Senin, 16 November 2020

Syiar di Makkah

Majeng kana syiar agama Islam nu dilakonan ku Nabi. Di Makkah anu asup Islam lolobana jalma anu masakat ti golongan budak belian. Aya sababaraha jalma ti golongan ningrat jeung dulur-dulur Nabi. Kirang langkung tilu welas taun nyiarkeun Islam ngan kenging antawis dalapan puluh dugi saratus dua puluh urang Makkah. 

Urang Islam anu ngan sakedik teh dijejeleh sareng disiksaan ku kulawargana. Kumargi kitu Nabi miwarang Jafar bin Abu Thalib supados nyandak urang Islam anu henteu gaduh panyalindungan kanggo hijrah ka Habasyah anu kiwari lebet nagari Etopia. Rajana harita kawentar adil jeung melaan ka jalma-jalma anu menta panyalindungan.

Urang Islam anu di Makkah kantun sakedik sapertos Abubakar, 'Ali bin Abu Thalib, Sayyidah Fathimah jeung anu liyanna ti kulawargi Nabi.

Jalaran kirang respons dakwah na di Makkah, Kangjeng Nabi angkat ka Thaif sarta nyumpingan bani-bani sejen anu cakeut ti Makkah. Henteu aya hasil anu muceukil. Malihan dibaledogan jeung diusir. Nabi balik deui ka nagarina. 

Musibah anu beurat alatan sikep jeung laku lampah urang Quraisy Makkah henteu ngan dialaman ku Nabi jeung urang Islam. Bani Abdul Muthalib jeung Bani Abdul Manaf anu janten panyalindungan Nabi tina bebendon kafir musyrikin Makkah oge keuna ku boikot salila tilu taun di Syiib Abu Thalib. 

Harita urang kafir nyieun musyawarah anu hasilna Nabi sareng kabilah anu ngajagina diputus hubungan sosialna. Sadaya bani kedah mutuskeun babarayaan jeung henteu ngayakeun balantik. Salami tilu taun diboikot, Nabi sareng Bani Abdul Manaf jeung Nan Abdul Muthalib ngalaman kahirupan sangsara.

Saterasna aya iber ti malaekat Jibril rehna piagam boikot ancur dihakan rinyuh (rayap). Anu nyesa ngan seratan "Allah" hungkul. Malihan sababaraha saderek Khadijah susulumputan masihan kadaharan keur anu diboikot. Saderek Khadijah jeung pepentol kabilah anu mikarunya ngawanikeun maneh nyabut kaputusan sacara lisan di cakeut Kabah. Anu harita aya pepentol ti bani-bani Quraisy Makkah anu salajengna eta piagam boikot anu ngan ukur nami Allah teh dipiceun. Nya atuh anu diboikot arauih deui ka Makkah nyalikan deui bumi-bumi anu dikantunkeun salami tilu taun.

Masih ngeunaan di Makkah. Salian ti ngiatkeun urang Islam anu masih keneh di Makkah, Nabi nyumpingan rombongan haji ti Yathrib anu calikna di kemah-kemah. Aranjeuna seja ngalaksanakeun ibadah taunan (haji) di Kabah. Ka unggal tiap kemah, Nabi ngenalkeun dirina teras ngajak aranjeuna supados iman ka Allah anu ngan hiji-hijina Al-Khaliq sarta ngenalkeun agama Islam. Teras oge Nabi maoskeun ayat-ayat Al-Quran. 

Dina taun eta disebatkeun aya genep urang Yathrib anu lebet agama Islam. Nabi miwarang aranjeuna supados ngeunalkeun eta agama ka satiap kabilahna di Yathrib. Numutkeun kuring jigana ajaran Islam anu didugikeun ku Nabi saderhana jeung ibadahna henteu hese dilakonan ku jalma anu ngaji ka Nabi kaetang sabaraha dinten. Henteu lami sapertos kulawargi Nabi sareng sohabat anu katelahna assabiqunal awwalun di Makkah. 

Salajengna taun payunna aya duawelas urang Yathrib anu ikrar lebet agama Islam ngalangkungan Nabi. Taun saterasna aya tujuhpuluh dua jalma anu  bade satia sareng ngabaiat Nabi salaku panutan anu ditumut. 

Dina wengi cakeut ka janari, Nabi disarengan Abbas bin Abdul Muthalib, paman oge saderekna Abu Thalib, tepang sareng urang Yathrib. Nabi nyuhunkeun duawelas jalmi anu ngawakilan bani Aus sareng Khazraj supados kersa tumut sareng nyiarkeun agama Islam di kabilah na sewang-sewangan di Yathrib sabada mulih ti Makkah.

Syi'ar agama Islam ka urang Yathrib dilakonan Nabi kirang langkung tilu taun saatos pupus Abu Thalib sareng Khadijah. Dua jalmi ieu kawilang bangsawan anu dipihormat ku urang Makkah. 

Kumargi kitu laku lampah urang Makkah anu ngewa ka Nabi teu pati wani terang-terangan merangan. Ngan nyindir sareng ngupat hungkul. Malihan kantos aya anu nyekek beuheung Nabi.

Ari gegeden Makkah anu nyiksa ka umat Islam anu henteu gaduh dukungan kabilah mah teu kacatur. Kumargi kitu Nabi miwarang Jafar bin Abu Thalib mimpin hijrah umat Islam ka nagari Abyssina. Nagari Etopia anu rajana katelah pepentol agama Nasrani.

