Senin, 06 November 2023

Sajak Bubuka, Nineung

 

PRAK ANJEUN BUBUKA

 

prak anjeun geura bubuka

ngaguar Adam deleka

 

prak anjeun nangtung

kawas Nuh ngumbar bagja

 

prak anjeun ngulampreung kanyaho

kawas Musa ka Khidir

kawas Isa ngawulaan kameumeut

 

prak tuturkeun Kanjeung Muhammad

nu ngumbar sawarga

basa panon poe mulang keur isuk

 

Rabiul Awwal 1426

 


NINEUNG

 

mun tepung jeung boboran shiam sok ngarakacak cimata

pipi kuring baseuh disimbeuhan cimata

ninggal tatanggi mulih ka lembur menta hampura ka kolotna

tur menta du`a keur ngalakonan hirup saba`da shiam

 

pipi kuring baseuh disimbeuhan cimata

ngadangu rerencangan mulih ka lembur mere kareseup kolot

ngabagjakeun nu dilemburna

 

asa nyeri… ieu hate sabab teu tiasa kawas batur

clak… cimata ngalembereh maseuhan pipi

 

duh,  biyang….

duh, bapa…

 

sanajan lalaki kuring teu tiasa nahan cimata

juuh tiis ngalembereh na pipi

sanajan geus aya gantina: kolot ti bojo

tetep anjeun: bapa jeung biyang mah teu aya gentosna

 

duh,  biyang….

duh, bapa…

 

hapunten kuring tacan tiasa mulang tarima

hapunten teu tiasa nepangan runggunuk taneuh

nu kapungkur dileuyeuk

disiram ku citiis

diawuran kembang eros beureum bodas

ditinggalkeun na tungtung padung

astana lembur

 

Nun Gusti hapunteun dosa biyang-bapa kuring

mugi ngahapunten sagala kalepatan ibadah tur hirupna

tampi amal saena

 

Nun Gusti….hapunten  abdi sasadu ka Anjeun

sabab rek ka saha deui, iwal Anjeun nu hiji-hiji Pangeran sadaya alam

Pangeran manusa, nu ngahirupan, nu ngamaotan

Nu hirup tur langgeng

 

Allohummaghfirlahum warhamhum wa`fuanhum…

Allhomu sholli ala Muhammadin wa aalihith-thohirin…

 

22 Ramadhan 1430 H