna dijamu kadaharan anu ngareunah.Teras Kangjeng Nabi ngadeg masihan bewara perkawis kanabianna sareng umajak sadaya dulur sangkan lebet Islam. Dina eta acara, Kangjeng Nabi kungsi ngajanjikeun saha bae anu melaan jeung lebet Islam baris dijantenkeun washi sareng khalifah saba’da Kangjeng Nabi. Teu aya anu nyangeuman iwal Ali bin Abu Thalib anu nampi sarta janji bakal melaan agama Islam.

Mun dipaluruh dina tarikh Islam (Sirah Nabawiyyah), jentre pisan naha Ali bin Abi Thalib dipercanten ngagentos Kanjeng Nabi janten ‘wadal’ dina eta malem hijrah. Jigana Kangjeng Nabi nyobi ngabuktoskeun kacintaan Ali ku jalan eta cara anu pibahayaeun. Jigana mun ditawiskeun kanu sanes moal daekeun sabab nyawa anu baris dipasihkeun ka para pamuda kafir Quraisy. Saha jelemana anu daek mere nyawa sangkan Kangjeng Nabi aman ti sagala marabahaya reka perdaya urang kafir Quraisy? Saha manusana anu wani masihkeun dirina ngagentos nyawa Kangjeng Nabi?

Dina catetan sajarah kabuktos Ali bin Abi Thalib karamallahu wajhah dilantik janten washi di Ghadir Khum [3 mil ti Makkah], saba’da ibadah haji panungtung, 18 Dzulhijjah 10 Hijriah. Riwayat lengkepna aya dina kitab hadis Turmudzi, Muslim, sarta Al-Hakim. Malihan mah ulama Syaikh Abdul Husain Amini (lahir 1899 – pupus 3 Juli 1969) nyerat ensiklopedia Al-Ghadir anu sumberna tina 24 kitab sajarah (tarikh), 27 kitab hadis, 14 kitab tafsir, 7 transkrip khutbah ulama. Ensiklopedi susunan Syaikh Amini ieu medal munggaran taun 1946 di Najaf, Irak, lobana 9 jilid ku penerbit Az-Zahra. Teras taun 1952 janten 11 jilid medal di Teheran, Iran, ku penerbit Al-Haidari. Teras dicitak deui Dar Al-Kitab Al-Arabi di Beirut, Lebanon, taun 1967 jeung 1983.

Dina catetan sajarah oge jentre Ali anu dipilih janten mantu Kangjeng Nabi Muhammad saw. Ali janten caroge Sayidah Fathimah binti Muhammad saw. Sohabat Umar bin Khatab sareng Abu Bakar kantos ngadeuheusan Kangjeng Nabi ngalamar putrina, ngan ditolak. Lamaran Imam Ali anu langsung ditampi Kangjeng Nabi sareng Sayidah Fathimah.

Dina peperangan kacarioskeun Ali bin Abu Thalib anu ahli dina perang sareng jawara anu matak ngabirigidig musuh-musuh Islam. Sakabeh jawara perang di Jazirah Arab terangeun Ali salaku mujahid. Dina sual kaelmuan dijentrekeun dina hadis, Rasulullah saw nyarios: “Ana madinatul ilmi wa ‘Aliyyun babuha; faman aroda madina fal ya’tiha min babiha.”   

Ngan dina sajarah saatos pupus Rasulullah saw mah kontribusi Ali dina sajarah teu katinggal. Kedah mukaan deui buku sajarah. Engkin mun aya waktos rek medar deui. Nembe ieu. Sugan janten lenyepaneun urang sadaya.*** (ahmad sahidin)