Kamis, 03 Juni 2021

Ulin ka Pameran Buku

Sampurasun... Baheula ulin ka jalan Braga Bandung. Ulin ka pameran buku. Aya bajigur jeung bandrek oge kulub hui sareng sampeu. Raos jeung haratis. Tuluy nguriling ka stan-stan buku. Geuning aya penerbit nu janten provokator papasean.

Udar-ider milari buku-buku nu pangaosna mirah. Stan hareup dugi tungtung jero teu manggihan nu dipikaresep jeung hargana murah. Gok bae ka stan obrolan buku cakeut panggung. Uing jeung bojo ngiluan kawas batur neangan buku. 

Geus meunang eta buku anu dipikahoyong jeung mirah, tuluy bae uing jeung bojo balik. Geus peuting jeung tiris. Sanajan aya bandrek, tapi uing leuwih resep balik. Ah... geuing teu pati rame pameran buku ayeuna mah. Marahal harga buku teh geuning. Jeungna asa bosen ninggali judul buku nu ampir sararua ti hiji stan ka stan nu lian teh. Geus pareum kreativitas jeung ide kitu nu narulis teh kiwari? 

Mun enya kitu, beu... peradaban bakal eureun semet kiwari. Janten emut ka Francis Fukuyama nu nyerat buku The End of History. Boa enya geus euweuh ide jeung kreativitas anyar kantun museum jeung copypaste bae bari dipermak saeutik-eutik. Kumaha atuh? Ah uing mah yakin can aya we meureun lain sapertos anu disebut ku Fukuyama.

Mun maluruh ka Ali Syariati sareng Murtadha Muthahhari, dua jalmi luhung elmu ti nagari Iran, kantos ngaguar ngeunaan sajarah manusa ka hareup. Aranjeuna percanten Imam Mahdi as anu janten manusa panungtung saacan kiamah. Janten akhir sajarah aya na kakawasaan Imam Mahdi. Ngan ieu mah kamandang agama Islam anu mazhabna Syiah Imamiyah. Katingalna sadaya agama gaduh kamandang ngeunaan akhir zaman. Sumangga anu gaduh kamandang tiasa ngaguar. ***