Sabtu, 21 Maret 2020

Anu Dijalankeun Umat Islam Kiwari Sanes Sunnah Nabi


Hiji mangsa keur di sakola. Simkuring turun ti lante dua. Niat mah rek tuang beurang. Di palebah lawang hareup sakola katinggal aya pun Guru anu direncangan guru simkuring anu jabatanna salaku pupuhu sakola sarta putra pun guru. Buru-buru kuring ngadeuheusan. Ngucap salam sareng ngesun pananganna. Ka simkuring pun Guru imut sareng naros perkawis kagiatan kuring di sakola. 

Pupuhu sakola kuring anu nerangkeun perkawis kagiatan kuring. Kuring mah unggeuk bari imut. Yuswa pun Guru ahir Agustus 2012 kamari 64 taun. Atos sepuh sareng incuan. Rambut dina mastakana katinggal aya anu bodas. Najan geus sepuh mun ninggal rarayna mah henteu katinggal aki-aki. Eta meureun pedah amis budi sarta sok resep banyol dina obrolan atawa caramah-caramahna.

Pun Guru naroskeun kagiatan kuring di sakola. Teras pun Guru oge ngobrolkeun perkawis situs enggal sarta situs-situs anu geus laleungit alatan diheker. Simkuring oge naroskeun perkawis desertasi doktoral di UIN Makassar. Saur pun Guru, eta disertasi bakal geunjleung mun dibukukeun sabab eusina ngaboleker ajaran-ajaran ageman Islam anu geus ruksak sareng patukang tonggong jeung Islam anu diajarkeun Kangjeng Nabi. Sabada pupus Kangjeng Nabi, ajaran Islam parantos dirobih ku sohabat anu gaduh kakawasaan.

Teu aya anu wantun ngabantah sabab urusanna sareng kakuatan fisik sarta maragatkeun nyawa. Numutkeun pun Guru: 80% sunnah anu dijalankeun umat Islam kiwari sanes sunnah Nabi. Lolobana sunnah sohabat sareng ajaran para ulama katut guru-guru. Janten henteu aseli deui ajaran Islam anu aya di masyarakat? Tah, ieu mah kedah maos disertasi panalungtikan pun Guru supados jentre jeung eces dina dina neuleuman kaislaman urang sarerea. Tangtos kedah dilenyepaneun ku urang sadaya.

Kuring galecok sorangan dina manah: meuni hebat jeung luhung ku elmu sareng hasanah kaislaman aranjeuna. Najan sepuh tapi tetep keuyeung maca buku, ngulik, sarta nalungtik dina sual kaelmuan Islam. Kuring ngarasa era sabab beuki kolot kalah hoream maca buku, hoream ngaji, sarta hoream ingkah keur nyiar elmu.

Teras ngobrolkeun perkawis putuna anu dipapageun. Pupuhu sakola kuring teras bae ngajak pun Guru ka rohanganna. “Hayu sareng diditu ngobrolna,” saurna. 

Kuring unggeuk bari nuturkeun dipengkerna. Blus asup, pun Guru calik dina korsi empuk bari nyarande. Pupuhu sakola sareng kuring calik deukuet panto. Teras bae rama putra (pun Guru sareng pupuhu sakola) ngobrol perkawis kitab anu nuju diaos pun Guru. Mun henteu lepat dangu mah ngeunaan kitab anu diserat ku Syaikh Al-Mufid (mun henteu salah mah nami aslina Muhammad bin Muhammad bin Nu’man Al-Mufid anu nyerat kitab Al-Irsyad). 

Pun Guru nyarios yen Al-Mufid teh hiji ulama Syiah anu geten ngabantah kana seratan-seratan anu nyerang ka Syiah (mazhab Ahlulbait). 

Saur pun Guru, seuseurna ulama Syiah langki nyerang balik kana ajaran-ajaran Ahlussunah atanapi Wahabiyah. Ulama Syiah mah biasana cekap ngawaler anu nyerang Syiah sarta masihan katerangan anu gampil kaharti ku utek (rasional). Kitu deui dalil tina Quran sarta hadis oge sok didugikeun sareng katerangan numutkeun ulama-ulama ti Ahlussunah. 

Langki anu nyerang ka Syiah ngangge rujukan ti Syiah atanapi nyandak katerangan ti ulama Syiah. Aya soteh anu ngan nyokot sapotong-sapotong teras bae dibewarakeun awon dina situs-situs anu dijieun ku jalma-jalma anu mazhabna Wahabi. 

