Jumat, 17 Juni 2016

hatur nuhun anu parantos maca ieu tulisan

Simkuring rada bingung mun mayunan komputer. Sabab mun maosan ebook, rada hoream. Mun neuleuan tuisan heubeul hoream oge. Nya ngan muka internert tuluy macaan artikel anu aya dina situs online anu munel dina eusina. Ngan anu resep diaosan teh masih keneh perkawis agama. Tacan kana widang sanesna. Teuing atuh beut kitu. Ah keun bae atuh kieu oge. Ngan kitu hungkul ngalecok kuring dina hate. Teuing atuh beut kitu. Matakna ditulis suapdos karekam yen dintenan ieu kuring nyerat hal anu teu puguh juntrungan. Naon hartina?

Teuing
Cenah anu teu jelas sekeselerna, anu euweuh eusina atanapi anu hanteu aya manfaat. Sanajan aya anu sapertos kitu dina ngahartosan, tapi keur uing mah aya benerna. Aya manfaatna. Ngeusi waktu. Tah ieu anu keur ku simkuring dilakonan. Sabab saur jalma anu asup grup jamaah tabglih mah manusa mah ngantos maot. Mun dileunyeupan mah jiga anu bener. Ngan anu diguar dina Quran mah saestuna supados ibadah ka Alah Ta'ala. Tah dina ieu mah kuring ngarasa kirang pisan. Heup ah... isin ngobrol perkawis ibadah mah. Teu gaduh amal. Hatur nuhun kanu atos maca ieu tulisan.

 [ahmad sahidin]