Kamis, 19 Maret 2020

Resensi buku Misteri Wasiat Nabi karya Kang Jalal

Simkuring reueus dumeh aya buku anyar ti Pangersa KH Jalaluddin Rakhmat (anu galib disebat Kang Jalal). Jalaluddin Rakhmat mereskeun S3 di UIN Makassar anu disertasina: Asal Usul Sunnah Sahabat: Studi Historiografis atas Tarikh Tasyri. Teras bae ringkasan tina disertasi eta dijantenkeun buku anu jejerna: Misteri Wasiat Nabi. Diterbitkeun ku Misykat Bandung.

Alhamdulillah, simkuring atos maos bukuna. Eta buku sae sareng raos diaosna. Ngan jigana kedah langsung maos aslina, maos disertasina. Sugan jeung sugan aya waktos sareng bongbolongan. 

Keur simkuring mah buku Misteri Wasiat Nabi kasebat sae sabab langsung kana inti bedana Sunni jeung Syiah. Sanajan aya beda-beda sakedik dina panafsiran agama antawis Sunni jeung Syiah. Ngan intina perkawis nampi kana wasiat Kangjeng Nabi atawa hanteu.  

Mun nampi kana sagala rupi wasiat Rasulullah saw ngeunaan Imamah Bagenda Ali bin Abi Tholib ra pasti diangkeun Muslim Syiah. Lamun henteu percanten sareng nolak kana wasiat, tangtos tiasa janten Sunni atanapi mun kiwari mah Wahabi. Tah, eta pisan anu benten. Kadituna mah sarua bae.  

Sanajan aya urang Bandung, aktivis ti ormas Persis, anu nyerat ulasan perkawis buku Misteri Wasiat Nabi. Anu ku simkuring diaos mah hanteu prinsipil kiritikna. Persepsi sareng nyimpul anu beda. Sapertos mun nganggo kacamata hideung. Anu ditingal teh janten hideung sadaya. Mun henteu ngangge kacamata hideung mah tangtos bakal katinggal warna warni sareng kaendahan sadaya anu nembrak dina eusi buku. Kusabab anu nyerat ulasan buku eta hanteu suka mazhab Syiah atanapi parantos gaduh “frame” lepat ka Syiah, teras bae ditinggalna sasar sadayana anu diserat ku Pangersa Jalaluddin Rakhmat. 

Jigana mun Anjeuna ahli dina sajarah sareng hadis teras sakola luhur dugi doktor dina widang tadi, tangtos bakal benten dina maos eta buku. Simkuring anu diajar sajarah di UIN Bandung: ninggal eta buku penting pisan dina metodologi sejarah kontemporer. Tiori abduktif ti Charles Sanders Pierce tiasa diangge dina panalungtikan sajarah. 

Dugi kiwari pananglutikan model historiografi henteu acan rame keur urang Indonesia di sakola-sakola luhur agama. Nembe Fuad Jabali anu nyerat disertasi teras dimedalkan anu jejer bukuna: Sahabat Nabi. Teras bae ayeuna Pangersa Guru Jalaluddin Rakhmat medalkan buku: Misteri Wasiat Nabi. 

Tangtos kanggo anu keur ngulik sajarah mah kalintang peryogi janten conto kumaha ninggal historiografi dijantenkan kajian ilmiah tingkat doktoral. Simkuring kataji. Mugi tiasa diparengkeun tiasa ngagunakeun metode historiografi dina panalungtikan sajarah Islam anu sanesna.  

Tah ieu mah bewara. Alhamdulillah, simkuring atos maos seratan Pak Hernowo dina facebook. Dugi ka lima seri. Sae pisan keur kuring mah eta seratan. Kiat dina ninggal aspek-aspek anu istimewa tina buku Misteri Wasiat Nabi. 

Komo deui ieu anu ngaguarna ku ahli buku sareng tukang maca buku, tangtos langkung hebat dina guaranna. Sabab ahli buku mah tangtos tiasa ngabentenkeun hiji seratan anu mundel sareng anu ngan ukur "utah uger". 

Ieu bewara perkawis buku. Simkuring kantos ngaluuhan acara diskusi buku Misteri Wasiat Nabi di Aula Muthahhari, 4 Juli 2015 sonten. Aya hiji ahli hadis ti UIN SGD Bandung: Dr Ali Masrur nyaram ka jalma anu karek diajar agama Islam ulah maos buku Misteri Wasiat Nabi. Sabab bakal ngajenghok jeung tangtu moal bisa narima kanyataan sakabeh iber ngeunaan sahabat sareng ibadahna hanteu nyumber ti Nabi Muhammad saw. 

Teras Prof Rosihon Anwar, ahli tafsir ti UIN SGD Bandung sareng Pangurus Wilayah Nahdlatul Ulama Jawa Barat, yen buku "Misteri Wasiat Nabi" anu disertasina atos diuji ka ahli sajarah sareng ahli hadis di UIN Makassar. Anjeuna henteu mangmang deui kana eusi eta buku dina aspek ilmiahna.

Sanajan kitu, ceuk Prof Rosihon, anjeuna ngarasa kurang pas kulantaran henteu aya guaran ti sumber Syiah. Ngan ukur ngaguar sumber Ahlusunnah sareng ngiritik sumber hukum Ahlusunnah. 

Simkuring sapuk. Sugan jeung sugan isuk jaganing geto bakal aya anu neraskeun nalungtik anu disebatkeun ku Prof Rosihon. *** (ahmad sahidin, alumni uin sgd bandung)