Selasa, 07 November 2023

Sajak Neang Dunya

 NEANG DUNYA

 jurig atah neang dunya

kaditu kadieu, linglung

dunya diteang ngajauh
dunya ditoong anggang

kun fayakun, ceuk gusti oge

kun fayakun neuleuman kahirupan
ngajeroan liang kabagjaan manusa

 nyiar akherat ku dunya

nya teu nanaon

nyiar dunya ku akherat

nya jurig ngarana

 2007