Sabtu, 25 April 2015

Gerentes Kuring

Manusa mah kenging ku geuring. Kenging ku cape. Sanajan dipapaksa oge mun geus teu kabadanan mah bakal mopo. Kahayang eleh ku waruga. Sanajan adug glajeur kitu kieu, hut het kumaha oge mun geus taya pangawasa badan mah moal laju. Kusabab kitu urang kedah syukuran. Kedah seueur tumarima.

Ah teuing naon atuh ieu teh. Teu puguh kutratkotret. Tulas tulis bae. Ah nu penting mah aya anu diserat supados katinggal aya kahirupan. Pan kitu ari hirup mah. Cape, geunah. Bagja, cilaka, sareng sajabana.

Ceuk balad kuring anu resep udar ider: hirup ngadon nungguan paeh. Rek ngalakonan bae pastina bakal keuna ku paeh. Nya kitu mun dipikiran mah. Hayu ah urang leunyeupan *** (ahmad sahidin)