Selasa, 11 Oktober 2022

Sajak (kanggo) Kangjeng Nabi

 

 Allahumma Shalli ála Sayyidina Muhammad wa Aali Sayyidina Muhammad 

Kangjeng Nabi…

duh geuning geus sarebu opat ratus taun

Salira mulih ka jati mulang ka asal

 

Cacakan kantun carita;kantun catetan sajarah

Salira masih keneh seungit; teu aya bandingna

Salira masih ngancik dina hate kuring jeung lembeina urang Islam

Salira masih keneh jumeuneung dina sawala, dina cariosan ulama

 

Jungjunan…

Salira janten tuladeun sadaya manusa

janten conto keur nyukcruk galur

rawayan ka Allah Robbul izzati

   

Jungjunan, hapunten abdi tacan tiasa nulad

hapunten abdi nu dolim

masih keneh resep dudunya

masih keneh patukangtonggong sareng piwejang

piwuruk guru ngeunaan ageman Salira    

 

Jungjunan, hapunten abdi tacan pageuh nyepeng pusaka

henteu acan nyaliara dina geutih tur daging

dina letah, dina lambei, dina sakujur badan kuring  

 

Kangjeng Nabi…

hapunten abdi kumawantun ngaku-ngaku umat Salira

ngaku iman tur pasrah ka Salira;

ngaku nuturkeun Ahlubaet Nabi

 

duh… 

Kangjeng Nabi

 

duh…

Ahlulbaet Nabi 

 

Jungjunan….

 pamugi syafaatna ngajait abdi

teu aya deui nu janten pamuntangan abdi

iwal Kangjeng Nabi… Ahlulbaet Nabi

 

abdi teu kiat mun janten ahli naraka

abdi teu gaduh kasaean nu baris nganteurkeun ka sawarga

ngan Kangjeng Nabi harepan abdi

ngan Ahlulbaet Nabi nu janten pituduh abdi

nyorang kabagjaan jeung kasalametan dina jalan Allah;    

 

Kangjeng Nabi…

ngan shalawat jeung shalawat

eta nu nembe tiasa; bari tacan nyaliara dina hate

karek lambei jeung kalimah hungkul

heunteu acan ngawujud atanapi ngajirim dina hirup tur hurip

 

Kangjeng Nabi…

Dina dintenan pupusna Salira teh hoyongna mah zaroh

ka Madinah,

hoyong ngusap pajaratan Salira

hoyong cakeut jeung Salira

pamugi dipasihan jalan ngadeuheus

 

Kangjeng Nabi…

hapunten abdi parantos kumawantun  

hapunten abdi nu henteu gaduh tatakrama

hapunten abdi ngan ngaku-ngaku janten umat Salira

 

Jungjunan…

Pamugi abdi sakulawargi

sareng guru-guru abdi

kenging syafaat ti Salira

kenging hampura ti Allah Robbul izzati  

 

Allahumma shalli ala Muhammad wa aali Muhammad

Allahumma shalli ala Muhammad wa aali Muhammad

Allahumma shalli ala Muhammad wa aali Muhammad

 

Allahumma innii as aluka waatawajjahu ilaika binabiyyika

Nabiyyirrahmah Muhammadin shallallaahhu ‘alaihi waaalihi

 

Yaa Abal Qasim…

Yaa Aba Abdullah…

Yaa Aba Ibrahim…

Yaa Aba Fathimatu Zahra…

 

Yaa Rasululillah

Yaa Imamur Rohmah

Yaa Sayyidana wa maulana

 

Inna tawajahnaa was tasyfa’naa watawassalnaa bika ilallaah

Waqadam naaka baina yadai haajaatinaa;

 

Yaa wajiihan ‘indallah…  isyfa’lanaa ‘indallaah…

Yaa wajiihan ‘indallah…  isyfa’lanaa ‘indallaah…

Yaa wajiihan ‘indallah…  isyfa’lanaa ‘indallaah…

 

Bandung: 28 Shafar 1433