Minggu, 27 Juni 2021

Simkuring Terang (mazhab) Syiah ti Buku Islam Alternatif

DUGI kiwari sim kuring teu acan manggihan bewara yen manusa henteu ngalaman proses. Ampir kabeh manusa ngalaman heula proses ti bubudak dugi janten kolot. Duka tah panginteun aya iber nu teu acan kantos diaos atawa didangukeun ku simkuring. Manawi aya, pasihan bewara bae simkuring.

Naha beut nanyakaeun nu kitunya? Nya simkuring oge pan ngalaman proses ti orok dugi dewasa kieu. Salain ti ngolotan umur, oge nambah pangarti sareng pangalaman hirup. Pangalaman mah sumping nyalira sareng ngancik dalam kahirupan. Ari pangarti mah biasana kudu di teangan, kudu diajar, kudu ngaji. Sakola, pasantren, nu katelah tempat kanggo milari elmu atawa pangarti. Baheula kantos diajar ngabedakeun perkawis pangalaman sareng elmu dina pelajaran kuliah filsafat ilmu di UIN Sunan Gunung Djati Bandung.

Kuring can kungsi diajar di TK atawa pasantren. Ngan keur SD kuring sok rajeun ngiluan ka masigit jeung pun Bapa. Sok ngiluan oge mun keur aya pangaosan rutin. Jigana mah aya cupat ti baheula yen kuring ayeuna oge masih resep ngadangukeun pangajian atawa seminar atanapi kajian-kajian kaelmuan. Unggal Ahad isuk-isuk simkuring ngaluuhan pangaosan ahad di Masigit Al-Munawwarah (Yayasan Muthahhari Bandung). Ustadz Jalaluddin Rakhmat sareng Ustadz Miftah Fauzi Rakhmat nu sok ngeusi eta pangaosan. Mun ngiluan eta pangaosan karasana benten sabab kajian kaagamaanna wani ngaguar anu can kaguar atanapi anu teu wanieun diguar ku ajeungan atawa kiayi nu sanes.

Proses diajar nu kungsi kaalaman ku simkuring sami bae sareng nu sanes. Mimitian sakola SD, SMP, SMA, tuluy kuliah di UIN Bandung. Kuliah nyokot jurusan sajarah kabudayaan Islam. Teuing atuh naha beut milih eta jurusan. Dogeng na kieu, baheula taun 1999 basa keur daptar  lieur kudu milih naon. Mun ninggali lambaran brosur, kuring baheula lieur. Aya fakultas adab, syariah, tarbiyah, dakwah, jeung ushuluddin.  Maklum uing mah teu apal jadi wae milih nu wanoh; pendidikan agama Islam. Ngan hanjakal teu asup, tapi kenging tawaran milih ka jurusan nu sanes. Nya dipilih sajarah (sejarah peradaban Islam). Nuju masih ngeureuyeuh kuliah, jorojoy hayang pindah jurusan ka jurnalistik. Kusabab teu euweuh biaya keur ngiluan ujian deui, nya atuh tetep bae dina jurusan sajarah. 

Semester hiji dugi opat mah estuning ngeusian kelas hungkul. Babaturan uing nu lulusan pasantren tur rada calakan, ngomong kitu ka simkuring. Pedah uing ngan hungkul asup balik ulin bae. Tara ngilu aub diskusi ngenaan fikih, metodologi studi islam, ilmu kalam, ushul fikih, ulumul hadis, ulumul quran, hadis, quran, tasawuf, balaghah, basa Arab jeung nu sanes na nu aya kaitan na sareng pelajaran dirasah islamiyah. Lumayan lalulus oge dina eta kabeh pelajaran teh. Jigana mah kusabab rajin asup sareng jieun tugas bae. Bari jeung teu ngarti oge, ari lulus mah teu gegebeugan. Sieun kudu ngulang deui pan era ku adi kelas. 

Ngan ti semet semester lima dugi dalapan mah kuring rada rajin maosan tur daek diskusi. Kusabab pelajaranna geus mula ngajurus ka widang sajarah sareng elmu-elmu humaniora. Janten si kuring nu kapungkur kantos diajar IPS di SMA rada nyambung. 

Kitu deui kuring sok rajeun aub diskusi di Lembaga Pengkajian Ilmu Kaislaman [LPIK], orhanisasi mahasiswa di kampus. Lumayan, janten nambihan pangarti ngeunaan kaislaman. Lebeng atuh diajar agama atawa kaislaman nu dikelas mah. Lain ngarti, malihan mah ngangleus. 

Di LPIK eta kuring wawuh jeung jelema-jelema calakan sapertos Karl Marx, GWF Hegel, Michel Foucault, Gadamer, Habermas, Marshal GS Hodgson, Philip K. Hitti, William Chittik, jeung nu sejenna. 

Ari wawuh ka tokoh-tokoh Islam mah basa keur sok ulin ka perpustakaan. Harita mun rek ngadagoan sore sok ngahaja ulin ka perpustakaan. Di perpustakaan UIN SGD Bandung kuring ninggal buku judulna Islam Alternatif karya Jalaluddin Rakhmat nu biasa dicalukan Kang Jalal.

Eta buku eusina hebat. Ustadz Jalal. Kuring nyebat na kitu kulantaran takzim ka Anjeuna nu luhung ku elmu sarta pangarti hirup tur hurip. Ustadz Jalal kawilang jago ngabahasakeun nu kanggo simkuring mah hese kahartos. Ari maca ulasan atanapi pedaran Ustadz Jalal mah kuring sok janten ngarti. Kuring maos eta buku anggeus sapoe. Nginjeum berang, isukna geus dibalikeun jeung anggeus dibaca. Biasana hiji buku langka anggeus dibaca. Tapi maos eta buku mah dugi kantos tilu balikan. Perkawis Syiah anu mimiti terang ti buku Islam Alternatif. Sae pisan ngadugikeun sareng ngajentrekeun mazhab Syiah ku kalimah jeung ragumentasi anu kiat sacara akademik.   

Sobat kuring, Kang Wawan, nu osok ngiringan pangaosan di masigit Ustadz Jalal ngajak kuring ngaji kadinya. Ari baheula mah kuring can pati resep ngaji Sunni atau Syiah, karek sakali oge kadituna kuring hoream deui. Ngan ari maosan buku mah kalah nyandu. Sabab ti buku Islam Alternatif, kuring janten kataji maosan buku-buku karya Mulla Shadra, Murtadha Muthahhari jeung Ali Syariati.  Kusimkuring Ali Syariati mah dugi dijieun skripsi nu jejerna Konsep Sejarah Menurut Ali Syariati. Ngeunaan skripsi ieu kuring kantos milari bantosan kanggo buku ka orhanisasi Ustadz Jalal, teras ka Penerbit Mizan, ka ICC Jakarta. Sadayana anu disuhunkeun bantosan henteu masihan kaperyogian kuring sapertos buku jeung sajabina. 

Numutkeun simkuring nu kiwari digagas Jalaluddin Rakhmat dina ngawangun orhanisasi masyarakat Ikatan Jamaah Ahlulbait Indonesia (IJABI) kalebet gerakan Islam alternatif di nagari urang. Sim kuring ninggal langsung dina acara asyura jeung muludan, IJABI mah getol ngawinkeun budaya kasundaan jeung nilai-nilai Islam. Syair-syair ngeunaan kulawarga Nabi sareng pupujian kanggo Kangjeng Nabi ngagunakeun basa Sunda. Kuring langkung nyeureup mun ngalenyepanna. ***