Mun dipaluruh deui dina rujukanna jauh tina bener sarta teu cocog sareng eusi eta buku. Malihan mah wantunan maranehna mah ngajieun kitab anu eusina patukang tonggong jeung mazhab Ahlulbait teras bae eta kitab diserat anu nyeratna ulama Syiah anu kawentar. Tangtos bae enggal kapanggih sarta enggal-enggal dibewarakeun aya kitab kajajaden anu disandarkeun ka ulama Syiah. 

“Mazhab Ahlulbait atanapi Syiah umatna pararinter. Resep kana maca buku sarta ulamana oge rajin nyerat buku sarta elmu-elmuna laluhur," saur pun Guru bari teras cumarios deui, “Tah, kedahna lebet Syiah, supados janten pinter teras luhung ku elmu.” 

Kuring unggeuk-unggeukan. Bari gumujeng kuring ngaregeupkeun cariosan pun Guru. Na pikiran kuring emut ka Ayatullah Sayyid Hasan Ash-Shadr anu kantos nyerat kitab Ta’sisusy-Syi’ah li Fununil Islam (kitab ieu parantos ditarjamahkeun jejerna “Peradaban Islam dan Ilmu Keislaman” ku saderek Ammar Fauzi). 

Kuring ninggal eta buku, eusina euyeub sarta mundel pisan ku bewara perkawis ulama-ulama Syiah anu masihan kontribusi dina khasanah intelektual Islam. Ampir dina sagala widang elmu kaislaman (ulumul quran, tafsir, ulumul hadits, tarikh, sirah nabawiyah, hadits-hadits, fikih jeung nu sejenna) sarta elmu umum sapertos pulitik, ekonomi, matematika sarta sains, seuseurna dicepeng sarta karyana hasil panalungtikan ulama-ulama Syiah. 

Malihan mah sufi sareng filusuf dina catetan sajarah Islam dicarioskan seueur anu nganut Syiah atanapi mazhab Ahlulbait. Di antawisna anu kawentar dugi kiwari sapertos Ibnu Sina, Al-Farabi, Mulla Shadra, Al-Biruni, Suharawardi Al-Maqtul, Ibnu Ishaq, Al-Mas’udi, Al-Waqidi, Al-Hallaj, Sijistani, Bahmanyar, Syaikh Siti Jenar, Hamzah Fansuri, Syamsuddin Sumatrani, Fariduddin Athar, jeung nu sejenna. 

Kitu deui ulama sarta ilmuwan Syiah modern anu karyana diaos ku urang Indonesia sarta dijantenkeun rujukan dina urusan sakola atawa kuliah di antarana Ali Syariati, Abdulkarim Soroush, Ayatullah Khomeini, Ayatullah Baqir Shadr, Ayatullah Thabathaba’i, Seyyed Hosen Nasr, Sayyid Kamal Haidari, Sayyid Haidar Amuli, Syaikh Tijani Samawi, Husain Behesti, Taqi Mishbah Yazdi, Mehdi Hairi Yazdi, Murtadha Muthahhari, Sayid Ali Khamenei, Jafar Subhani, Sayid Husain Fadhlullah, jeung nu sejenna.

Cariosan pun Guru perkawis Al-Mufid diguar oge ku pupuhu sakola kuring. Anjeuna nyaritakeun perkawis kritik Al-Mufid kana hadis-hadis anu janten cepengan urang Ahlussunah. Silih tembal bae duana. Kuring mah ngajenjentul merhatoskeun cariosan duana.  

Saatos aya tilpun yen putu pun Guru atos dina mobil, obrolan rengse. Pun Guru buru-buru kaluar ti rohangan direncangan pupuhu sakola. 

Kuring kaluar bari ngadu'a nyalira na jero hate: Mugi Allah Ta'ala nangtayungan pun Guru miwah kulawargina. Mugi kenging kurnia Allah sarta teras dibimbing Anjeun-Na dina rawayan ageman Islam anu diajarkeun Kangjeng Nabi Muhammad saw (shallallahu alaihi wa aalihi wasallam) anu jalurna ti Kulawargana sareng Sohabatna anu henteu sasar. *** (ahmad sahidin, alumni uin sgd bandung)