Jumat, 24 Juni 2016

mugi diparengkeun boboran ieu abdi tiasa jarah

Nembe maos postingan: aya murangkalihna anu tos damel kiranglangkung tilu sasih. Ngintun sendal sareng acuk anyar. Saurna kanggo lebaran ibuna. Teug, ieu hate nyeredet. Beurebeuy cimata. Keclak cimata.

Dina hate hayang jiga kitu. Masihan barang ka kolot (ibu bapa) kuring. Ngan ukur cimata sareng du'a.
Nun Gusti, mugi diparengkeun boboran ieu abdi tiasa jarah ka makam pun bapa sareng pun ibu. Tos lami pisan abdi teu jarah. Nun Gusti...

Robbighfirli waliwalidayya warhamhuma kama robbayani shogira. Allahummaghfirlahum warhamhum wa'afihim wa'fuanhum. Wa shalli 'ala Sayyidina Muhammad wa 'ala Aali Sayyidina Muhammad