Di nagari ieu Raja Negus kakoncara adil jeung resep nulung kanu susah jeung nampi jalma anu milari kasalametan jiwa. Rombongan urang Islam ti Makkah anu munggaran kirang ti saratus jalmi titirah di nagari deungeun. Sabagean anu hijrah teh uihna ka nagari Arab harita nuju Nabi parantos linggih di Yathrib. 

Umat Islam anu masih di Makkah dipiwarang ku Nabi hijrah ka Yathrib. Kantun sabaraha urang. Di antawisna Kangjeng Nabi, 'Ali, Abubakar sareng kaum Muslimah sapertos Sayyidah Fathimah putri Rasulullah saw, Fathimah binti Asad, Fathimah binti Hamzah, jeung Asma binti Abubakar katut anu sanesna. Nabi nyalira ngantos pituduh ti Allah kanggo angkat hijrah ka Yathrib. 

Kacarioskeun kaum Quraisy Makkah gempungan di Darun Nadwah. Nangtoskeun solusi ngeunaan Nabi Muhammad Saw anu dianggapna parantos ngaruksak kahirupan agama di Makkah. Dina gempungan anu diwakilan tiap kabilah, aya hiji aki-aki ti Nejd. Anjeuna ngiringan sawala. Dina riwayat disebatkeun eta aki-aki nyaeta setan anu ngajirim manusa. 

Hasil sawala ditetepkeun Kangjeng Nabi kedah dipaehan ku pamuda anu ngawakilan tiap kabilah. Ditangtoskeun hiji peuting bade dipaehanna. Niat goreng urang Quraisy didugikeun ku Malaekat Jibril ka Nabi Muhammad Saw. Teras bae Nabi miwarang 'Ali supados kersa ngagentos Nabi di kamer bumina. Wengi anu atos ditangtukeun, pamuda Quraisy tos siap di luar bumi Nabi. Maranehna ninggal na liang konci yen Nabi aya dijero. Maranehna netepkeun rek dipaehanna mun geus moletek panonpoe subuh ka isukna. 

Kangjeng Nabi teras nyarios ka Ali supados nganggo simbut hejo ti Yaman. Dipiwarang bobo sarta diwasiatan supados mulangkeun harta banda urang Quraisy anu dititipkeun ka Nabi. Mun atos beres urusan, 'Ali dipiwarang nyusul ka Yathrib.

'Ali salaku murid jeung putra kukut Nabi tumut ka parentah Nabi. Kangjeng Nabi teras ngarawu taneuh ti imahna bari maoskeun surah Yaasin ti ayat hiji dugi sapuluh. Nabi kaluar ti bumi bari ngawurkeun taneuh. Para pamuda anu di luar henteu ninggal Nabi kaluar ti bumi. Paninggalna mah tetep ka jero bumi aya anu nuju kulem. 

Saratus pamuda anu ningker bumi Nabi. Nuju ningker kitu jol aki-aki kantos ngiring sawala di Darun Nadwah. Aki-aki ti Nejd eta ngawartosan yen Nabi parantos henteu aya di bumi. Para pamuda henteu percanten. Langsung wae ngajorag panto, asup ka bumi Nabi bari siap nelasan ku pakarang. Sabab rame, anu diharudum simut hudang. Katingal anu disimut sanes Nabi. 

Sanajan kitu pamuda Quraisy meupeus keuyang ka 'Ali. Disiksa dirangket sarta digusur ka cakeut Kabah. Urang Quraisy maksa 'Ali sangkan mere nyaho ka mana lumpatna Nabi. 'Ali ngawalerna henteu terang. 

Dicarioskeun Nabi pendak sareng Abubakar sarta disarengan nyumput di Guha Tsur. Kirang langkung opat dinten, salajengna Nabi angkat ka Yathrib nganggo onta anu digaleuh ti Abubakar. Dibaturan ku Abubakar sareng budak belian anu nuduhkeun jalan ka Yathrib. 

Disebatkeun ku Thabari, Kangjeng Nabi sareng Abubakar dugi ka Yathrib ping 12 Rabiul Awwal (taun 623 Masehi). Umat Islam di Yathrib nyambut Kangjeng Nabi. Unggal jalma anu tos lebet Islam pada hoyong rorompokna dianjangan ku Nabi. Kumargi kitu masrahkeun kaputusan ka onta anu diantep leumpang henteu dikenyed ku tali anu melulit huluna. Onta anu ditumpakkan ku Nabi bagerak bari diabringkeun ku urang Islam Yathrib. Onta eureun na lapang anu dipake moe korma. Eta lapang gagaduhan dua budak yatim anu saterasna digaleuh sarta dijantenkeun masjid. 

Onta anu tadi eureun teh bagerak deui ka hiji imah anu gaduhna jalma masakat di Yathrib, nyaeta Abu Ayyub Anshari. Nabi samentawis ngiring di bumi Abu Ayyub Anshari. Sabada beres ngawangun masjid, Nabi ngadamel bumi pipireun masjid.

Di nagari Yathrib ieu Kangjeng Nabi ngayakeun shalat jumaah anu ngawitan. Diayakeunna di lapang Bani Salim. Nabi nyalira anu janten khotib jeung imam shalat jumaah. 

Tah cekap heula sakitu anu tiasa didugikeun ku simkuring hasil tina aosan buku-buku sajarah Nabi Muhammad Saw. Di antawisna buku Tarikh Ar-Rusul wal Muluk, Hayatu Muhammad sareng Sirah Ibnu Hisyam jeung Sirat Rasul Ibnu Ishaq.

Mugi aya manfaatna kanggo anu maca ieu seratan. Hapunten kirang merenah na tata basa jeung undak usukna. Ma'lum kuring masih diajar na basa Sunda. *** (ahmad sahidin)